Ngaji Diri

Directions Website Contact the school

Ngaji Diri Ngagundukkeun ingetan jang titinggalan mun ke tos teu aya... khususna kanggo ka anak incu, umumna ka

“Kadang urang sok serius mikir dosa batur, padahal kopi sorangan can béak. Ngaji diri téh teu kudu tegang, cukup seuri b...
21/05/2026

“Kadang urang sok serius mikir dosa batur, padahal kopi sorangan can béak. Ngaji diri téh teu kudu tegang, cukup seuri bari nginum kopi, maca buku, terus sadar: nu kudu dibenerkeun téh diri sorangan.”

“Ari memang kudu kajadian mah, sok sanajan jalma nu biasana sabar, kadang-kadang bisa ngadadak ambek gedé heula. Tapi sa...
21/05/2026

“Ari memang kudu kajadian mah, sok sanajan jalma nu biasana sabar, kadang-kadang bisa ngadadak ambek gedé heula. Tapi sanggeusna, haté sok karasa kaduhung. Ambek téh siga seuneu nu ngaduruk, tapi kaduhung téh siga haseup nu nyisakeun sesek. Ku kituna, urang kudu diajar ngaji diri: nahan amarah saméméh kaluar, sabab lamun geus kaluar mah, nu balik téh ngan ukur rasa kaduhung.”

"Ngaji diri dinten ieu ngémutan deui dawuhan guru: 'Ari aya dina paksaan Allah mah, nu biasana pinter gé, sok ngadak-nga...
21/05/2026

"Ngaji diri dinten ieu ngémutan deui dawuhan guru: 'Ari aya dina paksaan Allah mah, nu biasana pinter gé, sok ngadak-ngadak bodo heula.'Kajadian viral jalma-jalma anu kaleungitan kasabaran téh sabenerna nuju mintonkeun leresna sauran éta. Sanés aranjeunna teu sakola atanapi teu terang hukum, tapi nalika Gusti Allah parantos 'ngaleupaskeun' hidayah sarta rahmat-Na tina haté hamba kusabab panyakit sombong, manehna bakal ngalakukeun kabodoan anu ngaruksak dirina sorangan dina hitungan detik. Astagfirullah... mugi urang sadaya dijauhkeun tina sifat kitu."

Napas & Takdir "Ibarat urang keur lalayaran, angin anu niup (napas) teh geus diatur ku Nakhoda (Allah) supaya parahu ura...
11/02/2026

Napas & Takdir
"Ibarat urang keur lalayaran, angin anu niup (napas) teh geus diatur ku Nakhoda (Allah) supaya parahu urang tepi ka tujuan. Tugas urang ngan saukur ngatur layar (sikep hate) supaya luyu jeung arah anginna."
​:

MAHLUK IBARAT KALANGKANGHirup di dunya téh lir ibarat urang jeung kalangkang. Lamun éta kalangkang tuluy diudag, moal pi...
09/02/2026

MAHLUK IBARAT KALANGKANG

Hirup di dunya téh lir ibarat urang jeung kalangkang. Lamun éta kalangkang tuluy diudag, moal pisan beunang. Ukur capé jeung lelah nu karasa. Beuki tarik urang lumpat, beuki jauh kalangkang ninggalkeun.

Tapi, coba mun urang malik. Teu miroséa deui éta kalangkang, tuluy leumpang ngadeukeutan sumber cahaya. Malah, kalangkang téh bakal satia nuturkeun ti tukang.

Kitu deui jeung dunya. Mun dunya nu jadi udagan utama, urang bakal terus ngarasa kurang jeung teu sugema. Sabalikna, mun urang malik ka Nu Miboga dunya, ka Allah SWT, bari terus ikhtiar dina jalan-Na, dunya sorangan nu bakal nuturkeun urang.

Sakumaha dawuhan dina hiji hadits: "Saha jalma anu dunya janten tujuan utamana, maka Allah bakal nunda kafaqiran (rasa kurang) di payuneun panonna, sarta Allah bakal manceuhkeun urusanana (matak lieur), sarta dunya moal datang ka manéhna iwal ti naon anu geus ditetepkeun pikeun manéhna. Sarta saha jalma anu ahérat janten niatna, maka Allah bakal ngajadikeun kabeungharan dina haténa, ngumpulkeun (ngarapiuhkeun) urusanana, sarta dunya bakal datang ka manéhna dina kaayaan tunduk."

07/02/2026

"Tidagorna geus kajadian, benjolna geus aya. Rek ditolak kumaha oge, moal bisa balik deui jadi mulus harita keneh. 🤕

Hirup oge sarua, aya hal-hal nu geus jadi katangtuan (Taqdir). Barangna geus katarima ku urang, naha bet keukeuh embung narima? Beuki nolak kana Taqdir, beuki nyeri karasana.

Narima lain hartina taluk, tapi hartina urang pinter sangkan teu terus-terusan tidagor kana kanyataan nu sarua. 🙏✨"

Manawi aya nu bade usul, sae na kedah kumaha supados pangaosan di halaman ngaji diri ieu aya peningkatan ? Mangga dianto...
05/02/2026

Manawi aya nu bade usul, sae na kedah kumaha supados pangaosan di halaman ngaji diri ieu aya peningkatan ? Mangga diantos masukannana. Hatur nuhun.

Address

Karawang

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Ngaji Diri posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Contact The School

Send a message to Ngaji Diri:

Shortcuts

Share