25/11/2025
Selamat Hari Guru Nasional
PENDIDIKAN ISLAM BERBASIS PONDOK PESANTREN SALAFIYAH
Tauhid : Abul Hasan al-asy'ary, abu Mansur al-ma'turidiy
Fiqh : Muhamad bin Idris Asy-Syafi'i
Tasawuf : imam al-junaidy, Hujjatul Islam Abdul Hamid Al-Ghozali
Selamat Hari Guru Nasional
Sejarah Singkat ponpes Sabilul huda KH. Ete Suherman
Persembahan dari Personalia Sabilul Huda.
Sabilul Huda
HASABDA (Himpunan Alumni Sabiilul Huda)
Dokumentasi ied adha 1445🙌
Momen Idul Adha ini menjadi pengingat untuk selalu bersyukur dan beramal saleh. Taqabbalallahu minna wa minkum! "
https://youtu.be/-D1OkR2U5UM?si=W2Ia4m4UprYCEa2h
Sekapur Sirih Pra-Reuni ke-24 oleh Sesepuh Pesantren
Sekapur Sirih Pra-Reuni ke-24 oleh Sesepuh Pesantren
*SAMBUT 10 HARI TERAKHIR RAMADHAN*
إذا لم نحسن الاستقبال فلنحسن الوداع
Jika kita belum mampu menyambut kedatangan dengan baik, maka kita persiapkan perpisahan ini dengan baik.
Salafus sholeh rahimahullah berkata:
العبرة بكمال النهايات لا بنقص البدايات
“Yang menjadi patokan itu adalah akhir yang sempurna, bukan permulaan yang penuh kekurangan.”
Sabda Nabi ﷺ:
« وَإِنَّمَا الأَعْمَالُ بِالْخَوَاتِيمِ »
“Sesungguhnya setiap amalan tergantung akhir (penghujung nya).” ( HR. Bukhari No: 6607)
Al-Hasan al-Bashri rahimahullah berkata:
أحسن فيما بقي يغفر لك ما مضى
فاغتنم ما بقي فلا تدري متى تدرك رحمة الله ربما تكون في آخر ساعة من رمضان
“Perbaikilah hari-hari yang tersisa ini semoga Allah mengampuni dosa-dosamu yang telah lalu...
Gunakan kesempatan yang tersisa ini karena kamu tidak tahu kapan kamu ’kan mendapati rahmat Allah, bisa jadi rahmat itu turun di saat akhir bulan Ramadhan ini...”
اللَّـهُـمَّ اخْـتِـمْ لَـنَا رَمَـضَانَ بِالْغُـفْـرَانِ وَالْعِـتْـقِ مِنَ النِّـيرَانِ
Ya Allah, tutuplah Ramadhan kami ini dengan ampunan dan terbebas dari siksa neraka.
*NUZUULUL QUR'AN*..
Geus kasawatara, dina bulan romadhon, umat islam geus biasa ngareuah-reuah ritual miéling nuzulul Qur'an kalawan rupa-rupa tingkah jeung cara seja ngagungkeun maleman anu dina éta maleman baheula dina mangsana al-Qur'an mimiti diturunkeunna dina éta tanggal. Sabenerna loba pisan vérsi dina nangtukeun iraha al-Qur'an mimiti diturunkeunna. Salah sahiji diantarana éta pendapat nyaéta aya nu nyebutkeun yén Al-Qur'an diturunkeunna dina tanggal 17 Romadhon. Sakumaha anu ditandeskeun dina ieu hadits:
عَنْ خَارِجَةَ بن زَيْدِ بن ثَابِتٍ عَنْ أَبِيهِ أَنَّهُ كَانَ يُحْيِي لَيْلَةَ ثَلاثٍ وَعِشْرِينَ مِنْ شَهْرِ رَمَضَانَ وَلَيْلَةَ سَبْعٍ وَعِشْرِينَ وَلا كَإِحْيَائِهِ لَيْلَةَ سَبْعَ عَشْرَةَ فَقِيلَ لَهُ كَيْفَ تَخُصُّ لَيْلَةَ سَبْعَ عَشْرَةَ ؟ فَقَالَ إِنَّ فِيهَا نَزَلَ الْقُرْآنُ وَفِي صَبِيحَتِهَا فُرِّقَ بَيْنَ الْحَقِّ وَالْبَاطِلِ وَكَانَ فِيهَا يُصْبِحُ مُبْهَجَ الْوَجْهِ. (رواه الطبراني)
"Katampi ti Khoorijah ibn Zaid ibn Tsaabit ti ramana, saéstuna anjeunna rajeun ngahirup-hirup atawa ibadah dina maleman ka dua puluh tilu jeung maleman dua puluh tujuh dina bulan Romadhon. Tapi teu saperti dina nalika mantenna ngahirup-hirup maleman ka tujuh welas. Anjeunna ditaros, ”naha anjeun ngakhususkeun maleman ka tujuh welas..?” Zaid nimbalan, “Dina itu maleman, al-Qurân diturunkeun tuluy dina isuk-isukna dipisahkeun antara anu haq jeung anu bathil..." (HR at-Thabrâny)
حَدَّثَنِي حَوْطٌ الْعَبْدِيُّ ، قَالَ : سَأَلْتُ زَيْدَ بن أَرْقَمَ عَنْ لَيْلَةِ الْقَدْرِ ؟ فَقَالَ مَا أَشُكُّ وَمَا أمتري أَنَّهَا لَيْلَةُ سَبْعَ عَشْرَةَ لَيْلَةَ نُزُولِ الْقُرْآنِ ، وَيَوْمَ الْتَقَى الْجَمْعَانِ. ( رواه الطبراني)
"Hauth al-‘Abdy nyaritakeun ka kaula. Anjeunna nyebutkeun. Kaula nanya ngeunaan lailautl qodr. Anjeunna ngajawab, kaula teu ragu turta teung mang-mang yén saenyana lailatul qodr nyaéta dina tanggal tujuh welas, maleman turunna al-Qur'an jeung poéan dimana patepungna dua pasukan." (HR at-Thabrâny)
Nurutkeun para ulama marantenna nyatujuan, yén dina tanggal 17 romadhon al-Qur'an diturunkeun. Sakumaha Syékh Nawawi al-Bantany nyebutkeun:
إلى أن أتاه صريح الحق منه ووافاه وذلك (إتيان صريح الأمر المحقق) في يوم الإثنين سبع عشرة (ليلة) خلت (مضت) من شهر الليلة القدرية (وهو رمضان الذي تكون فيه القدر غالبا)
…..Nepi ka mantenna narima bebeneran anu nyata (wahyu) dina poé Senén tanggal 17 Romadhon, dina peutingan lailatul qodar.
Miéling Nuzuulul Qur'aan anu geus masyhur dikalangan masyarakat nyaéta tradisi anu nanjer di masyarakat. Sapagodos jeung hasdit anu parantos didugikeun ku shohabat Zaid bin Tsabit anu diriwayatkeun ku Imam Thobroni. Al-Qur'an dina dasarna nyaéta wahyu anu pangistiméwana anu dipaparin ku Alloh SWT ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, mangka geus sakuduna urang sing bagja tina ayana éta rohmat anu dipaparin ka kanjeng Nabi Muhammad SAW turta umumna ka urang sakumna. Dawuhan Alloh SWT dina Al-Qur'an surat Yunus ayat 58 anu pihartieunna: "Béjakeun ku anjeun, kalawan kurnia Alloh jeung kalawan rohmat-Na, sawadina ku éta kurnia jeung rohmat-Na maranéhna sing barungah. Kurnia Alloh jeung rohmat-Na téh ,éta leuwih hadé batan perkara anu dikumpul-kumpul ku maranéhna." (QS. Yûnus ayat 58).
Dina hijining hadits diriwayatkeun:
عن أبي قتادة الأنصاري رضي الله عنه أن رسول الله صلى الله عليه و سلم سئل عن صوم الإثنين فقال : فِيهِ وُلِدْت وَفِيهِ َأُنْزِلَ عَلَيَّ. (رَوَاهُ مُسْلِمٌ و أبو داود و أحمد).
“Katampi ti Abi Qotadah al-Anshoriy, saéstuna Rosuulullooh SAW ditaros ngeunaan puasa dina poé senén. Tuluy mantenna SAW ngadawuh: "Dina éta poé kami dibabarkeun jeung dina éta poé kami meunang wahyu.” (HR. Muslim, Abu Dawud jeung Imam Ahmad).
Jadi jelas ogé, kasimpulan tina hadits diluhur munggaran, yén Kanjeng Nabi SAW ogé miéling/ngarayakeun turunna wahyu kalawan ku puasa. Sok sanajan Kanjeng Nabi Muhammad SAW miélingna maké cara puasa ,tuluy urang-urang miélingna kalawan maké rupa-rupa cara masing-masing saperti anu geus ka maklum. Misalna di eusianna ku pembacaan ayat suci al-Qur'an, ngajak kana napakuran tur ngamalkeun kana ajaran al-Qur'an. Inti tina miélingna Nuzulul Qur'an nyaéta nuduhkeun kana rasa kagumbiraan urang-urang ku turunna al-Qur'an anu mangrupakeun mu'jizat anu istiméwa turta mangrupa pituduh pikeun sakumna umat islam dina ngajalankeun syaré'at anu jadi sarana pikeun ibadah ka Alloh SWT. Ku miélingna Nuzulul Qur'an, mangka urang ogé sing bisa mipit hasil kana jadi niléyna ibadah anu aya dina jero éta acara nuzulul qur'an. Saperti halna tuladan abu ditepikeun ku shohabat. Jeung mun seug disebutkeun mah éta pangéling téh nyaéta bid'ah, mangka kagolong bid’ah anu hasanah ku ningali eusi jeung makna tina éta perayaan nuzulul Qur'an, nyaéta ku rupa-rupa ibadah anu dimanfaatkeun ku urang ngajadi cara kana miélingna.
معنى نزول القرآن :وَقَالَ الشَّعْبِيّ : الْمَعْنَى إِنَّا اِبْتَدَأْنَا إِنْزَاله فِي لَيْلَة الْقَدْر . وَقِيلَ : بَلْ نَزَلَ بِهِ جِبْرِيل عَلَيْهِ السَّلَام جُمْلَة وَاحِدَة فِي لَيْلَة الْقَدْر , مِنْ اللَّوْح الْمَحْفُوظ إِلَى سَمَاء الدُّنْيَا , إِلَى بَيْت الْعِزَّة , وَأَمْلَاهُ جِبْرِيل عَلَى السَّفَرَة , ثُمَّ كَانَ جِبْرِيل يُنْزِلهُ عَلَى النَّبِيّ صَلَّى اللَّه عَلَيْهِ وَسَلَّمَ نُجُومًا نُجُومًا . وَكَانَ بَيْن أَوَّله وَآخِره ثَلَاث وَعِشْرُونَ سَنَة،،
وأما ليلة القدر : قَالَ : لَيْلَة الْحُكْم . وَالْمَعْنَى لَيْلَة التَّقْدِير ; سُمِّيَتْ بِذَلِكَ لِأَنَّ اللَّه تَعَالَى يُقَدِّر فِيهَا مَا يَشَاء مِنْ أَمْره , إِلَى مِثْلهَا مِنْ السَّنَة الْقَابِلَة ; مِنْ أَمْر الْمَوْت وَالْأَجَل وَالرِّزْق وَغَيْره . وَيُسَلِّمهُ إِلَى مُدَبِّرَات الْأُمُور , وَهُمْ أَرْبَعَة مِنْ الْمَلَائِكَة : إِسْرَافِيل , وَمِيكَائِيل , وَعِزْرَائِيل , وَجِبْرِيل . عَلَيْهِمْ السَّلَام .
