20/03/2017
*PEPELING KANGGO URANG SAREREA*
Dina awak sakujur tèh aya dua unsur, unsur *jasmani* jeung *ruhani*..
Dina bahasa sunda aya kécap
*J***M KURING*..
J***m /jismun hartina Jasad, awak sakujur.
Kuring/Abdi nyaéta Ruhani
Anu ujung-ujungna aya dua oge, nyaéta :
1.J***M / jasad, bakal *BILATUNGAN*
2. KURING/RUH, bakal *BALITUNGAN*
Kumargi kitu kahadé ulah hayoh waé ngalus-ngalus jasad, sakumaha geulis jeung kasép, da ujung-ujungna pasti *BILATUNGAN*.
Ulah poho ka KURING/ABDI, sabab éta nu bakal *BALITUNGAN*
Riksa Diri, Raksa Awak.. ngarah salamet dunya ahérat.
Di tatar Sunda seueur siloka termasuk kécap *SUNDA* éta ngabogaan harti anu jero..
SUNDA tèh ngandung harti *NU NYUSUN DINA JERO DADA*..
Anu kudu nyusun dina jero dada téh nyaéta kalimat
*لااله الا الله*
jumlahna aya 12 huruf, ngandung Harti Aya *12 kawajiban*, nyaeta *6 kawajiban bathin*, *6 kawajiban dohir*.
Kawajiban bathin nyaeta *Rukun iman 6*. Kawajiban dohir *Rukun Islam 5* jeung *Ikhsan 1*.. Jadi jumlah 12.
Lamun manusa geus *Iman, Islam tur nepi kana Ikhsan*.. ngarasa *neuteup* jeung *di teuteup* Ku Alloh, tangtu eta jalma boga rasa rumasa, salamet hirup jeung kahirupanana.
Sabab teuaya deui cilaka nu pang gedé gedéna, iwal ti *cilaka 12*, nyaéta manusa nu geus teu percaya ka Alloh teu maké Iman, Islam jeung Ihsan. Nu 12 huruf tadi
*لااله الاالله*
Mugi mangfaat kanggo abdi sareng sadayana..salam kasadayana dunya sareng akheratna.
Sing balageur hidep hirup didunya teu salilana !!