19/08/2025
AMANAT SYAIKHUNA
فالأ فضل فى آخر الزمان الإشتغال بتعلّم العلم ونشره، لأن ذلك بشرط صلاح النية أفضل من قيام الليل وصيام النهار والخلوة والعزلة، فهو قرة عين لرسول الله صلى الله عليه وسلم.
Eweuh deui amal nu paling afdhol di akhir jaman ieu iwal ti katungkul ku ngaji. Asalkan hate urang Ikhlas Niat-na, lewih alus ti batan Qiyamul-Lail, Shiyamun-Nahar, Kholwah jeung Uzlah, sabab ngaji teh amal nu paling di pikacinta ku Rosulullah SAW.
Ulah leutik hate, gedean himmah.
Salah lamun santri make kudu hayang leutik himmah,
ku geus aya di pasantren berarti urang geus di spesialiskeun ku Allah. Urang geus aya dina thoriqoh nu kacida mahalna. Mana deui thoriqoh anu langkung utami daripada thoriqoh Ta’allum & Ta’lim? Mudah-mudahan urang dijadikeun santri nu istiqomah, sarta urang tiasa ngamanfa’atkeun kana naon wae elmu nu tos aya di urang.
Loba jalma nu baroga elmu, tapi te ngarasa boga elmu.
Eta teh salah tea. Palebah urang mah ( Santri ) cicing di kobong sok asa teu boga elmu. Padahal Alfiyyah geus tamat, Juman geus tamat, Syamsiyyah geus tamat, Qur’an nage di talar. Kapan geus laluhur eta elmu teh.
العالم والمتعلم شركان فى الخير
Guru jeung murid salamina aya dina kasaean.
Sok sing harasil maksad. maranfa’at Elmu.
Ulah laleutik Hate!!