وَعَنْ اِبْن عَبَّاس قَالَ : يُكْتَب مِنْ أُمّ الْكِتَاب مَا يَكُون فِي السَّنَة مِنْ رِزْق وَمَطَر وَحَيَاة وَمَوْت , حَتَّى الْحَاجّ . قَالَ عِكْرِمَة : يُكْتَب حَاجّ بَيْت اللَّه تَعَالَى فِي لَيْلَة الْقَدْر بِأَسْمَائِهِمْ وَأَسْمَاء أَبَائِهِمْ , مَا يُغَادِر مِنْهُمْ أَحَد , وَلَا يُزَاد فِيهِمْ وَقِيلَ : إِنَّمَا سُمِّيَتْ بِذَلِكَ لِعِظَمِهَا وَقَدْرهَا وَشَرَفهَا , مِنْ قَوْلهمْ : لِفُلَانٍ قَدْر ; أَيْ شَرَف وَمَنْزِلَة . قَالَهُ الزُّهْرِيّ وَغَيْره . وَقِيلَ : سُمِّيَتْ بِذَلِكَ لِأَنَّ لِلطَّاعَاتِ فِيهَا قَدْرًا عَظِيمًا , وَثَوَابًا جَزِيلًا .
وغير ذلك....من تأويل العلماء الأسلام
تفسير القرطببي سورة القدر
Al-Qur'an diturunkeun kalawan dina 3 tahap:
1. Al-Qur'an diturunkeun kalawan sakaligus ka Lauhul Mahfudz ku cara anu ngan wungkul Alloh anu Maha Uninga jeung jalma-jalma dikersakeun-Na. Dina prosés awal, al-Qur'an diturunkeun dina sahiji kumpulan (جملة واحدة). Sedengkeun hikmahna nyaéta ngarah umat manusa daék ariman, yakin kana wujudna Lauhul Mahfudz anu jadi bukti kana Kakawasaanna Alloh sarta tetep hadé sangka kana sagala katangtuan ti Alloh SWT (Turunna al-Quran teu langsung ka Kanjeng Nabi SAW ,tapi ka Lauhul Mahfudz heula). Dalil kana turunna ieu al-Qur'an tahap pertama téh nyaéta aya dina QS. Al Buruj ayat 21 nepi ka ayat 22 anu hartina:
"Malahan anu dibohongkeun ku maranéhna nyaéta al-Qur'an anu mulya, anu (aya) di Lauhul Mahfudz." (QS. al-Buruuj ayat 21-22).
2. Al-Qur'an diturunkeun ti Lauhil Mahfudz ka langit dunya (baitul ‘izzah). Ngeunaan hal ieu aya tilu pendapat:
👉 Al-Qur'an diturunkeun sakaligus ka langit dunya dina waktu maleman qodar (lailatul qodar), tuluy diturunkeun sacara bertahap dina waktu 20, 23 atawa 25 taun. Perbédaanna ieu jumlah sabab ayana perbédaan ngeunaan sabaraha lilana Nabi SAW di Mekkah sabada kanabian.
👉 Al-Qur'an diturunkeun ka langit dunya salila 20 kali maleman lailatul qodar dina waktu 20 taun. Aya anu nyebutkeun salila 23 kali maleman qodar dina mangsa 23 taun, aya deui anu nyebutkeun salila 25 kali dina maleman qodar dina waktu 25 taun. Tuluy al-Qur'an diturunkeun sacara bertahap ka Rosuulullooh SAW dina mangsa taunna.
👉 Al-Qur'an pertama pisan diturunkeunna dina maleman qodar. Tuluy sabadana kitu turun sacara bertahap dina waktu 23 taun. Tuluy diturunkeun sacara bertahap dina waktu anu béda-béda.
Mayoritas ulama satuju kana pendapat kahiji, sabab leuwih masyhur jeung bukti pangshohéhna. Bari dirojong ku sababaraha dalil diantarana QS. ad-Dukhon ayat 1-3. Jeung QS. Al-Qodr ayat 1. Ogé QS. al-Baqoroh ayat 185.
Tah jadi jelas, yén al-Qur'an diturunkeun dina hiji peuting anu pinuh kabarokahab, sakumaha dina al-Qur'an surat ad Dukhon. Éta maleman téh disebut ku Lailatul Qodr sakumaha nu dijelaskeun dina surat al-Qodr dina ayat 1 anu pas dina bulan romadhon saperti anu dijelaskeun deui dina surat al-Baqoroh. Kitu deui geus pada maklum, al-Qur'an diturunkeun ka Kanjeng Nabi SAW téh sacara bertahap ti mimiti mantenna diangkat jadi Nabi nepi ka wafatna. Ku halna kitu, anu dimaksud dina éta 3 ayat diluhur téh tangtuna lain turunna al-Qur'an ka Nabi, tapi turunna al-Qur'an ka langit dunya sakumaha anu diterangkeun dina ieu hadits:
عن ابن عباس انه قال فصّل القرآن من الذكر فوضع في بيت العزة من السماء الدنيا فجعل الجبريل ينزل به على النبي.. (رواه الحاكم )
"Ibnu Abbas misaur: al-Qur'an dipisahkeun ti ad-dzikr tuluy diteundeun di baitul ‘izzah di langit dunya, tuluy dibawa ku Malak Jibril (diturunkeun) ka Nabi SAW." (HR. Hakim).
عن ابن عباس قال أنزل القرآن في ليلة القدر في شهر رمضان إلى سماء الدنيا ليلة واحدة ثم أنزل نجوماً. (أخرجه الطبراني و إسناده لا بأس به)
"Katampi ti ibn ‘Abbâs anjeunna misaur, “Al-Qur'an diturunkeun dina maleman qodr di bulan Romadhon ka langit dunya dina waktu sapeuting ,tuluy diturunkeun sacara bertahap." (HR. at-Thobrony)
عن ابن عباس قال أنزل القرآن جملة واحدة حتى وضع في بيت العزة في السماء الدنيا ونزله جبريل على محمد بجواب كلام العباد وأعمالهم. (أخرجه الطبراني والبزار)
"Katampi ti ibn ‘Abbas anjeunna misaur, “Al-Qur'an diturunkeun sakaligus sahingga diteundeun di baitul ’izzah di langit dunya. Tuluy Jibril as. nurunkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW dina ngajawab pertanyaan para hamba turta lampahna éta pirang-pirang hamba". (HR. at-Thabrâny dan al-Bazzâr)
Ari hikmah al-Qur'an diturunkeun kalawan sakaligus ka langit dunya nyaéta ngagungkeun niléy al-Qur'an jeung Nabi anu dipaparin wahyu sakaligus jadi warta ka sakumna penduduk langit yén ieu kitab téh kitab anu terakhir diturunkeun.
👉 Al-Qur'an diturunkeun ka Nabi sacara bertahap ti langit dunya ngaliwatan perantara Malak Jibril ti mimiti tanggal 17 Romadhon (nurutkeun sawaréhna pendapat). Ieu pendapat téh dumasar katerangan ayana dawuhan Alloh QS. As Syu’aro’ ayat 193-195.
أشار الكتاب الكريم إلى زمان نزول القرآن على رسوله صلى الله عليه وسلم فى أربعة مواضع من كتابه الكريم، والقرآن يفسر بعضه بعضا.
(1) فى سورة القدر: «إِنَّا أَنْزَلْناهُ فِي لَيْلَةِ الْقَدْرِ» .
(2) فى سورة الدخان: «حم وَالْكِتابِ الْمُبِينِ إِنَّا أَنْزَلْناهُ فِي لَيْلَةٍ مُبارَكَةٍ إِنَّا كُنَّا مُنْذِرِينَ. فِيها يُفْرَقُ كُلُّ أَمْرٍ حَكِيمٍ. أَمْراً مِنْ عِنْدِنا إِنَّا كُنَّا مُرْسِلِينَ. رَحْمَةً مِنْ رَبِّكَ إِنَّهُ هُوَ السَّمِيعُ الْعَلِيمُ» .
(3) فى سورة البقرة: «شَهْرُ رَمَضانَ الَّذِي أُنْزِلَ فِيهِ الْقُرْآنُ هُدىً لِلنَّاسِ وَبَيِّناتٍ مِنَ الْهُدى وَالْفُرْقانِ» .
(4) فى سورة الأنفال: «وَاعْلَمُوا أَنَّما غَنِمْتُمْ مِنْ شَيْءٍ فَأَنَّ لِلَّهِ خُمُسَهُ وَلِلرَّسُولِ وَلِذِي الْقُرْبى وَالْيَتامى وَالْمَساكِينِ وَابْنِ السَّبِيلِ، إِنْ كُنْتُمْ آمَنْتُمْ بِاللَّهِ وَما أَنْزَلْنا عَلى عَبْدِنا يَوْمَ الْفُرْقانِ يَوْمَ الْتَقَى الْجَمْعانِ، وَاللَّهُ عَلى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيرٌ» .
فآية القدر صريحة فى أن إنزال القرآن كان فى ليلة القدر، وآية الدخان تؤكد ذلك وتبين أن النزول كان فى ليلة مباركة، وآية البقرة ترشد إلى أن نزول القرآن كان فى شهر رمضان، وآية الأنفال تدل على أن إنزال القرآن على رسوله كان فى ليلة اليوم المماثل ليوم التقاء الجمعين فى غزوة بدر، التي فرق الله فيها بين الحق والباطل، ونصر حزب الرحمن على حزب الشيطان، ومن ذلك يتضح أن هده الليلة هى ليلة الجمعة لسبع عشرة خلت من شهر رمضان.
Al-Qur'an méré isyarat kana mangsa turunna al-Qur'an ka Rosul-Na kana opat bahasan, anu masing-masingna silih mertélakeun. Mangka ayat al-Qodr nandeskeun yén turunna al-Qur'an téh dina maleman lailatul Qodar, ayat ad-Dukhon nerangkeun yén turunna al-Qur'an téh dina maleman anu dibarokahan. Ayat anu aya dina surat al-Baqoroh nuduhkeun yén al-Qur'an turun dina bulan romadhon. Ayat dina surat al-Anfal nuduhkeun yén turunna al-Qur'an téh dina poéan anu sarua (ngaran poéna) jeung poéan amprékna dua pasukan dina waktu perang badar, anu dina éta poé téh Alloh misahkeun anu haq jeung anu bathil, mangka jelas, dina éta maleman téh nyaéta malem jumat tanggal 17 romadhon.
أَوَقَعَفِي قَلْبِي الشَّكُ قَوْلُهُ تَعَالَى - شَهْرُ رَمَضَانَ الَّذِي أُنْزِلَفِيْهِ اْلقُرْآنُ- وَقَوْلُهُ : إِنَّا أَنْزَلْنَاهُ فِيْ لَيْلَةِ القَدْرِوَهذَا أُنْزِلَ فِي شَوَّالٍِ وَذِي القَعْدَةِ وَذِي الحِجَّةِ وَفِيالمُحَرَّمِ وَالصَّفَرِ وَشَهْرِ رَبِيْعٍ، فَقَالَ ابْنُ عَبَّاسٍ: إِنَّهُأُنْزِلَ فِي رَمَضَانَ فِي لَيْلَةِ القَدْرِ جُمْلَةً وَاحِدَةً ثُمَّ أُنْزِلَعَلَى مَوَاقِعِ النُّجُومِ رَسَلاً فِي الشُّهُورِ وَالأَيَّامِ.
- Kitab Al Itqon fii 'Uluumil Qur'an, Halaman 118.
Ngeunaan masalah papaés dina Al-Qur'an diantarana nyaéta:
1. PERKARA DITURUNKEUNNA.
Al-Qur’an téh nyaéta kitab suci nu paling akhir diturunkeun. Tur moal aya deui kitab suci séjén nu nandingan kana kamasyhuranana dina sajarah. Lian ti éta ogé Al Qur'an téh kacida gedé pangaruhna kana kairupan manusa.
Ku sabab kitu, maka pikeun sakumna jalma nu ngaku mukmin ogé muslim, dina enggoning neuleuman eusining kitab suci ieu. Kacida kudu jeung pereluna, malah bisa disebut wajib. Sabab tingkah ieu téh mangrupakeun pangabutuh dina enggoning ngajadikeun Al-Qur’an mangrupakeun pedoman hirup.
Geusan nungtun, tur méré obor pileumpangan diri urang dina ngeusian kahirupan di ieu alam dunya jeung keur sasadiaan bekel keur kahirupan jaga di akhérat. Fungsi jeung gunana kacida lengkepna keur bekel kahirupan. Diantarana nyaéta pikeun méré pépéling jeung panggeuing, ka sakumna kaum Mukminin.
“Al-Qur’an di bawa ku Ruhul Amin kana jero haté anjeun (Muhammad) sangkan anjeun jadi salah saurang ti antara jalma-jalma nu maparin pépéling”. (QS. Al-Syu’ara, 26:193-4).
