Ma'had Alqur'an Alfurqon

Ma'had Alqur'an Alfurqon

Share

Yayasan Pondok Pesantren Al furqon Bojong Bagjan Garut

15/01/2025

Terima kasih banyak untuk penggemar berat baru saya! Anjarnugraha

Photos from Ma'had Alqur'an Alfurqon's post 27/05/2024
19/04/2024

10 DU’A SUPAYA PALAPUTRA SHOLEH JEUNG SHOLEHAH

1. DU’A NABI ZAKARIA

رَبِّ هَبۡ لِي مِن لَّدُنكَ ذُرِّيَّةٗ طَيِّبَةًۖ إِنَّكَ سَمِيعُ ٱلدُّعَآءِ
“Ya Robb, pasihan abdi ti pihak Gusti anak turunan anu sae, saestuna Gusti anu maha ngadangu kana du’a abdi” (QS.Ali Imron : 38)

2. DU’A NABI IBRAHIM

رَبِّ ٱجۡعَلۡنِي مُقِيمَ ٱلصَّلَوٰةِ وَمِن ذُرِّيَّتِيۚ رَبَّنَا وَتَقَبَّلۡ دُعَآءِ
“Ya Robb, jantenkeun abdi sareng anak turunan abdi anu ahli ngadegkeun sholat, Ya Robbana, kabulkeun du’a abdi” (QS.Ibrahim : 40)

3. DU’A SUPAYA ANAK IMAN JEUNG TAQWA

رَبَّنَا هَبۡ لَنَا مِنۡ أَزۡوَٰجِنَا وَذُرِّيَّٰتِنَا قُرَّةَ أَعۡيُنٖ وَٱجۡعَلۡنَا لِلۡمُتَّقِينَ إِمَامًا
“Ya Robbana, pasihkeun ka abdi ti pun bojo sareng pun anak turunan abdi sing janten kabungah hate abdi, jantenkeun abdi sadaya salaku imam pikeun jalmi-jalmi anu tarakwa” (QS.Al-Furqon : 74)

4. DU’A SUPAYA ARAPAL QURAN HADITS

اَللَّهُمَّ اجْعَلْ أَوْلَادَنَا أَوْلَادًا صَالِحِيْنَ حَافِظِيْنَ لِلْقُرْآنِ وَالسُّنَّةِ فُقَهَاءَ فِى الدِّيْنِ مُبَارَكًا حَيَاتُهُمْ فِى الدُّنْيَا وَاْلآخِرَةِ
“Ya Alloh, jadikeun pun anak sadayana janten jalmi anu saroleh, arapal Quran sareng Hadits, ngalarti kana agama, di berkahan kahirupanana di dunia sareng akherat”

5. DU’A SUPAYA ANAK BABAKTI KANU JADI KOLOT

اَللَّهُمَّ بَارِكْ لِي فِي أَوْلَادِي وَلَا تَضُرَّهُمْ وَوَفِّقْهُمْ لِطَاعَتِكَ وَارْزُقْنِي بِرَّهُمْ
“Ya Alloh berkahan pun anak sadayana, ulah dipasihan kamadaratan, pasihan pitulung kanggo to’at ka Gusti, mugi abdi dirizkian kahadean maranehna”

6. DU’A SUPAYA BARUDAK PALINTER

اَللَّهُمَّ امْلَأْ قُلُوْبَ أَوْلَادِنَا نُوْرًا وَحِكْمَةً وَأَهْلِهِمْ لِقَبُوْلِ نِعْمَةٍ وَاَصْلِحْهُمْ وَاَصْلِحْ بِهِمُ الْأُمَّةَ
“Ya Alloh, pinuhan hate pun anak sadayana ku cahaya iman sareng hikmah kaelmuan, sing jaranten ahli nu nampi ni’mat Gusti, mugi solehkeun diri maranehna sareng tiasa nyolehkeun umat”

7. DU’A SUPAYA NGALARTOS KANA AGAMA

اَللَّهُمَّ فَـقِّـهُّـمْ فِى الدِّيْنِ وَعَـلِّمْهُمُ التَّأْوِيْلَ
“Ya Alloh, pun anak sadayana sina ngalartos kana agama, sareng pasihan elmu kanggo na’wil nafsiran ayat-ayat Al-Quran” (HR.Al-Bukhori)

