16/07/2015
Aweuhan takbir parantos ngumandang
di sadayana madhab penjuru alam raya,
di embohan ku sora bedug jeung kohkol
patembalan dimana~mana. . .
Rasa kabungah karaos ku sadaya umat,
kasedih digentos ku kabungah anu taya wates wangena,
anu fakir oge anu miskin, komo anu tajir
sami ngaraoskeun. . .
Kabungah ulah ngadikeun urang
lengah. . .!
kedah tetep waspada
tanginas buringas
rurat reret make hate,
ka kenca jeung ka katuhu,
bisi aya keneh dina ieu waktu
anu ceurik balilihan
lantaran kakurang. . .
Mere maweh ka sasama
nyisihkeun ka boga,
perhatikeun pahatu lalis anu hirupna nunggelis
teu sanak teu baraya
komo indung bapa. . .
sanajan maranehna sagala aya tapi bungah karasana mun ku urang diropea,
nyurahkeun kadeudeuh tanpa balas jasa. . .!
Punten sim kuring sanes ngabeja'an bulu tu'ur,
ieu mah sakadar ngemutan bilih kapohoan. . !
'Sim kuring atas nami
Yayasan kalih Guru-guru MTS Haurgeulis
Neda dihapuneten...