2. RIWAYAT BACAAN AL-QUR'AN.
Imam Qodhi Jalaluddin Al-Bulqini mituturan: "Bacaan Al-Qur'an téh kabagi kana 3 riwayat:
1. Mutawatir, nyaéta bacaan anu ditukil ku jalma loba anu teu mungkin marantenna ngayakeun kompromi atawa rempugan pikeun nyieun kabohongan ti sasamana nepi ka akhir sanad. Sakumaha dina Qiro'ah Sab'ah.
2. Ahad, nyaéta bacaan anu sah sanadna tapi nyulayaan kana tulisanna atawa kana aturan bahasa Arabna. Sakumaha Qiro'atna tilu jalma anu nyampurnakeun Qiro'ah Asyroh, nyaéta: Ya'qub, Abu Ja'far, jeung Kholaf bin Hisyam.
3. Syadz, nyaéta bacaan anu sanadna dho'if atawa ghorib
sahingga teu masyhur, sakumaha qiro'atna para Tabi'in, saperti: A'masy, Yahya bin Watsab, Ibnu Jubair. Leuwih alus deui dina pembahasan ieu nyaéta ceuk Imam Qiro'ah di zamanna, ogé guruna guru-guru urang sadayana: Abul Khoir Ibnul Jazary dina muqoddimah kitabna "An-Nasyr". Tiap bacaan anu cocok jeung bahasa Arab sanajan dina sawajah anu Dhoif jeung cocok sanadna, mangka mangrupakeun bacaan anu sah teu meunang
ditolak jeung teu halal di ingkaran. Malahan éta bacaan téh mangrupa huruf tujuh (tujuh wajah) anu diturunkeun ku éta huruf jeung wajib ditarima ku sakabéh manusa boh ti Imam bacaan anu tujuh, Imam anu sapuluh atawa tinu séjenna (Imam anu bisa ditarima bacaanna). Nalika salah sahiji tina nu 3 bagian tadi cacad, mangka éta bacaan dhoif, syadz atawa batal rék ti Qiro'at Sab'ah atawa luhureunna. Nurutkeun Ibnu Jazary, ieu téh nyaéta pendapat anu bener nurutkeun
ﺃﺋﻤﺔ ﺍﻟﺘﺤﻘﻴﻖ ﻣﻦ ﺍﻟﺴﻠﻒ ﻭﺍﻟﺨﻠﻒ.
Mushhaf Utsmani hartina Mushhaf anu penulisanna diparéntah ku Kholifah Utsman ra. Jumlahna aya 6.
1. Pikeun urang Makkah.
2. Pikeun urang Syam.
3. Pikeun urang Bashroh.
4. Pikeun urang Kuffah.
5. Pikeun urang Madinah
sacara umum
6. Pikeun dirina sorangan anu.
dingaranan ﺍﻻﻣﺎﻡ.
Nurutkeun Qil aya 8 ku cara nambahkeun
7. Mushhaf Bahroin.
8. Mushhaf yaman.
Nurutkeun Qil, Utsman ngirim Mushhaf éta ka Mesir. Kaloyogan bacaan maké tulisan, éta aya 2.
1. Cocok sacara nyata, contona
ﻣﻠﻚ ﺍﻟﻨﺎﺱ..
2. Cocok sacara kira-kirana, conto
ﻣﻠﻚ ﻳﻮﻡ ﺍﻟﺪﻳﻦ..
Tuluy deui ari ganyahokeun Wakof jeung Ibtida' nyaéta ngabutuhkeun Fan/élmu anu penting, sabab ku éta perkara téh makna al-Qur'an bisa dikanyahokeun. Ibnu Umar mituturan: "Nyata urang hirup téh karék sakeudeung, jeung nyata salah sahiji ti urang-urang téh dibéré iman saméméh Qur'an jeung surat-surat laju diturunkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, geus kitu mah urang-urang téh diajar halal-haramna, kecap-kecap anu dimeunangkeun pikeun diwakofkeun sakumaha aranjeun kabéh dialajar Qur'an ayeuna. Jeung nyata ayeuna kuring ningali loba jalma anu diantara maranéhna téh aya anu dibéré Qur'an saméméh iman sahingga macana mimiti ti awal nepi ka khotam tapi teu ngarti kana paréntah, kana larangan jeung kana tempat-tempat anu meunang diwakofkeun."
Hadits éta téh nuduhkeun yén, para Shohabat diajar kana waqof-waqof sakumaha marantenna diajar Al-Qur'an.
Ibnu Anbary mituturan: "Kaasup kasampurnaan diajar al-Quran nyaéta mikanyaho kana waqof jeung Ibtida'.
Alloh SWT ngadawuh :
ﻭَﺭَﺗِّﻞِ ﺍﻟْﻘُﺮْﺀَﺍﻥَ ﺗَﺮْﺗِﻴﻠًﺎ..
"Perjelas Al Qur'an kalawan sajelas-jelasna".
ﺍﻟﺘﺮﺗﻴﻞ ﺗﺠﻮﻳﺪ ﺍﻟﺤﺮﻭﻑ ﻭﻣﻌﺮﻓﺔ ﺍﻟﻮﻗﻮﻑ.
Tartil nyaéta memener huruf-huruf jeung mikanyaho kana waqof-waqof.
Kaasup fungsi mikanyaho waqof nyaéta: sabab euweuh jalma anu mampuh maca sa-surat atawa carita (Qishoh) dina sa-nafas, sahingga wajib mikanyaho kana waqof-waqof pikeun ngarénghap nafas. Sabab pentingna éta fan/élmu , mangka para guru teu kumawani ngaijazahan murid-murid anu can nyaho kana éta fan.
Dina waqof téh aya 3 istilah:
1. Qoth'u/ ﻗﻄﻊ nyaéta megatkeun bacaan tanpa ayana tujuan nuluykeun.
2. Waqf/ﻭﻗﻒ nyaéta megatkeun bacaan dina waktu anu cukup pikeun narik nafas.
3. Sakat/ﺳﻜﺖ nyaéta megatkeun bacaan tanpa narik nafas.
Tapi ieu saktah kaasup dina kategori washol keneh.
Waqof aya 4.
1. Tam/ﺗﺎﻡ : Hiji huruf anu alus jang wakof jeung ngamimitian maca deui ku huruf anu saterusna. Jeung teu aya hubungan jeung huruf anu saenggeusna. Ieu Wakof teh nyaeta waqof anu kapilih.
2. Kaf/ﻛﺎﻑ : Sarua jeung tam, tapi masih aya hubungan jeung huruf nu saterusna. Ieu Wakof hukumna jaiz
3. Hasan/ﺣﺴﻦ : Hiji huruf anu alus wakof tapi teu alus mun seug ngamimitian deui maca ku huruf anu sanggeusa. Ieu Wakof téh geus ngaberitakeun harti anu bisa dipaham.
4. Qobih/ﻗﺒﻴﺢ : Nyaéta wakof anu ti dirina teu bisa dipaham ma'nana. Wakof ieu mah sakuduna ditinggalkeun.
5. Jsb..
Pikeun para Qori' anu masih kénéh ngarasa kahéséan pikeun nganyahokeunna susunan kata/I'rob al-Qur'an, bisa nyekel kana isyaroh anu dipaké pikeun tanda waqof atawa washol anu geus dipasang ku para ulama- ulama qiro'at.
Sajarah diayakeunna waqof sakumaha dina ieu katerangan:
}ﻓﺎﺋﺪﺓ{ ﻣﺎ ﺍﺛﺒﺖ ﻓﻰ ﺍﻟﻤﺼﺤﻒ ﺍﻻﻥ ﻣﻦ ﺍﺳﻤﺎﺀ ﺍﻟﺴﻮﺭ ﻭﺍﻻﻋﺸﺎﺭ ﺷﻴﺊ ﺍﺑﺘﺪﻋﻪ ﺍﻟﺤﺠﺎﺝ ﻓﻰ ﺯﻣﻨﻪ )ﻗﻮﻟﻪ ﺷﻴﺊ ﺍﺑﺘﺪﻋﻪ ( ﻛﺎﻥ ﺍﻟﻘﺮﺃﻥ ﺍﻟﺬﻯ ﻛﺘﺐ ﺑﺄﻣﺮ ﺳﻴﺪﻧﺎ ﻋﺜﻤﺎﻥ
ﺭﺿﻰ ﺍﻟﻠﻪ ﻋﻨﻪ ﻳﺴﻤﻰ ﻣﺼﺤﻒ ﺍﻻﻣﺎﻡ ﻏﻴﺮ ﻣﺸﻜﻮﻝ ﻭﻻ ﻣﻨﻘﻮﻁ ﻭﺫﻟﻚ ﻟﺘﻴﺴﻴﺮ ﻗﺮﺍﺀﺗﻪ ﻋﻠﻰ ﺍﻻﻭﺟﻪ ﺍﻟﺘﻰ ﺻﺢ ﺳﻤﺎﻋﻬﺎ ﻋﻦ ﺍﻟﻨﺒﻰ ﺻﻠﻰ ﺍﻟﻠﻪ ﻋﻠﻴﻪ ﻭﺳﻠﻢ ﻣﻦ ﺍﻟﻘﺮﺍﺁﺕ ﺍﻟﻤﺘﻮﺗﺮﺓ ﺍﻟﻤﻮﺍﻓﻘﺔ ﻟﺮﺳﻢ ﺍﻻﻣﺎﻡ ﺍﻟﺘﻰ ﻻﻳﺘﻌﺎﺭﺽ ﻣﻌﻨﻰ ﺍﻟﻘﺮﺃﻥ ﻋﻠﻴﻬﺎ ﻛﻘﻮﻟﻪ ﺗﻌﺎﻟﻰ : ﻭَﻣَﺎ ﺭَﺑُّﻚَ
ﺑِﻐَﺎﻓِﻞٍ ﻋَﻤَّﺎ َﺗﻌْﻤَﻠُﻮﻥَ، ﻗﺮﺉ ﺑﺎﻟﺘﺎﺀ ﻭﺑﺎﻟﻴﺎﺀ ﻟﻜﻦ ﻟﻤﺎ ﺩﺧﻞ ﺍﻻﻋﺎﺟﻢ ﻓﻰ ﺍﻻﺳﻼﻡ ﻭﻓﺸﺎ ﺍﻟﻠﺤﻦ ﻓﻰ ﺍﻻﻟﺴﻨﺔ ﻗﺎﻡ ﺍﺑﻮ ﺍﻻﺳﻮﺩ ﺍﻟﺪﺅﻟﻰ ﺑﻤﻬﻤﺔ ﺿﺒﻄﻪ ﻓﻮﺿﻊ ﻟﻠﻨﺎﺱ ﻋﻼﻣﺎﺕ ﻓﺠﻌﻞ ﺍﻟﻔﺘﺤﺔ ﻧﻘﻄﺔ ﻋﻠﻮﻳﺔ ﻭﺍﻟﻜﺴﺮﺓ ﻧﻘﻄﺔ ﺳﻔﻠﻴﺔ ﻭﺍﻟﻀﻤﺔ ﺍﻟﻰ ﺍﻟﺠﺎﻧﺐ ﻭﺍﻟﺘﻨﻮﻳﻦ، ﻟﻜﻦ ﻫﺬﻩ ﺍﻟﻄﺮﻳﻘﺔ ﻟﻢ ﺗﻜﻦ ﻛﺎﻓﺔ ﻟﻸﻟﺴﻨﺔ ﻋﻦ ﺍﻟﺨﻄﺄ ﻓﺪﻋﺎ ﺫﻟﻚ ﺍﻟﻰ ﻧﻘﻂ ﺍﻟﺤﺮﻭﻑ ﻭﺷﻜﻠﻬﺎ ﻭﺗﻘﺴﻢ ﺍﻟﻘﺮﺍﻥ ﻟﻴﺴﻬﻞ ﺣﻔﻈﻪ ﻓﻘﺎﻡ ﺑﺬﻟﻚ ﻧﺼﺮ ﺑﻦ ﻋﺎﺻﻢ ﻭﺍﻟﺤﺠﺎﺝ ﻭﺍﻟﺨﻠﻴﻞ ﺑﻦ ﺍﺣﻤﺪ ﺍﻟﻔﺮﺍﻫﻴﺪﻯ. ﻭﻟﻢ ﻳﺰﻝ ﺍﻟﺤﻔﺎﻅ ﻭﺍﻟﻘﺮﺍﺀ ﻳﻌﺘﻨﻮﻥ ﺑﺎﻟﻘﺮﺍﻥ ﺑﺎﻟﻔﺼﻞ ﺑﻴﻦ ﺍﻳﺘﻪ ﻭﺑﻴﺎﻥ ﻋﻼﻣﺎﺕ ﺍﻟﻮﻗﻒ ﻭﺍﻻﺑﺘﺪﺍﺀ ﻭﻏﻴﺮ ﺫﻟﻚ ﻣﻤﺎ ﻳﻌﻴﻦ ﻋﻠﻰ ﺍﺣﻜﺎﻡ ﺗﻼﻭﺗﻪ. )ﻓﻴﺾ ﺍﻟﺨﺒﻴﺮ ﺹ 20-19 (
Ulama' qiro'at ngabogaan sababaraha pilihan dina wakof jeung ibtida'
