09/11/2024
Teks MC Pembuka Bahasa Sunda Acara Keagamaan
Assalamualaikum. Wr. Wb.
Allhamdulillahilladzi arsalarasuulahu bilhuda wabinilhaqi, liyudhirahu ‘aladdiini kullihi wakafa billahi syahidan asyhadu anlaa ilaaha illallahu wa asyhadu anna muhammadan rasulullah allahumma sholli ‘ala sayyidina muhammadin wa ;alaa alihi wa shobihi azma’in, amma ba’du.
Anu ku simkuring dipika hormat al mukarrom Bapak Kepala Desa …
Anu ku simkuring dipika hormat Bapak Lurah …
Anu ku simkuring dipika hormat Bapak RT/RW …
Miwah Bapak, Ibu, hadirin sadayana
Tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puji sareng puja ka dzat Allah anu Maha Kawasa, Maha Suci, sinareng syukur ka dzat Allah anu Maha Ghafur. Kalayan nikmat ti mantenna urang sadayana tiasa kempel, paamprok jongkok patepang raray dina raraga kagiatan (…)
Salajengna, sholawat sinareng salam mugia di curah limpahkeun ka baginda alam kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka para kluargina, para sahabatna, para tabiin tabiatna pamugi urang sdayana d wuwuh ku rahmat sreng kasalametanna jaga di yaumil akhir. Amin ya rabbal alamin..
ADVERTISEMENT
Hadirin sayanana anu ku Simkuring dipihormat.
Simkuring dina raraga acara ieu, wireh kapapancenan janten MC atawa pangjajab acara (…). Kumargi kitu, setaacan ieu acara di kawitan, nyuhunkeun widi kanggo ngadugikn sababaraha acara anu baris dipidangkeun, d antawisna nyaeta:
Pembukaan
Maoskeun basmalah
Maos ayat suci Al Quran
Sambutan-sambutan
Acara inti
Maoskeun doa
Panutup
Bapak Ibu, miwah para hadirin sadayana, supados teu nyangkong teuing kana waktos, mangga urang buka acara ieu ku maoskeun basmalah sasarengan, bissmillahirrohmanirrohim.