8. DU’A SUPAYA PUTRA SADAYANA PALINTER

اَللَّهُمَّ اجْعَلْهُمْ صَحِيْحًا كَامِلاً وَعَاقِلًا حَاذِقًا وَعَالِمًا عَامِلًا
“Ya Alloh, mugi pun anak sadaya aya dina kasehatan anu sampurna, emutan anu palinter, oge gaduh elmu bari tiasa amal”

9. DU’A PANYINGLAR SYETAN.

أُعِيْذُهُمْ بِكَلِمَاتِ اللَّهِ التَّامَّةِ مِنْ كُلِّ شَيْطَانٍ وَهَامَّةٍ وَمِنْ كُلِّ عَيْنٍ لَامَّةٍ
“Abdi nyuhunkeun panyalindungan ka Gusti, kanggo sadaya pun anak, kalayan kalimah-kalimah Gusti anu sampurna, mugi sadayana di jaga tina saban panggoda syetan areng sasatoan seungseureudan, dijagi tina panempo panon anu awon”. (HR. Abu Daud 3371, Al-Bukhori dan Tirmidzi)

10. DU’A KABERKAHAN DUNYA AKHERAT

اللَّهُمَّ أَصْلِحْ لَنَا فِي أَئِمَّتِنَا وَجَمَاعَتِنَا وَأَهْلِنَا وَأَزْوَاجِنَا وَذُرِّيَّاتِنَا وَأَمْوَالِنَا وَفِيمَا رَزَقْتَنَا وَبَارِكْ لَنَا فِيهِمْ فِي الدُّنْيَا وَالْآخِرَةِ
“Ya Alloh, solehkeun kanggo abdi, sadaya pamipin sareng rahayatna, solehkeun keluarga abdi, sadaya pun bojo, sadaya anak turunan, katut harta banda abdi sadaya. Oge maslahatkeun sadaya rizki abdi, berkahan sadayana di dunya sareng akherat”

(Di serat ku pangersa Ust Asep M. Tohir Soleh. Mudah-mudahan turunan urang sadaya di paparin kaberkahan, saroleh sadayana, tiasa ngabungahkeun ka sepuh-sepuhna kalayan maotna husnul khotimah dina kaislaman.)

22/03/2024

GETIH NU KALUAR TINA FARJI AWEWE

1. HED
2. NIFAS
3. FASAD/ISTIHADOH
4. TOLQU/WILADAH

1. HED ; nyaeta getih tabeat awewe anu kaluar tina farji bari dina kaayaan sehat
warna na aya 5
- coklat
- berem semu hideng
- beureum
- berem pias
- bodas

batasan umur pikeun masa hed, minimal 9 taun (hijriyyah)
batasan umur eureun hed (monopos) minimal 51 taun, maksimal 62 taun
ukuran jaman hed:
- paling saeutik sapoe sapeting (24 jam)
- galibna 6 atw 7 poe
- pangloba na 15 poe

ari cara ngitung hed aya 2 jalan,

1. SUHUB, cara na ngitung waktu kaluar na getih, saba'da di jumlahkn kudu nepi kana 24 jam, sehingga lamun jumlahan waktu kaluarna getih kurang ti 24 jm najan dina waktu 15 poe eta lain hed.
conto saminggu kaluar getih tapi selang-selang, ari di jumlahkn waktu anu kaluarna aya 22 jm, maka teu menang waka adus kudu di tangguhken kana 15 poe, lamun nepi ka 15 teu kaluar deui eta lain hed, solat na wajib di kodoan kabeh.