1. Imam Nafi' milih kasaluyuanna.
2. Ibnu Katsir jeung Hamzah wakof nalika nafas béak.
3. Ashim jeung Kisa'i wakof dina sampurnana kalam.
4. Ibnu Amr i'timad dina akhir ayat. Jeung mantenna nganyatakeun "ieu anu ku kaula dipikaresep."
Sabagian ulama aya deui anu nganyatakeun sunat wakof dina tung-tung ayat, tafa'ul kana hadits Imam Baihaqi:
ﻋﻦ ﺃﻡ ﺳﻠﻤﺔ ﺍﻥ ﺍﻟﻨﺒﻲ ﺻﻠﻰ ﺍﻟﻠﻪ ﻋﻠﻴﻪ ﻭﺳﻠﻢ ﻛﺎﻥ ﺍﺫﺍ ﻗﺮﺃ ﻗﻄﻊ ﻗﺮﺍﺀﺗﻪ ﺍﻳﺔ ﺍﻳﺔ ﻳﻘﻮﻝ ﺑﺴﻢ ﺍﻟﻠﻪ ﺍﻟﺮﺣﻤﻦ ﺍﻟﺮﺣﻴﻢ ﺛﻢ ﻳﻘﻒ ﺍﻟﺤﻤﺪ ﻟﻠﻪ ﺭﺏ ﺍﻟﻌﺎﻟﻤﻴﻦ ﺛﻢ ﻳﻘﻒ ﺍﻟﺮﺣﻤﻦ ﺍﻟﺮﺣﻴﻢ ﺛﻢ ﻳﻘﻒ.
Nurutkeun Imam Ashim yén hadits téh lain keur ngajelaskeun waqof, tapi hadits éta mah Rosuulullooh SAW ngajarkeun Fatihah ka para Shohabat yén eureunna éta téh mangrupa dina tungtung ayat.
3.QIRO'ATUS SAB'AH.
Aya dua pendapat anu kuat.
1. Nyaéta aya 7 rupa bahasa tina bahasa-bahasa arab ngeunaan hiji makna : Quraisy, Hudzail, Saqif, Hawazin, Kinanah, Tamim, jeung Yaman.
Diupamakeun mah saperti kieu ,mun kecap SUSU ngagunakeun éjaan anu heubeul bahasa Indonesia mangka jadi "SOESOE" ku éjaan anu tos disampurnakeun jadi "SUSU" lafadzna béda tapi sora sarua. Mangka Tulisan "Soesoe" dirubah jadi "Susu" tulisanna jadi robah tapi bacaanna mah tetep sarua. Padahal Bahasa Indonésia téh nyaéta Bahasa Pemersatu Bangsa.
Hikmah diturunkeunna Al-Qur’an ku tujuh huruf diantarana nyaéta :
1. Ngagampilkeun bacaan jeung hafalan jang nu bangsa ummi.
2. Bukti kamukjizatan Al-Qur’an tina sisi kabahasaan urang Arab jeung Kamukjizatan dina aspék makna jeung hukum ( éta tujuh huruf téh bisa méré déskripsi hukum anu dikandung Al-Qur’an kalawan leuwih komprehénsif jeung universal). Qiro`ah Sab`ah nyaéta Qiro`ah Utsmani.
Pendapat anu pangmasyhurna ngeunaan nafsiran éta "Tujuh Huruf " nyaéta pendapat Ar-Rozi anu dikuatan ku Az-Zarkani jeung didukung ku jumhur Ulama. Tah ieu 7 Imam anu parantos teu diragukeun deui kamasyhuranna:
1. Ibnu Amir (wafat 118 H) Jenenganna nyaéta Abdulloh Al-Yuhsibi, kungsi ngajabat janten qodhi di Damsyiq dina mangsa pamaréntahan Al-Walid bin Abdul Mulk. Mantenna dipaparin nami panggilan ku Abu Imron. Mantenna saurang tabi’in anu nyandak qiro'ah ti Mughiroh bin Abi Syihab Al-Makhzumi, ti Utsman, ti Rosuulullooh.anu terkenal ngariwayatkeun qiro’ahna nyaéta Hisyam jeung Ibnu Dzakwan. Mu'allif kitab Asy-Syathibiyyah nyarioskeun: “Anapon Damsyiq nyaeta hiji kampung (nagri) Ibnu Amir. Sedengkeun Hisyam jeung Dzakwan nyaéta dua urang anu ngariwayatkeun qiro’ahna.”
2. Ibnu Katsir (wafat 120 H) Jenengan lengkepna nyaéta Abu Muhammad Abdulloh Ibnu Katsir Ad-Dariy Al-Makiyyi. Mantenna nyaeta Imam dina hal ngeunaan qiro’ah di Mekkah. Mantenna saurang tabi’in jeung pernah jumeneng dizaman shohabat Abdulloh bin Zubair, Abu Ayyub Al-Anshori jeung Anas bin Malik. Anu kawéntar ngariwayatkeun kana qiro’ahna, nyaéta Al-Bazzi (wafat 250 H) jeung Qunbul (wafat 291 H) mu'allif kitab Asy-Syathibiyyah nyarioskeun: “Mekkah téh lemburna Abdulloh Ibnu Katsir. Sedengkeun anu ngariwayatkeun qiro’ahna nyaéta Ahmad Al-Bazzi jeung Muhammad Ali anu nami sanadna dilaqoban Qunbul.”
3. Ashim Al-Kufiy (wafat 128 H) Jenengan lengkep anjeunna nyaéta Ashim bin Abi Najwad Al-Asadi. Mantenna sering dilandih Ibnu Bahdilah. Nami panggilanna mah nyaéta Abu Bakar jeung anjeunna teh nyaeta saurang tabi’in. Anu ngariwayatkeun qiro’ah ti mantenna nyaéta syu’bah (wafat 193 H) jeung Imam Hafsh (wafat 180 H). Mu'allif kitab Asy-Syathibiyyah nyarioskeun: “Di Kuffah Al-Ghorro’ téh aya 3 urang anu kaseungitan marantenna teh ngalangkungan seungitna cengkih. Abu Bakar atawa Ashim nyaeta panggilanna anu utama ngariwayatkeun ti mantenna nyaeta syu’bah anu terkenal jeung Hafs anu terkenal ku katalitianna éta murid Ibnu Iyasy atawa Abu Bakar anu diridhoan.”
4. Abu Amr (wafat 154 H) Nami lengkepna Zayyan bin Al-’Alla’ bin Umar al-Bashri, syekhna para perowi. Dicarioskeun deui namina Yahya, oge Kunaitah. Pupus di Kuffah. Anu ngariwayatkeun ti mantenna nyaeta Ad-Duri (wafat 246 H) jeung Susi (wafat 261 H). Mu'allif kitab Asy-Syathibiyyah nyarioskeun : “Imam Muzini anu dilandih Abu Amr Al-Bashri putra Al-’Alla mantenna nurunkeun elmuna ka Yaya Al-Yazidi nami anu populerna ibarat sungai Eufrat Abu Amr Ad-Duri jalmi pangsholehna diantara marantenna.”
5. Hamzah Al-Kufi (wafat 156 H) Nami anu lengkepna nyaéta Hamzah bin Habib bin Immaroh Az-Zayyat Al-Farodli At-Taimi Maula (tilas abid) Ikrimah bin Robi’ At-Taimi. Nami panggilanna Abu Immaroh. Mantenna pupus di Halwan dina zamanna kholifah Abu Ja’far Al-Manshur , anu ngariwayatkeun ti mantenna nyaéta Kholaf (wafat 229 H) jeung Khollad (wafat 220 H) kalayan perantaraan Salim. Mu'allifah kitab Asy-Syathibiyyah nyarioskeun : “Aya deui Hamzah si waro’i anu mikacinta kana Al-Qur’an ngariwayatkeun ti mantennanyaeta Kholaf jeung Khollad kalayan perantara Salim”
6. Nafi’ (wafat 169 H) Jenengan lengkepna nyaéta Abu Ruwaim Nafi’ bin Abdurrohman bin Abi Na’im Al-Laitsi, mantenna asalna ti Ashifahan, jeung terkenal jadi pakar Qurro’ di Madinah. Anu ngariwayatkeun ti mantenna nyaeta Qolun (wafat 220 H) jeung Warosy (wafat 197 H). Muallif kitab Asy-Syathibiyyah nyarioskeun : “nyaeta Nafi’ saurang jalmi anu terhurmat deui agung namina ,milih tempat di Madinah Qolun Isa jeung Utsman Warosy shohabat mulya anu ngembangkeunna.”
7. Al-Kasa'i (wafat 189 H) Nami lengkepna nyaeta Ali bin Hamzah, saurang Imam nahwu pikeun jalma² Kuffah. Nami panggilanna Abul Hasan. Sedengkeun dinamian Al-Kasa'i, sabab nalika ihrom mantenna nganggo pakean kebesaran (kisa). Mantenna pupus di Ronbawiyyah, hiji kampung di desa Ar-Roi, nalika maksud miang ka Hurosan sareng Ar-Rosyid. Anu ngariwayatkeun ti mantenna nyaéta Abu Al-Harits (wafat 242 H) jeung Ad-Duriy (wafat 246 H). Pengarang kitab Asy-Syathibiyyah nyarioskeun: nyaéta Ali anu panggilanna Al-Kasa’I sabab “kisa” pakéan ihromna anu ngariwayatkeun ti mantenna nyaeta Abu Harits jeung Hafsh Ad-Duriyyi.
Anapon Syarat-Syarat Qiro'ah anu Muktabar keur ngabendung penyeléwéngan Qiro'ah anu geus mimiti muncul, para ulama ngadamel persyaratan-persyaratan jang qiro'at anu bisa ditarima. Hal ieu keur ngabédakeun Qiro'at anu bener jeung Qiro'at anu anéh/asing.
Para ulama ngadamel 3 syarat.
