19/05/2023
Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Puji sinareng syukur mangga urang panjatkeun kahadirat Allah SWT kanggo rahmat sinareng hidayah-Na nu parantos dipasihkeun ka urang sadaya, mugia urang sadaya salawasna aya dina kaayaan séhat wal’afiat dina ngalakukeun sagala kagiatan sadidinten.
Sinareng nyuhunkeun sareng ridho ka Allah SWT, simkuring sakeluargi darussurur 3 gaduh maksad ngulem Bapa,ibu sadayana muslimin muslimat khususna para alumni santri darussurur 3 tina raraga haol seja ngintunan do’a sareng tahlilna Guru urang sadayana Almarhum Almagfurllah Abuya KH. Zainuddin Abu Tholhah bin KH. Abdul Malik sareng sakantenan bade nempelken walimatussafar guru urang sadayana anu wastana Hj.Rumaeso Mahmudiyyah sareng di terasken kana acara Akad Tikah & Walimah putrana Guru urang nyaeta kersana Muhammad Qosim Abdul Malik, Nu insya Allah badé dilaksanaken dina :
Dinten : Ahad
Kaping : 28 Mei 2023
Tabuh : 06.00
Tempat : Ponpes Darussurur 3
Kaikhlasan lalampah saderek sadayana kanggo nungkulan ka uleman ieu, simkuring ucapkeun rewu hatur nuhun,mudaha mudahan urang di pasihan kasehatan dina waktosna
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.