2. LAKIT, nyaeta ngahukuman hed dimana kaluar getih, lamun saat najan can 15 eta menang adus trus solat, jeng lamun tos bebersih kaluar deui getih solat eureun deui, sapanjang can 15 poe. ari hukumna dina waktu panyelang anu teu laluar getih eta hed keneh, sehingga lamun puasa dina wakti eta teu jadi

lamun geus 15 poe getih anger kaluar maka wajib adus trus wajib salat ngan hukumna langgeng hadas, getihna getih istihadoh, halal di jima najan getih na ker loba pisan

JAMAN SUCI
- suci diantara 2x hed miniml 15 poe
- suci antara hed jeng nifas, teu aya ukuran bahkan bisa nyambung saperti nu hamil hed, hed can saat trus orokan terus nifas

- antara nifas jg hed, lamun can 60 poe ieu minimal 15 poe, ngan lamun geus 60 poe ieu cukup suci sakedeung

- teu inget kana ukuran hed anu memehna waktu sehat (normal) ieu mah di sebut mutahayyiroh, urusan solat wajib, br wajib adus tiap rek solatna.

lamun urusan di alap s**a antra bujal jeng tuur mah haram.

urusan puasa na anu mutahayyiroh, ieu wajib puasa pul 2 bulan di tambh 6 poe,

anu 2 bulan tiap sabulan na di itung puasa 14 poe, anu 15 poe di ihtimalkeun hed, anu sapoe na di ihtimalkeun saat ti berang (kecuali yakin nu kamari teh saat na peting, eta mah sabulan na di anggap 15 poe) sehingga anu di anggap jd na ukur 14 poe. 2 buln th 28 poe, kana 30 kurang knh 2 poe deui.

ker anu 2 poe na, puasa awal bulan 3 poe, trus eureun 12 poe trus puasa deui 3 poe

Getih tolku/wiladah, eta getih anu kaluar memeh kaluar orok atawa bareng jeng orokan, hukumna wajib solat

dimana datang hed dina awal waktu saukuran waktu anu mahi ker wudu jg solat, maka wajib dikodoan solat anu eta.

dimana saat dina ahir waktu bari aya keneh sesa waktu saukuran takbirotul ihrom eta wajib di kodoan solat anu eta jeng solat anu memehna lamun bisa di jama, saperti saat dn waktu asar kodoan jg lohorna, saat dina waktu isa kodoan jeng magribna

lamun getih terus2 an kaluar nepika manggih deui bulan anyar, cara nangtukeun hed ieu di wincik ningali anu hed na wae;
1. mubtadiah (anu kakara hed.
2. goer mubtadiah (anu geus biasa najan karek sakali)

mubtadi'ah kabagi 2;
- mumayyizah, anu bisa ngabedakeun warna getih, anu kentel jeng warna na kolot eta hed, anu hencer jeng warna na pias eta istihadoh, syraat anu kolotna minimal sapoe sapeting, maksimal 15 poe
anu pias na minimal 15 poe.

- goer mumayyizah, teu bisa ngabedakeun warna getih atawa teu cumpon syart anu luhur, (saperti anu pias na kurang ti 15 poe) ngahukuman hed na sapoe sapeuting, sesana istihadoh

hukum datang jeng beres na hed anu patali jeung solat

ari goer mubtadiah (anu geus biasa sarua kabagi 2.
1. mumayyizah, nu bisa ngabedakeun jeung cumpon syarar na.
2. goer mumayyizah, kabagi 2;
- inget kana ukuran hed ker waktu sehat ( hed normal anu memeh kaluar trus2an)
ngahukuman hed na sarua jeng tiheula, sesa na istihadoh wajib solat ( conto nu tiheula hed th ti tgl 5 nepi ka 12, maka hed na tgl 5 nepi 12, sesana istihadoh)

GETIH NIFAS
nipas, getih anu kaluar saba'da sampurna kaluarna orok.
minimal sakecret, galibna 40 poe, maksiml 60 poe.
(masalah)
1. beres orokan teu langsung kaluar getih trus kaluar, lmn kurang ti 15 poe ti orokan eta nipas, lmn leuwih tina 15 poe ti orokan, mungkn hed mungkin istihadoh, berarti teu nipas

2. lamun memeh 60 poe saat, trus kaluar deui, lmn saat na kurang ti 15 poe eta nifas knh, lmn saat na leuwih ti 15 poe eta mungkn hed mungkn istihadoh.

3. lmn geus 60 poe getih trus kaluar wae, maka nu saleuwihna ti 60 poe eta istihadoh. lmn di selang ku saat najan sakedeng getih nu kadua mungkn hed mungkin istihadoh.

02/03/2024
23/10/2023

Nadom Gusti urang sarerea (Full Nadom)

Gusti urang sarerea,
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad Jenengannana,
Arab Qurais nya Bangsana.