1. Qiro'at kudu saluyu jeung bahasa Arab sok sanajan nurutkeu hiji jalan.
2. Qiro'at kudu saluyu jeung salah sahiji mushaf-mushaf utsmani.
3. Shohéh sanadna.
“Jibril macakeun ka kaula kana 1 huruf, mangka kaula balik deu ka jibril, mangka kaula terus-terusan menta ditambahan jeung éta jibril tuluy nambahan pikeun kaula nepika 7 huruf.” [ HR. Bukhori Muslim ]
ﺃَﻗْﺮَﺃَﻧِﻰ ﺟِﺒْﺮِﻳﻞُ ﻋَﻠَﻰ ﺣَﺮْﻑٍ ﻓَﺮَﺍﺟَﻌْﺘُﻪُ ﻓَﻠَﻢْ ﺃَﺯَﻝْ ﺃَﺳْﺘَﺰِﻳﺪُﻩُ ﻭَﻳَﺰِﻳﺪُﻧِﻰ ﺣَﺘَّﻰ ﺍﻧْﺘَﻬَﻰ ﺇِﻟَﻰ ﺳَﺒْﻌَﺔِ ﺃَﺣْﺮُﻑ. [ ﻣﺘﻔﻖ ﻋﻠﻴﻪ ]
”Rosuulullooh shollalloohu 'alayhi wa sallam ngadawuh ka kaula: Saéstuna Alloh parantos maréntahkeun ka kami kana maca al-Qur’an ku 1 huruf, tuluy kami (Nabi) ngadawuh: Nun Gusti Pangéran abdi paparin abdi karinganan ka ummat abdi. Mangka Manten-Na maréntahkeun ka kaula jeung Manten-Na teras ngadawuh: Sok baca ku anjeun ku 2 huruf. Mangka kaula nyarios: Nun Gusti paparin karinganan ka ummat abdi, Teras Manten-Na marentahkeun supaya macana ku 7 huruf tina 7 pantu Sawarga, jeung sakabéhna nyaéta obat penawar anu nyukupan.” [ HR. Bukhori Muslim jeung Tirmidzi]
ﻗﺎﻝ ﻟﻲ ﺭﺳﻮﻝ ﺍﻟﻠﻪ ﺻﻠﻰ ﺍﻟﻠﻪ ﻋﻠﻴﻪ ﻭﺳﻠﻢ : ﺇﻥ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻣﺮﻧﻲ ﺃﻥ ﺃﻗﺮﺃ ﺍﻟﻘﺮﺁﻥ ﻋﻠﻰ ﺣﺮﻑٍ ﻭﺍﺣﺪٍ، ﻓﻘﻠﺖ : ﺭﺏّ ﺧﻔﻒْ ﻋﻦ ﺃﻣَّﺘﻲ. ﻗﺎﻝ: ﺍﻗﺮﺃﻩُ ﻋﻠﻰ ﺣﺮﻓﻴﻦ. ﻓﻘﻠﺖ : ﺭﺏ ﺧﻔﻒ ﻋﻦ ﺃﻣﺘﻲ. ﻓﺄﻣﺮﻧﻲ ﺃﻥ ﺃﻗﺮﺃﻩ ﻋﻠﻰ ﺳﺒﻌﺔ ﺃﺣﺮﻑ ﻣﻦ ﺳَﺒْﻌﺔ ﺃﺑﻮﺍﺏ ﻣﻦ ﺍﻟﺠﻨﺔ، ﻛﻠﻬﺎ ﺷﺎﻑٍ ﻛﺎﻑ [ ﺭﻭﺍﻩ ﺍﻟﺒﺨﺮﻱ ﻣﺴﻠﻢ ﻭ ﺍﻟﺘﺮﻣﺬﻱ ]
“Umar bin khottob misaur: “Kaula ngadangu Hishom bin Hakim maca surat Al-Furqon dina mangsa nuju jumenengna Rosuulullooh Shollalloohu Alayhi Wa Sallam, kaula ngadangu bacaanna, ngadadak héran kana bacaanna kalawan ku sababaraha huruf anu can parnah Rosuulullooh Shollalloohu Alayhi Wa Sallam macakeunna ka kaula saméméhna ,nepi ka kaula ampir nantung tina sholat, satuluyna kaula ngadagoan nepi ka salam. Saba'da manéhna awéh salam kaula tuluy narik sorbanna tuluy nanya: “Saha anu macakeun ieu surat ka ajeun..?” Manéhna ngajawab: “Rosuulullooh Shollalloohu Alayhi Wa Sallam anu macakeunna ka kaula” kaula nalék: “Bohong anjeun, Demi Alloh saéstuna Rosuulullooh Shollalloohu Alayhi Wa Sallam geus macakeun surat anu geus didenge ku kaula tina anu ku anjeun dibaca tadi.” Saba'da kitu kaula miang mawa manéhna nepangan Rosuulullooh Shollalloohu Alayhi Wa Sallam terus kaula nanya: “Yaa Rosuulullooh abdi parantos ngadangu ka ieu jalmi, manéhna maca surat Al-Furqon ku sababaraha huruf anu can kantos diaoskeun ku salira ka abdi, sedengkeun salira kantos maoskeun surat Al-Furqon ieu ka abdi teu sapertos kitu.” Rosuulullooh Shollalloohu Alayhi Wa Sallam teras ngadawuh: “Yeuh ‘Umar!! leupaskeun éta manéhna. “Cing , Sok baca Hishom ku anjeun!!”. Tuluy éta Hishom macakeun bacaan anu tadi ku kaula didéngé nalika anjeunna macakeun. Rosuululllooh Shollalloohu Alayhi Wa Sallam ngadawuh: “Tah kitu Umar surat anu diturunkeun téh ,bari nyambung deui dawuhanna: “Umar, saéstuna ieu Al-Qur’an téh diturunkeun kalawan ku 7 huruf mangka baca ku anjeun anu panggampilna!” [Muttafaq 'Alayh]
ﺣﺪّﺛَﻨﺎ ﻋﺒﺪُ ﺍﻟﻠﻪِ ﺑﻦُ ﻳﻮﺳُﻒَ ﺃﺧﺒﺮَﻧﺎ ﻣﺎﻟﻚٌ ﻋﻦِ ﺍﺑﻦِ ﺷِﻬﺎﺏٍ ﻋﻦ ﻋُﺮﻭﺓَ ﺑﻦِ ﺍﻟﺰّﺑَﻴﺮِ ﻋﻦ ﻋﺒﺪِ ﺍﻟﺮﺣﻤﻦِ ﺑﻦِ ﻋﺒﺪٍ ﺍﻟﻘﺎﺭﻱّ ﺃﻧﻪُ ﻗﺎﻝ : ﺳﻤﻌﺖُ ﻋﻤﺮَ ﺑﻦَ ﺍﻟﺨَﻄّﺎﺏِ ﺭﺿﻲَ ﺍﻟﻠﻪُ ﻋﻨﻪُ ﻳﻘﻮﻝ : « ﺳﻤﻌﺖُ ﻫﺸﺎﻡَ ﺑﻦَ ﺣَﻜﻴﻢِ ﺑﻦِ ﺣِﺰﺍﻡٍ ﻳَﻘﺮﺃُ ﺳﻮﺭﺓَ ﺍﻟﻔُﺮﻗﺎﻥِ ﻋﻠﻰ ﻏﻴﺮِ ﻣﺎ ﺃﻗﺮَﺅﻫﺎ، ﻭﻛﺎﻥ ﺭﺳﻮﻝُ ﺍﻟﻠﻪ ﺻﻠﻰ ﺍﻟﻠﻪ ﻋﻠﻴﻪ ﻭﺳﻠّﻢ ﺃﻗﺮَﺃَﻧﻴﻬﺎ، ﻭﻛِﺪْﺕُ ﺃﻥ ﺃﻋﺠَﻞَ ﻋﻠﻴﻪ، ﺛﻢّ ﺃﻣﻬﻠﺘُﻪُ ﺣﺘّﻰ ﺍﻧﺼَﺮَﻑَ، ﺛﻢّ ﻟﺒّﺒْﺘُﻪُ ﺑﺮﺩﺍﺋِﻪ ﻓﺠﺌﺖُ ﺑﻪِ ﺭﺳﻮﻝَ ﺍﻟﻠﻪ ﺻﻠﻰ ﺍﻟﻠﻪ ﻋﻠﻴﻪ ﻭﺳﻠّﻢ ﻓﻘﻠﺖُ: ﺇﻧﻲ ﺳﻤﻌﺖُ ﻫﺬﺍ ﻳﻘﺮﺃُ ﻋﻠﻰ ﻏﻴﺮِ ﻣﺎ ﺃﻗﺮَﺃْﺗَﻨﻴﻬﺎ . ﻓﻘﺎﻝ ﻟﻲ: ﺃﺭﺳِﻠْﻪُ. ﺛﻢّ ﻗﺎﻝ ﻟﻪُ : ﺍﻗﺮَﺃْ. ﻓﻘﺮﺃَ. ﻗﺎﻝ : ﻫﻜﺬﺍ ﺃُﻧﺰِﻟَﺖْ. ﺛﻢّ ﻗﺎﻝ ﻟﻲ: ﺍﻗﺮَﺃْ. ﻓﻘﺮﺃﺕُ. ﻓﻘﺎﻝ : ﻫﻜﺬﺍ ﺃُﻧﺰِﻟَﺖْ، ﺇﻥّ ﺍﻟﻘﺮﺍﻥَ ﺃُﻧﺰِﻝَ ﻋﻠﻰ ﺳﺒﻌﺔِ ﺃﺣﺮُﻑٍ، ﻓﺎﻗﺮَﺅﻭﺍ ﻣﻨﻪُ ﻣﺎ ﺗَﻴﺴّﺮ. [ ﻣﺘﻔﻖ ﻋﻠﻴﻪ ]
“Diriwayatkeun kalawan sanadna ti Ubay bin Ka’ab mantenna misaur: “Kaula aya di masjid, ngadadak asup hiji jalma, mantenna sholat tuluy maca bacaan anu ku kaula diingkaran. Saba'da kitu asup deui jalma nu séjén maca ku bacaan anu béda jeung jeung nu tadi mimiti.” Saba'da kami réngsé sholat, kami babarengan asup ka bumina Rosuulullooh Shollalloohu Alayhi Wa Sallam, tuluy kaula nyarita: “Yén ieu si jalma maca bacaan anu mana kaula ngingkaran jeung babaturanna ieu anu macana béda jeung bacaan babaturanna anu tiheula.” Akhirna Rosuulullooh Shollalloohu Alayhi Wa Sallam maréntah ka duanana maca. Saba'da maranéhna maca Rosuulullooh Shollalloohu Alaihi Wa Sallam