29/09/2021
*DIANTARA SABABIYAHNA HIRUP SEMPIT*..
Basajan sabenerna mah guaranna téh, dina nalika haté rupek ,pikiran sempit hirup didunya bakal karasa sempit, sagala dihésé-hésé ku diri nepi ka timbul nu ngaranna penggas harepan, mun seug geus penggas harepan, mangka jiwana runtag jauh tina boga himmah/cita-cita ogé jauh tina ghirroh/kasumangetan. Naon sababna haté rupek? Naon sababna pikiran jadi sempit? Sabab euweuhna syukuran ka Alloh. Jalma nu mumul syukuran ka Alloh bakal katutupan jalan hirupna, katutupan pikiranna, katutupan jiwana. Sabab jangji Alloh dina Al-Qur'an:
ولئن كفرتم ان عذابى لشديد.
Sakitu poharana siksa Alloh ka jalma nu kufur nikmat, kufur didieu hartina ditutupan, jadi katutup kahégaran haténa, katutup kacerdasan berpikirna, katutup kasumangetan dina hirupna, jadi heureut léngkah, loba ngarasula, hirupna carékeun waé batur, antukna ceuriiiik waé saban waktu, saolah-olah ngarasa dirina téh didzolim, di apilainkeun, di anak térékeun. Tur padahal salah dirina, sabab tara daék syukuran hirupna. Basajan sabenerna mah nancebkeun rasa syukur téh, teu kudu jauh-jauh, nyukuran kana bisa nempo bisa ngadéngé ogé geus mangrupa ibadah nu luar biasa, ku bisa nempo jeung bisa ngadéngé lain ngan saukur disyukuran ku ucapan wungkul, tapi disyukuran deui ku cara ngamumuléna éta panon jeung ceuli kana ibadah ka Alloh SWT.
Sing inget kana jangjina Alloh SWT, Alloh SWT ngadawuh dina Al-Qur'an:
لئن شكرتم لأزيدنكم..
Daék syukuran téh saenyana bakal ditambah-tambah ku Alloh rezekina, rezeki didieu maksudna lain rezeki harta banda waé, ti mimiti rezeki jodo, rezeki boga anak, rezeki élmu, rezeki kamaslahatan, kabungahan jsb. Jadi, ku ayana ditambah-tambahna rezeki ku Alloh téh lain rezeki nu aya unsur istidrojna/panyungkun alias méré bari kapaksa, tapi ieu mah ditambah-tambahna rezeki téh dibarengan ku bumbuna kabahagiaan. Sabab teu saeutik, nalika jalma dibéré rezeki tapi teu jadi kabahagiaan kana kahirupanna. Sabab nalika jalma nu sok syukuran ka Alloh mah nalika ditambah-tambah rezekina ku Alloh téh, bakal karasa bungahna ku nampa éta rezeki-Na, rék saeutik rék loba, haténa bungaaah wé nu taya bandinganna. Nalika diri geus bungah, ciri berarti Alloh ridho maparin rezekina, mun seug Alloh ridho ka jalma nu ridho kana paparinan-Na, tinangtu Alloh bakal maparin katenangan ogé katengtreman dina kahirupanna éta jalma. Tah katenangan jeung katengtreman téh nyatana perkara nu mahal hargana nu moal bisa diukur ku harta banda.
Mugia manfaat.
Walloohu A'lam Bish Showaab