Ramana Gusti Abdullah,
Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeunna di Mekah,
Wengi Senen Taun Gajah.

Robiul Awal bulanna,
Tanggal ka dua belasna
April bulan Masehina,
Tanggal ka dua puluhna.

Ari bilangan Taunna,
Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambihna,
Sareng sahiji punjulna.
Siti Aminah Misaur,
Waktos babarna kacatur
Ningal cahya meni ngempur,
Di Bumina hurung mancur.

Babar taya kokotoran,
Orok lir kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan,
Sarta harum seuseungitan.

Medal Nabi ahir jaman,
Pirang-pirang kaanehan
Sesembahan bangsa setan,
Kabeh pada karuksakan.

Nabi yuswa lima bulan,
Geus tiasa angkat-angkatan
Yuswana salapan bulan,
Geus capetang sasauran.

Yuswana sapuluh bulan,
Tiasa ameng papanahan
Ngelehkeun budak nu lian,
Tapi tara kumagungan.

Parangina Kangjeng Nabi,
Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gede kawani,
Sabar nyaah ka sasama.

Keur opat taun yuswana,
Dibersihan manahna
Nabi dibelah dadana,
Malaikat nu meulahna.

Jibril kadua rencangna,
Mikail jenengannana
Ngeusikeun kana manahna,
Ilmu hikmah sapinuhna.

Tuluy dada Kangjeng Nabi,
Gancang dirapetkeun deui
Sarta teu ngaros nyeri,
Dihap ku Khotamin Nabi.

Harita Nabi ayana,
Di lembur Ibu inangna
Halimah jenengannana,
Sa’diyah ngaran lemburna.

Rama Nabi kacaturkeun,
Pupusna kacarioskeun
Basa Nabi dibobotkeun,
Dua sasih kaunggelkeun.

Keur lima taun yuswana,
Ditinggal pupus Ibuna
Tuluy dirawat Eyangna,
Abdul Mutolib asmana.

Kersana Robbul ‘alamin,
Kangjeng Nabi nu prihatin
Yuswa dalapan taun yakin,
Eyangna mulih ka batin.

Sabada wafat Eyangna,
Nabi dirawat Uwana
Abi Tolib kakasihna,
Saderek teges Ramana.

Kangjeng Nabi sering pisan,
Dicandak ka Nagara Syam
Sok nyandak barang dagangan,
di dinya teh pajeng pisan.

Kacatur di eta Nagri,
Loba Pandita Yahudi
Sarta Pandita Nasrani,
Nu tepang jeung Kangjeng Nabi.

Sadayana sasauran,
ieu jalma mo nyalahan
Pinabieun ahir jaman,
Tauret Injil geus ngibaran.

Sipat Nabi panganggeusan,
Aya di Anjeuna pisan
Hartina loba nu Iman,
Ka Nabi ngangken panutan.

Lami-lami Kangjeng Nabi,
Disambat ku hiji istri
Dagang ka unggal Nagari,
Kauntunganna dibagi.

Istri jenengan Khodijah,
Putra Huwalid ka telah
Nu pangbeungharna di Mekah,
Ka Nabi ka langkung nyaah.

Siti Khodijah masrahan,
Ka Nabi barang dagangan
Maisaroh nu ngarencangan,
Ka Nabi purah nyarengan.

Kacarios Maisaroh teh,
Loba pamendakna aneh
Ciciren Nabi nu soleh,
Matak ngaherankeun kabeh.

Tatangkalan uluk salam,
Mega bodas sok mayungan
Jeung aya cap kanabian,
Dina salirana pisan.

Pamendak Siti Khodijah,
Cocok pisan jeung Maisaroh
Ahirna Siti Khodijah,
Ka Nabi mundut ditikah.

Harita yusawana Nabi,
Salawe taun kawarti
Ngadak-ngadak sugih mukti,
Tapi tambah saati.

Karesepna Kangjeng Nabi,
Ka Gusti Allah ngabakti
Di Gunung Hiro maranti,
Ibadahna saban wengi.

Di dinya jol kasumpingan,
Jibril nu nurunkeun Qur’an
Kalawan dawuh Pangeran,
Nabi didamel utusan.