nganggap hadé kana bacaanna. Saba'da nyakséni kajadian éta, mangka lebur dina diri kaula sikep pikeun ngabohongkeun tur nolak éta bacaan, teu saperti halna diri kaula nalika di zaman Jahiliyyah. Nabi SAW ngadawuh kitu nalika mantenna ningali kaula ngedeprek sabab kabingungan, nalika éta kaayaan kami saolah-olah ngelompok di payuneun Alloh Anu Maha Agung. Saatosna ningali kaula dina kaayaan kitu, mangka mantenna nandeskeun ka kaula sarta ngadawuh: “Yeuh Ubay! Kami diutus pikeun maca al-Qur’an ku 1 huruf ”, tuluy kami ménta ka Jibril pikeun méré karinganan sangkan gampil ka umat kami, Jibril macakeun ku huruf kadua, tuluy kami ménta deui ka jibril supaya gampil ka umat kami, tuluy Jibril ngajawab nu katilu kalina. “Yaa Rosuulallooh, baca ku salira al-Qur’an dina 7 huruf jeung teu langkung ka salira yaa Rosul naha tiap jawaban kaula salira susul deui ku partanyaan pamundut deui” Tuluy kami ngajawabna: “Nun Gusti, hapunten umat abdi, hapunten umat abdi sareng ditangguhkeun anu katilu kalina dina waktu dimana sadaya makhluk mahabbah ka ka kami dugika Nabi Ibrohim. [HR Tirmidzi]
ﺣﺪّﺛﻨﺎ ﻣُﺤﻤَّﺪُ ﺑْﻦُ ﻋَﺒْﺪِ ﺍﻟﻠّﻪِ ﺑْﻦِ ﻧُﻤَﻴْﺮٍ. ﺣَﺪَّﺛَﻨَﺎ ﺃَﺑِﻲ . ﺣَﺪَّﺛَﻨَﺎ ﺇِﺳْﻤَﺎﻋِﻴﻞُ ﺑْﻦُ ﺃَﺑِﻲ ﺧَﺎﻟِﺪٍ ﻋَﻦْ ﻋَﺒْﺪِ ﺍﻟﻠّﻪِ ﺑْﻦِ ﻋَﻴﺴَﻰ ﺑْﻦِ ﻋَﺒْﺪِ ﺍﻟﺮَّﺣْﻤﻦِ ﺑْﻦِ ﺃَﺑِﻲ ﻟَﻴْﻠَﻰ ﻋَﻦْ ﺟَﺪِّﻩِ ﻋَﻦْ ﺃُﺑَﻲِّ ﺑْﻦِ ﻛَﻌْﺐٍ ﻗَﺎﻝَ : ﻛُﻨْﺖُ ﻓِﻲ ﺍﻟْﻤَﺴْﺠِﺪِ. ﻓَﺪَﺧَﻞَ ﺭَﺟُﻞٌ ﻳُﺼَﻠِّﻲ. ﻓَﻘَﺮَﺃَ ﻗِﺮَﺍﺀَﺓٍ ﺃَﻧْﻜَﺮْﺗُﻬَﺎ ﻋَﻠَﻴْﻪِ. ﺛُﻢَّ ﺩَﺧَﻞَ ﺁﺧَﺮُ. ﻓَﻘَﺮَﺃَ ﻗِﺮَﺍﺀَﺓً ﺳِﻮَﻯ ﻗِﺮَﺍﺀَﺓِ ﺻَﺎﺣِﺒِﻪِ. ﻓَﻠَﻤَّﺎ ﻗَﻀَﻴْﻨَﺎ ﺍﻟﺼَّﻼَﺓَ ﺩَﺧَﻠْﻨَﺎ ﺟَﻤِﻴﻌﺎً ﻋَﻠَﻰ ﺭَﺳُﻮﻝِ ﺍﻟﻠّﻪِ. ﻓَﻘُﻠْﺖُ : ﺇِﻥَّ ﻫﺬَﺍ ﻗَﺮَﺃَ ﻗِﺮَﺍﺀَﺓً ﺃَﻧْﻜَﺮْﺗُﻬَﺎ ﻋَﻠَﻴْﻪِ. ﻭَﺩَﺧَﻞَ ﺁﺧَﺮُ ﻓَﻘَﺮَﺃَ ﺳِﻮَﻯ ﻗِﺮَﺍﺀَﺓِ ﺻَﺎﺣِﺒِﻪِ. ﻓَﺄَﻣَﺮَﻫُﻤَﺎ ﺭَﺳُﻮﻝُ ﺍﻟﻠّﻪِ ﻓَﻘَﺮَﺁ. ﻓَﺤَﺴَّﻦَ ﺍﻟﻨَّﺒِﻲُّ ﺷَﺄْﻧَﻬُﻤَﺎ. ﻓَﺴُﻘِﻂَ ﻓِﻲ ﻧَﻔْﺴِﻲ ﻣِﻦَ ﺍﻟﺘَّﻜْﺬِﻳﺐِ. ﻭَﻻَ ﺇِﺫْ ﻛُﻨْﺖُ ﻓِﻲ ﺍﻟْﺠَﺎﻫِﻠِﻴَّﺔِ. ﻓَﻠَﻤَّﺎ ﺭَﺃَﻯ ﺭَﺳُﻮﻝُ ﺍﻟﻠّﻪِ ﻣَﺎ ﻗَﺪْ ﻏَﺸِﻴَﻨِﻲ ﺿَﺮَﺏَ ﻓِﻲ ﺻَﺪْﺭِﻱ. ﻓَﻔِﻀْﺖُ ﻋَﺮَﻗﺎً. ﻭَﻛَﺄَﻧَّﻤَﺎ ﺃَﻧْﻈُﺮُ ﺇِﻟَﻰ ﺍﻟﻠّﻪِ ﻋَﺰَّ ﻭَﺟَﻞَّ ﻓَﺮَﻗﺎً. ﻓَﻘَﺎﻝَ ﻟِﻲ : «ﻳَﺎ ﺃُﺑَﻲُّ ﺃُﺭْﺳِﻞَ ﺇِﻟَﻲَّ: ﺃَﻥِ ﺍﻗْﺮَﺇِ ﺍﻟْﻘُﺮْﺁﻥَ ﻋَﻠَﻰ ﺣَﺮْﻑٍ. ﻓَﺮَﺩَﺩْﺕُ ﺇِﻟَﻴْﻪِ: ﺃَﻥْ ﻫَﻮِّﻥْ ﻋَﻠَﻰ ﺃُﻣَّﺘِﻲ. ﻓَﺮَﺩَّ ﺇِﻟَﻲَّ ﺍﻟﺜَّﺎﻧِﻴَﺔَ : ﺍﻗْﺮَﺃْﻩُ ﻋَﻠَﻰ ﺣَﺮْﻓَﻴْﻦِ. ﻓَﺮَﺩَﺩْﺕُ ﺇِﻟَﻴْﻪِ : ﺃَﻥْ ﻫَﻮِّﻥْ ﻋَﻠَﻰ ﺃُﻣَّﺘِﻲ. ﻓَﺮَﺩَّ ﺇِﻟَﻲَّ ﺍﻟﺜَّﺎﻟِﺜَﺔَ: ﺍﻗْﺮَﺃْﻩُ ﻋَﻠَﻰ ﺳَﺒْﻌَﺔِ ﺃَﺣْﺮُﻑٍ. ﻓَﻠَﻚَ ﺑِﻜُﻞِّ ﺭَﺩَّﺓٍ ﺭَﺩَﺩْﺗُﻜَﻬَﺎ ﻣَﺴْﺄَﻟَﺔٌ ﺗَﺴْﺄَﻟُﻨِﻴﻬَﺎ. ﻓَﻘُﻠْﺖُ : ﺍﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺍﻏْﻔِﺮْ ﻷُﻣَّﺘِﻲ. ﺍﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺍﻏْﻔِﺮْ ﻷِﻣَّﺘِﻲ. ﻭَﺃَﺧَّﺮْﺕُ ﺍﻟﺜَّﺎﻟِﺜَﺔَ ﻟِﻴَﻮْﻡٍ ﻳَﺮْﻏَﺐُ ﺇِﻟَﻲَّ ﺍﻟْﺨَﻠْﻖُ ﻛُﻠُّﻬُﻢْ . ﺣَﺘَّﻰ ﺇِﺑْﺮَﺍﻫِﻴﻢ [ ﺭﻭﺍﻩ ﺍﻟﺘﺮﻣﺬﻱ ]
Qiro’ah (bacaan Al-Qur'an) anu lazim dipaké ku mayoritas umat Islam (utamana di Indonésia) nyaéta qiro’ah anu diriwayatkeun ku Imam Hafsh ti ‘Ashim salah saurang ti réngréngan Imam Qiro’ah Sab’ah. Imam Hafsh nyaéta Abu Umar Hafsh bin Sulaiman bin Al-Mughiroh Al-Bazzaz. Babar taun 90 H jeung wafat 180 H. Mantenna nyaéta saurang jalmi anu ‘alim jeung anu pangterangna ngeunaan qiro’at ‘Ashim. Mantenna diajar Al-Quran ti ‘Ashim 5 ayat-5 ayat saperti diajarna murangkalih. ‘Imam Ashim nyaéta Abu Bakar ‘Ashim bin Abi An-Najudi Al-Kufi bin Bahdalah. Wafat di akhir taun 128 H. Mantenna nyaéta saurang jalmi anu faséh bahasana, ahli jeung tekun dina nulis Al-Quran jeung tajwid, sarta mibanda sowanten anu kacida merduna. Mantenna diajar qiro’atna ka Abu Abdur-Rohman Abdulloh bin Habib As-Sulami. Abu Abdur-Rohman diajar ka para Shohabat rodliyalloohu’anhum nyaéta ‘Utsman bin ‘Affan, ‘Ali bin Abi Tholib, Ubay bin Ka’ab, Abdulloh bin Mas’ud dan Zaid bin Tsabit.
رﻭﺍﻳﺔ ﺣﻔﺺ ﻋﻦ ﻋﺎﺻﻢ ، ﻫﻲ ﺍﻟﺮﻭﺍﻳﺔ ﺃﻭ ﺍﻟﺘﻼﻭﺓ ﻟﻜﺘﺎﺏ ﺍﻟﻠﻪ ( ﺍﻟﻘﺮﺁﻥﺍﻟﻜﺮﻳﻢ ) ﻟﺤﻔﺺ ﻋﻠﻰ ﺷﻴﺨﻪ ﺍﻹﻣﺎﻡ ﻋﺎﺻﻢ . ﺇﻥ ﻫﺬﺍ ﺍﻟﻘﺎﺭﺉ ﻛﺎﻥ ﻣﻤﻦﺍﻟﺘﺰﻡ ﺑﻬﺬﻩ ﺍﻟﻄﺮﻳﻘﺔ ﻓﻲ ﻗﺮﺍﺀﺗﻪ ﻟﻜﺘﺎﺏ ﺍﻟﻠﻪ ﻭﺃﺗﻘﻨﻬﺎ ﻭﺻﺎﺭ ﺷﻴﺨﺎ ﻓﻴﻬﺎﺑﻌﺪ ﻣﻌﻠﻤﻪ ﻭﻟﻪ ﻃﻼﺑﻪ ﻭﺗﻼﻣﻴﺬﻩ ﺍﻟﺬﻳﻦ ﻳﺄﺧﺬﻭﻥ ﻋﻨﻪ ﻓﺎﻟﻨﺴﺒﺔ ﻫﻨﺎ ﻧﺴﺒﺔﺍﻟﺘﺰﺍﻡ ﻟﻄﺮﻳﻘﺔ ﺍﻟﻘﺮﺍﺀﺓ ﻭﻟﻴﺴﺖ ﻧﺴﺒﺔ ﺍﺧﺘﺮﺍﻉ ﺑﻤﻌﻨﻰ ﺃﻥ ﺣﻔﺼﺎ ﻣﺜﻼ ﺃﻭﻏﻴﺮﻩ ﻟﻴﺲ ﻫﻮ ﺍﻟﺬﻱ ﺍﺧﺘﺮﻉ ﻫﺬﻩ ﺍﻟﻄﺮﻳﻘﺔ ﺣﺎﺷﺎ ﻟﻠﻪ، ﻭﺇﻧﻤﺎ ﻟﺴﺒﺐ ﺍﺗﻘﺎﻧﻪﻭﺑﺮﺍﻋﺘﻪ ﻭﺣﻔﻈﻪ ﻓﻲ ﻋﺼﺮﻩ ﻭﺍﺷﺘﻬﺎﺭﻩ ﺑﺘﻼﻭﺗﻪ ﺍﻟﻘﺮﺁﻥ ﺑﻬﺎ ﻭﺑﺬﻟﻚ ﻭﻗﻊﺍﻻﺧﺘﻴﺎﺭ ﻋﻠﻴﻪ ﻟﻨﺴﺒﺔ ﺍﻟﺮﻭﺍﻳﺔ ﺇﻟﻴﻪ ﻻ ﺇﻟﻰ ﻏﻴﺮﻩ ﻭﻟﻢ ﺗﻌﺪ ﺗﻨﺴﺐ ﻫﺬﻩﺍﻟﺮﻭﻳﺎﺓ ﺇﻟﻰ ﺍﻟﺼﺤﺎﺑﻲ ﺃﻭ ﺍﻟﺘﺎﺑﻌﻲ، ﻭﺃﻣﺎ ﻋﺎﺻﻢ ﻓﻬﻮ ﺷﻴﺦ ﺍﻹﻣﺎﻡ ﺣﻔﺺﻛﻤﺎ ﺳﻴﺄﺗﻲ ﺫﻟﻚ ﻻﺣﻘﺎ .ﺫﻟﻚ ﻷﻥ ﺍﻟﻌﻠﻤﺎﺀ ﻛﺎﻧﻮﺍ ﻳﺨﺘﺎﺭﻭﻥ ﻋﻨﺪ ﺗﺪﻭﻳﻦ ﺃﺷﻬﺮ ﺍﻟﻘﺮﺍﺀﺍﺕ ﺍﻟﺼﺤﻴﺤﺔﺇﻣﺎﻣﺎ ﺷﻴﺨﺎ ﻭﺗﻠﻤﻴﺬﻳﻦ ﻟﻜﻞ ﺷﻴﺦ، ﻓﺎﻟﺸﻴﺦ ﻫﻮ ﺍﻹﻣﺎﻡ ﻋﺎﺻﻢ ﻭﺍﻟﺘﻠﻤﻴﺬﻳﻦﻫﻤﺎ ﺣﻔﺺ ﻭﺷﻌﺒﺔ ﻭﻟﻜﻦ ﺭﻭﺍﻳﺔ ﺣﻔﺺ ﺑﺄﺷﻬﺮ ﻣﻦ ﺭﻭﺍﻳﺔ ﺷﻌﺒﺔ ﻟﺬﻟﻚ ﻻﻳﻌﻠﻢ.
