04/06/2016
(Widi ti admin)
Bismillah,
DIBUKA! PENDAPTARAN PMBS (PASANGGIRI MONOLOG BASA SUNDA) III
PAMASS UNPAD TAUN 2016
Pangjajap
Panitén mahasiswa, minangka agent of change, nyindekkeun yén aprésiasi masarakat kana sastra Sunda, hususna sastra rumaja jeung génre monolog mingkin nyirorot—malah husus monolog mah jumlahna kasebut nihil. Padahal, sastra rumaja mangrupa bagian penting pikeun régenerasi hirup-huripna basa, sastra, katut budaya Sunda nu manggapulia. Ku lantaran kitu, Pamass kageuing seja narékahan sabisa-bisa pikeun ngungkulanana. Tangtu baé, lain rék ngamomorékeun wangun sastra lianna kayaning carpon, fikmin, drama, sajak, atawa novél. Da éta mah geus pohara ngamasarakatna.
Pamadegan kitu téh dideudeul ku Dr. Teddi Muhtadin, M.Hum., minangka pangaping ieu kagiatan, yén pancén mahasiswa mah kudu jadi panaratas atawa pamuka jalan pikeun masarakat. Contona, ngawanohkeun barang anyar nu kairong penting pikeun kamekaran basa, sastra, jeung kabudayaan Sunda—sok sanajan éta nu diwanohkeun téh holna ti deungeun. Cindekna, ku ayana kagiatan ieu Pamass boga maksud hayang momulérkeun téater monolog, ngadeudeul sastra rumaja, jeung nyebarkeun génre naskah monolog basa Sunda ka masarakat, hususna di Jawa Barat.
Ku kituna, Panitia neda pangrojong ti sadayana supados ieu acara lungsur-langsar tur rahmat salamet.
Teu hilap diantos pisan ka para inohong/SMA/SMK/MA/satata sa-Jawa Barat kanggo ngadaptarkeun asuhanana kana ieu acara PMBS. Mugia kasaéan Akang miwah Aceuk ku ngadaptarkeun siswa/putrana kénging ganjaran ti Allah Swt. Amin
Formulir pendaptaranana tiasa dieusian langsung ngalangkungan link di handap:
http://goo.gl/forms/H8d8wHrws2DywJii2
atanapi sumping ka sékrétariat Pamass di kampus FIB Unpad Jatinangor.
"Nu maca inya
ulah dipipanawasan
reungeukeun teher rasakeun
picarek taher turutan."
(Yang membaca sungguh-sungguh
janganlah hanya dilihat
dengarkan lalu resapkan
petuah lalu ikuti)
"Dr. Undang A. Darsa, Filolog Sunda
Tina naskah Sewaka Darma"
Hatur nuhun. Cag.