Harita yuswanan Nabi,
Pat puluh taun kawarti
Diutus ku Allah pasti,
Nyebarkeun Agama Gusti.

Anu iman pangheulana,
Siti Khodijah garwana
Abu Bakar kaduana,
Sohabat nu pangmulyana.

Murangkalih nu nonoman,
Anu panheulana iman
Sayidina Ali pisan,
Ka Nabi saderek misan.

Jeung ari jalma beulian,
Anu pangheulana iman
Sayidina Bilal kaleresan,
Anu jadi tukang adan.

Ari lolobana pisan,
Ka Nabi teh ngamusuhan
Nganiaya ngajailan,
Teu aya pisan ras rasan.

Para sahabat kungsi ngalih,
ka Nagri Habsyi nu tebih
Di dinya Anjeuna linggih,
Kira kenging tilu sasih.

Samulih sohabat ti Habsyi,
Kacarios Kangjeng Nabi
Kenging pohara cocobi,
kersana nu Maha Suci

Uwana sareng garwana,
Pada pupus duanana
Harita Nabi yuswana,
Ka lima puluh taunna.

Geus pupus Siti Khodijah,
Nikah ka Siti Saodah
Sareng Siti Aisyah,
Ummul Mu’minin katelah.

Ti dinya kersa pangeran,
Maparin kamulyaan
Ka Nabi nu ahir jaman,
Kakasih nu sipat Rohman.

Nuju tanggal tujuh likur,
Bulan Rajab nu kacatur
Nurut koul anu masyhur,
Kangjeng Nabi teh disaur.

Dipapag ku Malaikat,
Nyandak Buroq nu kasebat
Leumpangna teh cara kilat,
Tunggangan Nabi angkat.

Ti Mekah ka Baitul Maqdis,
Teu nganggo lami antawis
Ku jalma hanteu katawis,
Kersana Gusti nu Wacis.

Ti Baitul Maqdis terasna,
Naekna Tangga Kancana
Mi’raj tea kasebatna,
Ka langit Nabi sumpingna.

Tujuh langit sadayana,
Jeung ’Arasy nu pangluhurna
Disumpingan sadayana,
Katut Surga Narakana.

Kangjeng Nabi ditimbalan,
Ku Gusti nu sipat Rohman
Anjeuna kudu netepan,
Solat muji ka Pangeran.

Kabeh jalma anu iman,
Sami pada kawajiban
Solat nu lima giliran,
henteu meunang dikurangan.

Solat eta minangkana,
Dina Agama tihangna
Jalma nu luput solatna,
Nyata rubuh agamana.

Kacarios dina jaman,
Mi’rajna Nabi panutan
Yuswana teh kaleresan,
Lima puluh dua jalan.

Kapir Mekah kacaturkeun,
Barang Nabi nyrioskeun
Mi’raj lain dimulyakeun,
Anggur pada nyeungseurikeun.

Pada hasud ngakalakeun,
Ti dinya Allah ngersakeun
Kangjeng Nabi dialihkeun,
Ka Madinah disirnakeun.

Per sahabat pirang-pirang,
Nu bumela milu iyang
Milu ngalih sewang-sewang,
Henteu pisan sumoreang.

Tambah kamulyaan Nabi,
Di Madinah asal sepi
Jadi reme ku nu ngaji,
Muji ka nu Maha Suci.

Sapuluh taun lamina,
Di Madinah jumenengna
Agama Islam cahyana,
Gumebyar kamana-mana.

Nagri Mekah diperangan,
Ahirna kaboyong pisan
Nabi tambah kamulyaan,
Yakin lain jijieunan.

Ari yuswa Kangjeng Nabi,
Genep puluh tilu pasti
Maqomna dijero nagri,
Madinah nagara suci.

Puputrana Kangjeng Nabi,
Aya opat anu istri
Siti Zaenab nu kahiji,
Ruqoyah nu hijita deui.

Ummi Kultsum katiluna,
Siti Fatimah bungsuna
Ari putra nu cikalna,
Sidna Qosim kakasihna.

Sidna Abdullah rayina,
Ibrahim katiluna
Eta nu genep putrana,
Siti Khodijah Ibuna.

Sidna Ibrahim Ibuna,
Mariyah jenengannana
Istri ti Mesir asalna,
Tah kitu turunannana.