Ari kalimat-kalimat dina Al-Qur’an, jeung jumlah kalimat-kalimat lalawananna éta téh mangrupakeun sabagianna tina Mukjizat, jumlah kalimat-kalimat dina Al-Qur’an anu nandeskeun kalimat-kalimat anu sején nyatana jumlahna téh geuningan sarua jeung jumlah kalimat-kalimat Al-Qur’an anu jadi lawan tina éta kata/lafadz atawa dhid'na tina éta kalimat-kalimat ,atawa diantara duanana aya nisbat kontradiktifna, kitu tah mun seugbmake basa legegna mah.😷
Al-Qur’an téh heunteu ngan saukur terbatas dina ayat-ayat mulyana, makna-maknana, prinsip-prinsip jeung dasar-dasar kaadilanna sarta élmu-élmu ghoibna wungkul, tapi deui ogé kaasup jumlah-jumlah anu aya dina éta Al-Qur’an kababad, kitu deui pengulangan kecap jeung hurufna, tah jalma-jalma anu ngalakukeun ‘ulumul Qur’an ti baheula mah geus nyadar kana ayana ieu fenoména anu ngabogaan maksud jeung tujuan anu tangtu.
Para peneliti baheula geus nyatetkeun, yén surat-surat anu dibuka ku huruf-huruf ‘muqoththo’ah’ éta téh jumlahna aya 29 surat, sedengkeun jumlah huruf ‘hijaiyah’ Arab ditambah ku huruf “Hamzah” ogé sarua jumlahna aya 29 huruf ,tuh nya rék kumaha teu percayana urang-urang kana Al-Qur'an, hal ieu téh mun seug ditempo kalawan maké sudut pandangna yén Al-Qur’an diturunkeun dina bahasa Arab,, contona:
Abdul Rozaq Naufal dina kutubna ‘ Al’Ijaz Al’Adadiy Fi Al-Qur’an Al Karim” anjeuna nuliskeun sababaraha téma-téma eta teh aya kaharmonisan diantara jumlah kata-kata Al-Qur’an anu bener-bener mangrupakeun Mukjizat, tina jumlah kecap/kata dina Al-Qur’an anu seueurna 51.900, Jumlah Juzna : 30, Jumlah Suratna: 114, kaanéhan anu aya diantarana nyaéta:
1. Kecap ‘Iblis” ( La’nat ALLOH ‘alayhi ) dina Al-Qur’an disebutkeun lobana téh 11 kali, kitu deui kecap “Isti’adzah”kecap anu jadi lalawananna oge disebutkeun 11 kali,
2.Kecap “ma’siyah” jeung lalawananna disebutkeun 75 kali, kitu deui kata “Syukr” jeung lalawananna oge disebutkeun dina Al-Qur'an 75 kali.
3.Kecap “ad-dunya” disebutkeun 115 kali, kitu deui kecap “al-akhiroh” ogé aya 115 kali.
4.Kecap “Al-isrof” disebutkeun 23 kali, kecap lalawananna“as-sur’ah” aya 23 kali.
5. Kecap “Malaikat” disebutkeun aya 88 kalina, kecap anu jadi lalawananna ‘Asy-syayathin” oge 88 kali.
6. Kecap “As-sulthon disebutkeun aya kana 37 kalina, kecap lalawananna “An-nifaq” oge 37 kali.
7. Kecap “Al-harb”(panas) aya disebutkeun 4 kali, lalawananna “ Al-harb” oge 4 kali.
8.Kecap “ Al-harb (perang) lobana 6 kali, lawan kecapna “Al-husro” (tawanan) disebutkeun aya 6 kali.
9. Kecap “Al-hayat” (hirup”145 kali, “Al-maut” (maot) 145 kali.
10. Kecap “Qolu” (maranehna ngaromong) lobana 332 kali, lalawananna “Qul” ( bejakeun ku anjeun) oge lobana 332 kali.
11.Kecap “As-sayyiat” anu jadi lalawanan tina kecap “Ash-shohihat” masing-masing 180 kali.
12. Kecap “Ar-rohbah” anu jadi lalawanan tina kecap “Ar-roghbah” masing-masing 8 kali.
13. Kecap “An-naf’u” anu jadi lalawanan tina kecap “Al-fasad” masing-masing kabehna aya 50 kali.
14.Kecap “An-nas” anu jadi lalawanan kecap “Ar-rusul” masing-masing disebutkeun dina Al-Qur'an 368 kali.
15.Kecap “Al-asbath” anu jadi lalawanan kecap “Al-awariyun” masing-masing 5 kali
16.Kecap “Al-jahr” anu jadi lalawananna tina kata “Al-alaniyyah” masing-masing 16 kali
17.Kecap “Al-jaza” 117 kali ( sarua jeung lalawananna 117 kali),
18.Kecap “Al-magfiroh” 234 kali ( sarua jeung kecap lalawananna),
19.Kecap “Ad-dholala” ( sasar) 191 kali ( sarua jeung kecap lalawananna),
Jeung masih loba k2néh anu teu bisa disebutkeun hiji-hijina didieu kulantaran cangkeul ngetikna :-D.
20. Kecap “Yaum” (poe) dina bentuk mufrod disebutkeun aya 365 kali, sarua jeung jumlah poe dina taun Syamsyiyyah.
21. Kecap “Syahr” ( bulan) lobana disebutkeun dina Al-Qur'an aya kana 12 kali, pan sarua jeung jumlah Bulan dina saTaun.
22. Kecap “Yaum” (poe) dina bentuk plural (jama') aya 30 kali, sarua jeung jumlah poe dina sa'Bulan.
23.Kecap “Sab’u” (minggu) disebutkeun dina Al-Qur'an aya 7 kali, sarua jeung jumlah poe dina saminggu.
24.Jumlah “ sa’ah” (jam) anu dimimitian make ‘harf’ eta teh disebutkeun dina Al-Qur'an aya 24 kali, sarua jeung jumlah jam dina sapoe sapeuting.
25. Kecap “Sujud” disebutkeun 34 kali, sarua deui bae jeung jumlah roka’at dina solat 5 waktu
27.Kecap/lafadz “Sholawat” disebutkeun 5 kali, sarua jeung jumlah sholat wajib sapoé sapeuting.
27. Kecap/lafadz “Aqimu” anu dibarengkeun jeung kata/lafadz “Sholat” lobana 17 kali, sarua jeung jumlah Roka’at Sholat fardhu/ wajib.
Al-Imam asy-syafi’i dina kitab Majmu al Ulum wa Mathli ’u an Nujum jeung ditukil ku Imam Ibn ‘Arobi dina mukoddimah kitab al-Futuhuatul Ilaahiyah nganyatakeun jumlah huruf-huruf dina Al Qur ’an dirinci/diruntuy saluyu/sesuai jeung lobana:
👉Alif : 48740 huruf,
👉Lam : 33922 huruf,
👉Mim : 28922 huruf,
👉Ha ’ : 26925 huruf,
👉Ya’ : 25717 huruf,
👉Wawu : 25506 huruf,
👉Nun : 17000 huruf,
👉Lam alif : 14707 huruf,
👉Ba ’ : 11420 huruf,
👉Tsa’ : 10480 huruf,
👉Fa’ : 9813 huruf,
👉’Ain : 9470 huruf,
👉Qof : 8099 huruf,
👉Kaf : 8022 huruf,
👉Dal : 5998 huruf,
👉Sin : 5799 huruf,
👉Dzal : 4934 huruf,
👉Ha : 4138 huruf,
👉Jim : 3322 huruf,
👉Shod : 2780 huruf,
👉Ro ’ : 2206 huruf,
👉Syin : 2115 huruf,
👉Dhod : 1822 huruf,
👉Zai : 1680 huruf,
👉Kho ’ : 1503 huruf,
👉Ta’ : 1404 huruf,
👉Ghin : 1229 huruf,
👉Tho’ : 1204 huruf,
👉Dza’ : 842 huruf.
Jumlah total sakabéhna huruf dina al- Qur ’an nyaéta 1.027.000 (sajuta dua puluh tujuh rébu). Jumlah total ieu teh geus kaasup jumlah huruf ayat anu dinasakh. Jeung loba deui papaés-papaés dina Al-Qur'an, sakieu waé anu kapihatur.
Mugia manfaat.
Walloohu A'lam Bish Showaab*NUZUULUL QUR'AN*..
Geus kasawatara, dina bulan romadhon, umat islam geus biasa ngareuah-reuah ritual miéling nuzulul Qur'an kalawan rupa-rupa tingkah jeung cara seja ngagungkeun maleman anu dina éta maleman baheula dina mangsana al-Qur'an mimiti diturunkeunna dina éta tanggal. Sabenerna loba pisan vérsi dina nangtukeun iraha al-Qur'an mimiti diturunkeunna. Salah sahiji diantarana éta pendapat nyaéta aya nu nyebutkeun yén Al-Qur'an diturunkeunna dina tanggal 17 Romadhon. Sakumaha anu ditandeskeun dina ieu hadits:
عَنْ خَارِجَةَ بن زَيْدِ بن ثَابِتٍ عَنْ أَبِيهِ أَنَّهُ كَانَ يُحْيِي لَيْلَةَ ثَلاثٍ وَعِشْرِينَ مِنْ شَهْرِ رَمَضَانَ وَلَيْلَةَ سَبْعٍ وَعِشْرِينَ وَلا كَإِحْيَائِهِ لَيْلَةَ سَبْعَ عَشْرَةَ فَقِيلَ لَهُ كَيْفَ تَخُصُّ لَيْلَةَ سَبْعَ عَشْرَةَ ؟ فَقَالَ إِنَّ فِيهَا نَزَلَ الْقُرْآنُ وَفِي صَبِيحَتِهَا فُرِّقَ بَيْنَ الْحَقِّ وَالْبَاطِلِ وَكَانَ فِيهَا يُصْبِحُ مُبْهَجَ الْوَجْهِ. (رواه الطبراني)
"Katampi ti Khoorijah ibn Zaid ibn Tsaabit ti ramana, saéstuna anjeunna rajeun ngahirup-hirup atawa ibadah dina maleman ka dua puluh tilu jeung maleman dua puluh tujuh dina bulan Romadhon. Tapi teu saperti dina nalika mantenna ngahirup-hirup maleman ka tujuh welas. Anjeunna ditaros, ”naha anjeun ngakhususkeun maleman ka tujuh welas..?” Zaid nimbalan, “Dina itu maleman, al-Qurân diturunkeun tuluy dina isuk-isukna dipisahkeun antara anu haq jeung anu bathil..." (HR at-Thabrâny)
حَدَّثَنِي حَوْطٌ الْعَبْدِيُّ ، قَالَ : سَأَلْتُ زَيْدَ بن أَرْقَمَ عَنْ لَيْلَةِ الْقَدْرِ ؟ فَقَالَ مَا أَشُكُّ وَمَا أمتري أَنَّهَا لَيْلَةُ سَبْعَ عَشْرَةَ لَيْلَةَ نُزُولِ الْقُرْآنِ ، وَيَوْمَ الْتَقَى الْجَمْعَانِ. ( رواه الطبراني)
"Hauth al-‘Abdy nyaritakeun ka kaula. Anjeunna nyebutkeun. Kaula nanya ngeunaan lailautl qodr. Anjeunna ngajawab, kaula teu ragu turta teung mang-mang yén saenyana lailatul qodr nyaéta dina tanggal tujuh welas, maleman turunna al-Qur'an jeung poéan dimana patepungna dua pasukan." (HR at-Thabrâny)
Nurutkeun para ulama marantenna nyatujuan, yén dina tanggal 17 romadhon al-Qur'an diturunkeun. Sakumaha Syékh Nawawi al-Bantany nyebutkeun:
إلى أن أتاه صريح الحق منه ووافاه وذلك (إتيان صريح الأمر المحقق) في يوم الإثنين سبع عشرة (ليلة) خلت (مضت) من شهر الليلة القدرية (وهو رمضان الذي تكون فيه القدر غالبا)
…..Nepi ka mantenna narima bebeneran anu nyata (wahyu) dina poé Senén tanggal 17 Romadhon, dina peutingan lailatul qodar.
