02/06/2026
AMANAT KH. KHOER AFFANDY (WA AJENGAN )& KH. IIM IBRAHIM (WA HAJI)
AMANAT KH. KHOER AFFANDY
1. Sholat awal waktu berjama'ah.
2. Jangan berhenti mencari ilmu.
3. Jangan terjun ke dunia politik.
4. Jangan berhenti mencari teman.
5. Pertahankan aqidah Ahlussunnah wal Jama'ah.
6. Lamun hayang maju ulah eureun mikir.
7. Lamun hayang maju kudu daek cape.
8. Ulah embung disebut bodo.
9. Ulah embung disebut sahandapeun.
10. Sagala anu timbul kadiri gara-gara diri.
11. Ubar diri aya di diri.
12. Eweuh nu nyaah kana diri kajaba anu boga diri.
13. Harga diri kumaha diri.
14. Ari ngitung kudu tihiji, ulah hayang ujug-ujug angka salapan.
15. Mun nyieun pondasi tong sok waka mikiran kenteng.
16. Senajan teu lumpat tapi ulah cicing.
17. Sagede-gedena jalan syare'at, ulah matak ngurangan tawakal ka Alloh.
18. Tong leumpang dina hayang, tong cicing dina embung, tapi kudu leumpang dina kudu, kudu eureun dina ulah.
19. Tong leresot hate tina eling ka Alloh dina kaayaan kumaha wae; sedih, susah, jigungah.
20. Sarebu sobat saeutik keneh, hiji musuh loba teiung
AMANAT KH. IIM IBRAHIM (Wa Haji)
1. Pertahankeun Aqidah, Syariah, Akhlak Ahlul Sunnah Wal Jama'ah.
2. Shalat awal waktu di masjid berjama'ah.
3. Kudu ngahirupkeun jeung ngamajukeun pasantén, madrasah, ulah pagirang-girang tampian.
4. Tanggung jawab kana agama, tekadkeun ngawaruk nu beurang tawa peutingna, urang seja jihad.
5. Ulah eureun ngaji, aranjeun jalma anu dipilih ku Allah SWT, ngarti jeung heunteuna di mangsa datang kumaha aranjeun ayeuna.
6. Ulah hasud.
7. Kudu nutupan ka'aeban batur.
8. Kudu silih pikanyaah.
9. Sing deukeut jeung masarakat.
10. Anak incu kudu di pasantrénkeun (mondok bari sakola, ulah sakola bari mondok).
11. Barudak lembur rangkul, ulah eureun neangan cara, kumaha cara sangkan daek ngaji; urang kudu kreatif, cara ayeuna teu hasil ku cara baheula, ieu budak lembur modal kahareup, nepi ka akhir zaman, anak turunan urang nu nuluykeunana.
12. Hate ulah nyantel kana dunya, sing nyantel ka akherat.
13. Kudu mapay thorekat anu geus dijalankeun ku Uwa.
---
Ringkesan Amanat Duanana
🌿 Jaga aqidah Ahlussunnah wal Jama'ah.
🕌 Shalat berjamaah di awal waktu.
📚 Terus ngaji jeung neangan élmu.
🤝 Silih asih, silih ajénan, loba babaturan.
❤️ Ulah hasud jeung ulah muka ka'aeban batur.
🏫 Hirupkeun jeung majukeun pesantren.
👨👩👧👦 Didik anak incu ku atikan agama.
💪 Daék usaha, daék capé, ulah gampang nyerah.
🤲 Tawakal ka Allah dina sagala kaayaan.
🌙 Ulah kagoda ku dunya, sing nyiapkeun bekel akherat.
Mugi amanat para sepuh janten pituduh hirup, penguat perjuangan, sareng jalan ngahontal ridha Allah SWT. Aamiin. 🤲🌹