30/12/2022
Assalamu’alaikum Wr. Wb
Sadaya puji tangtos kanu Maha Suci Allah Rabbul Izzati. Kalih syukur kanu Maha luhur Allah Rabbul Ghofur.
Kalayan ngalangkungan ieu serat, Keluarga besar PP Al-Faizin (Fauzan 04) seja bade ngemut-ngemut kana wafatna *(HAUL) Almarhum Walmaghfurlah KH. A. Baban Sohibul Bayan bin Syaikhul Masyaikh Asy Syaikh KH. A. Muhammad* anu ka 9, sim abdi sadaya seja ngulem ka Bapak/Ibu saderek sadayana anu insya Allah bade dilaksanakeun dina :
🗓️ Dinten : Minggon, 01 Januari 2023 M/08 Jumadil Akhir 1444 H
⌚ Waktos : 09.00 Dugika Rengse
♂️ Tempat : Pondok Pesantren Al-Faizin ( Fauzan 04 ) Kp. Maknufah, Rt/Rw. 001/005, Desa Sukaresmi, Kecamatan Sukaresmi Kabupaten Garut.
Bingah Amar Wata Suta anu teu aya hinggana saupami Bapak/Ibu saderek tiasa nyumpingan dina wktosna pangulemna sim abdi sakulawargi.
Sakitu anu kapihatur, hatur nuhun kana sagalarupi perhatosan nana.
Wallahul Muwaffiq Illa Aqwamitthoriq
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.