Miéling Nuzuulul Qur'aan anu geus masyhur dikalangan masyarakat nyaéta tradisi anu nanjer di masyarakat. Sapagodos jeung hasdit anu parantos didugikeun ku shohabat Zaid bin Tsabit anu diriwayatkeun ku Imam Thobroni. Al-Qur'an dina dasarna nyaéta wahyu anu pangistiméwana anu dipaparin ku Alloh SWT ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, mangka geus sakuduna urang sing bagja tina ayana éta rohmat anu dipaparin ka kanjeng Nabi Muhammad SAW turta umumna ka urang sakumna. Dawuhan Alloh SWT dina Al-Qur'an surat Yunus ayat 58 anu pihartieunna: "Béjakeun ku anjeun, kalawan kurnia Alloh jeung kalawan rohmat-Na, sawadina ku éta kurnia jeung rohmat-Na maranéhna sing barungah. Kurnia Alloh jeung rohmat-Na téh ,éta leuwih hadé batan perkara anu dikumpul-kumpul ku maranéhna." (QS. Yûnus ayat 58).
Dina hijining hadits diriwayatkeun:
عن أبي قتادة الأنصاري رضي الله عنه أن رسول الله صلى الله عليه و سلم سئل عن صوم الإثنين فقال : فِيهِ وُلِدْت وَفِيهِ َأُنْزِلَ عَلَيَّ. (رَوَاهُ مُسْلِمٌ و أبو داود و أحمد).
“Katampi ti Abi Qotadah al-Anshoriy, saéstuna Rosuulullooh SAW ditaros ngeunaan puasa dina poé senén. Tuluy mantenna SAW ngadawuh: "Dina éta poé kami dibabarkeun jeung dina éta poé kami meunang wahyu.” (HR. Muslim, Abu Dawud jeung Imam Ahmad).
Jadi jelas ogé, kasimpulan tina hadits diluhur munggaran, yén Kanjeng Nabi SAW ogé miéling/ngarayakeun turunna wahyu kalawan ku puasa. Sok sanajan Kanjeng Nabi Muhammad SAW miélingna maké cara puasa ,tuluy urang-urang miélingna kalawan maké rupa-rupa cara masing-masing saperti anu geus ka maklum. Misalna di eusianna ku pembacaan ayat suci al-Qur'an, ngajak kana napakuran tur ngamalkeun kana ajaran al-Qur'an. Inti tina miélingna Nuzulul Qur'an nyaéta nuduhkeun kana rasa kagumbiraan urang-urang ku turunna al-Qur'an anu mangrupakeun mu'jizat anu istiméwa turta mangrupa pituduh pikeun sakumna umat islam dina ngajalankeun syaré'at anu jadi sarana pikeun ibadah ka Alloh SWT. Ku miélingna Nuzulul Qur'an, mangka urang ogé sing bisa mipit hasil kana jadi niléyna ibadah anu aya dina jero éta acara nuzulul qur'an. Saperti halna tuladan abu ditepikeun ku shohabat. Jeung mun seug disebutkeun mah éta pangéling téh nyaéta bid'ah, mangka kagolong bid’ah anu hasanah ku ningali eusi jeung makna tina éta perayaan nuzulul Qur'an, nyaéta ku rupa-rupa ibadah anu dimanfaatkeun ku urang ngajadi cara kana miélingna.
معنى نزول القرآن :وَقَالَ الشَّعْبِيّ : الْمَعْنَى إِنَّا اِبْتَدَأْنَا إِنْزَاله فِي لَيْلَة الْقَدْر . وَقِيلَ : بَلْ نَزَلَ بِهِ جِبْرِيل عَلَيْهِ السَّلَام جُمْلَة وَاحِدَة فِي لَيْلَة الْقَدْر , مِنْ اللَّوْح الْمَحْفُوظ إِلَى سَمَاء الدُّنْيَا , إِلَى بَيْت الْعِزَّة , وَأَمْلَاهُ جِبْرِيل عَلَى السَّفَرَة , ثُمَّ كَانَ جِبْرِيل يُنْزِلهُ عَلَى النَّبِيّ صَلَّى اللَّه عَلَيْهِ وَسَلَّمَ نُجُومًا نُجُومًا . وَكَانَ بَيْن أَوَّله وَآخِره ثَلَاث وَعِشْرُونَ سَنَة،،
وأما ليلة القدر : قَالَ : لَيْلَة الْحُكْم . وَالْمَعْنَى لَيْلَة التَّقْدِير ; سُمِّيَتْ بِذَلِكَ لِأَنَّ اللَّه تَعَالَى يُقَدِّر فِيهَا مَا يَشَاء مِنْ أَمْره , إِلَى مِثْلهَا مِنْ السَّنَة الْقَابِلَة ; مِنْ أَمْر الْمَوْت وَالْأَجَل وَالرِّزْق وَغَيْره . وَيُسَلِّمهُ إِلَى مُدَبِّرَات الْأُمُور , وَهُمْ أَرْبَعَة مِنْ الْمَلَائِكَة : إِسْرَافِيل , وَمِيكَائِيل , وَعِزْرَائِيل , وَجِبْرِيل . عَلَيْهِمْ السَّلَام .
وَعَنْ اِبْن عَبَّاس قَالَ : يُكْتَب مِنْ أُمّ الْكِتَاب مَا يَكُون فِي السَّنَة مِنْ رِزْق وَمَطَر وَحَيَاة وَمَوْت , حَتَّى الْحَاجّ . قَالَ عِكْرِمَة : يُكْتَب حَاجّ بَيْت اللَّه تَعَالَى فِي لَيْلَة الْقَدْر بِأَسْمَائِهِمْ وَأَسْمَاء أَبَائِهِمْ , مَا يُغَادِر مِنْهُمْ أَحَد , وَلَا يُزَاد فِيهِمْ وَقِيلَ : إِنَّمَا سُمِّيَتْ بِذَلِكَ لِعِظَمِهَا وَقَدْرهَا وَشَرَفهَا , مِنْ قَوْلهمْ : لِفُلَانٍ قَدْر ; أَيْ شَرَف وَمَنْزِلَة . قَالَهُ الزُّهْرِيّ وَغَيْره . وَقِيلَ : سُمِّيَتْ بِذَلِكَ لِأَنَّ لِلطَّاعَاتِ فِيهَا قَدْرًا عَظِيمًا , وَثَوَابًا جَزِيلًا .
وغير ذلك....من تأويل العلماء الأسلام
تفسير القرطببي سورة القدر
Al-Qur'an diturunkeun kalawan dina 3 tahap:
1. Al-Qur'an diturunkeun kalawan sakaligus ka Lauhul Mahfudz ku cara anu ngan wungkul Alloh anu Maha Uninga jeung jalma-jalma dikersakeun-Na. Dina prosés awal, al-Qur'an diturunkeun dina sahiji kumpulan (جملة واحدة). Sedengkeun hikmahna nyaéta ngarah umat manusa daék ariman, yakin kana wujudna Lauhul Mahfudz anu jadi bukti kana Kakawasaanna Alloh sarta tetep hadé sangka kana sagala katangtuan ti Alloh SWT (Turunna al-Quran teu langsung ka Kanjeng Nabi SAW ,tapi ka Lauhul Mahfudz heula). Dalil kana turunna ieu al-Qur'an tahap pertama téh nyaéta aya dina QS. Al Buruj ayat 21 nepi ka ayat 22 anu hartina:
"Malahan anu dibohongkeun ku maranéhna nyaéta al-Qur'an anu mulya, anu (aya) di Lauhul Mahfudz." (QS. al-Buruuj ayat 21-22).
2. Al-Qur'an diturunkeun ti Lauhil Mahfudz ka langit dunya (baitul ‘izzah). Ngeunaan hal ieu aya tilu pendapat:
👉 Al-Qur'an diturunkeun sakaligus ka langit dunya dina waktu maleman qodar (lailatul qodar), tuluy diturunkeun sacara bertahap dina waktu 20, 23 atawa 25 taun. Perbédaanna ieu jumlah sabab ayana perbédaan ngeunaan sabaraha lilana Nabi SAW di Mekkah sabada kanabian.
👉 Al-Qur'an diturunkeun ka langit dunya salila 20 kali maleman lailatul qodar dina waktu 20 taun. Aya anu nyebutkeun salila 23 kali maleman qodar dina mangsa 23 taun, aya deui anu nyebutkeun salila 25 kali dina maleman qodar dina waktu 25 taun. Tuluy al-Qur'an diturunkeun sacara bertahap ka Rosuulullooh SAW dina mangsa taunna.
👉 Al-Qur'an pertama pisan diturunkeunna dina maleman qodar. Tuluy sabadana kitu turun sacara bertahap dina waktu 23 taun. Tuluy diturunkeun sacara bertahap dina waktu anu béda-béda.
Mayoritas ulama satuju kana pendapat kahiji, sabab leuwih masyhur jeung bukti pangshohéhna. Bari dirojong ku sababaraha dalil diantarana QS. ad-Dukhon ayat 1-3. Jeung QS. Al-Qodr ayat 1. Ogé QS. al-Baqoroh ayat 185.
Tah jadi jelas, yén al-Qur'an diturunkeun dina hiji peuting anu pinuh kabarokahab, sakumaha dina al-Qur'an surat ad Dukhon. Éta maleman téh disebut ku Lailatul Qodr sakumaha nu dijelaskeun dina surat al-Qodr dina ayat 1 anu pas dina bulan romadhon saperti anu dijelaskeun deui dina surat al-Baqoroh. Kitu deui geus pada maklum, al-Qur'an diturunkeun ka Kanjeng Nabi SAW téh sacara bertahap ti mimiti mantenna diangkat jadi Nabi nepi ka wafatna. Ku halna kitu, anu dimaksud dina éta 3 ayat diluhur téh tangtuna lain turunna al-Qur'an ka Nabi, tapi turunna al-Qur'an ka langit dunya sakumaha anu diterangkeun dina ieu hadits:
عن ابن عباس انه قال فصّل القرآن من الذكر فوضع في بيت العزة من السماء الدنيا فجعل الجبريل ينزل به على النبي.. (رواه الحاكم )
"Ibnu Abbas misaur: al-Qur'an dipisahkeun ti ad-dzikr tuluy diteundeun di baitul ‘izzah di langit dunya, tuluy dibawa ku Malak Jibril (diturunkeun) ka Nabi SAW." (HR. Hakim).
عن ابن عباس قال أنزل القرآن في ليلة القدر في شهر رمضان إلى سماء الدنيا ليلة واحدة ثم أنزل نجوماً. (أخرجه الطبراني و إسناده لا بأس به)
"Katampi ti ibn ‘Abbâs anjeunna misaur, “Al-Qur'an diturunkeun dina maleman qodr di bulan Romadhon ka langit dunya dina waktu sapeuting ,tuluy diturunkeun sacara bertahap." (HR. at-Thobrony)
عن ابن عباس قال أنزل القرآن جملة واحدة حتى وضع في بيت العزة في السماء الدنيا ونزله جبريل على محمد بجواب كلام العباد وأعمالهم. (أخرجه الطبراني والبزار)
"Katampi ti ibn ‘Abbas anjeunna misaur, “Al-Qur'an diturunkeun sakaligus sahingga diteundeun di baitul ’izzah di langit dunya. Tuluy Jibril as. nurunkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW dina ngajawab pertanyaan para hamba turta lampahna éta pirang-pirang hamba". (HR. at-Thabrâny dan al-Bazzâr)
Ari hikmah al-Qur'an diturunkeun kalawan sakaligus ka langit dunya nyaéta ngagungkeun niléy al-Qur'an jeung Nabi anu dipaparin wahyu sakaligus jadi warta ka sakumna penduduk langit yén ieu kitab téh kitab anu terakhir diturunkeun.
👉 Al-Qur'an diturunkeun ka Nabi sacara bertahap ti langit dunya ngaliwatan perantara Malak Jibril ti mimiti tanggal 17 Romadhon (nurutkeun sawaréhna pendapat). Ieu pendapat téh dumasar katerangan ayana dawuhan Alloh QS. As Syu’aro’ ayat 193-195.
Jalan Siliwangi No, 54 Cicurug, Cikalang, Tawang
Tasikmalaya
46114
Be the first to know and let us send you an email when Sabilul Huda Media posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.
Send a message to Sabilul Huda Media:
Tell us why this listing should be removed. Our team will review your request.