Putra nu pameget kabeh,
Pupus keur aralit keneh
Nu istri carogena teh,
para sahabat nu soleh.

Siti Zaenab carogena,
Abul ’Ash jenengannana
Siti Ruqyah carogena,
Sidna Ustman mimitina.

Geus Siti Ruqyah hilang,
Anjeuna turun ka ranjang
Ummi Kultsum putri lenjang,
Ditikah gentos nu hilang.

Caroge Siti Fatimah,
Sidna Ali nu katelah
Bakaromallohu Wajhah,
Anu kamasyhurkeun gagah.

Ari putu Kangjeng Nabi,
Dalapan pameget istri
Siti Umamah jeung Ali,
Ti Siti Zaenab kawarti.

Ari Sidna Abdullah mah,
Putu ti Siti Ruqyah
Putu ti Siti Fatimah,
Aya lima kabehna mah.

Tilu anu pamegetna,
Sidna Hasan kakasihna
Sidna Husain kaduana,
Sidna Muhsin katiluna.

Ummi Kultsum nu isterina,
Ka Sidna Umar nikahna
Sitna Zaenab kaduana,
Nurut ungeling wartosna.

Urang kudu cinta ati,
Ka turunan Kangjeng Nabi
Poma ulah goreng ati,
Sumawonna hiri dengki.

Ari mungguh Kangjeng Nabi,
Nyaahna langkung ti misti
Ka umatna jaler istri,
Leuwih ti sepuh peribadi.

Welas asih ka nu miskin,
Sumawonna ka budak yatim
Pada seubeuh ku paparin,
Kadaharan jeung pisalin.

Akuan ka urang kampung,
Calik satata ngariung
Tara angkuh jeung adigung,
Sanajan ka urang gunung.

Ka nu nyandak kasusahan,
Gering jeung papatenan
Ngalayad sarta ngubaran,
Ngajajapkeun ka kuburan.

Manis saur manis budi,
Estu mustikaning jalmi
Sajagat mo mendak deui,
Sae rupi jeung parangi.

Raray lir bulan purnama,
Halisna lir katumiri
Waos lir intan biduri,
Salira harum wawangi.

Estu kersaning Pangeran,
Lain seungit diminyakan
Karinget pada nandean,
Diparake seuseungitan.

Sakitu Nabi mulyana,
Taya pisan adigungna
Angkat pungkureun sohbatna,
Kalangkung handap asorna.

Anggoan kersa lumayan,
Najan nu geus ditambalan
Kitu deui katuangan,
Banget pisan dikurangan.

Betah dina kamiskinan,
Lain sabab teu kagungan
Ngahaja bae ngirangan,
Ngarah karidoan Tuhan.

Pirang-pirang mu’jizatna,
Tawis kanabiannana
Qur’an nu nomer hijina,
Mu’jizat nu pangmulyana.

Tangkal nu perang daunna,
Sisiram tilas abdasna
Ngadadak loba buahna,
Sarta hirup satuluyna.

Domba nu begang kuruna,
Sartana Lapet susuna
Diusap ku pananganna,
Ngadadak juuh susuna.

Dina hiji waktos deui,
Sohbat kakirangan cai
Teras bae Kangjeng Nabi,
Mundut cai anu kari.

Cai ngan saketel pisan,
Taya deui anu liyan
Nabi neuleumkeun panangan,
Dumadak tuluy manceran.

Cai mancer loba pisan,
Kaluar tina panangan
Sela-sela ramo pisan,
Cukup ku jalma rebuan.

Kacatur hiji Bedewi,
Ngadoja ka Kangjeng Nabi
Nitah nyaur tangkal kai,
Sina ngomong cara jalmi.

Tuluy tangkal teh disaur,
Harita ku Kangjeng Rosul
Tangkal datang ngagulusur,
Akarna teh digugusur.

Ngadeuheus ka Kangjeng Nabi,
Uluk salam cara jalmi
Sanggeus kitu balik deui,
Ka tempat asalna tadi.

Badwi ngan kantun heran,
Ningal eta kaanehan
Tuluy bae asup Islam,
Ka Nabi ngangken Panutan.

Salianna loba deui,
Mu’jizatna Kangjeng Nabi
Mun diwincik hiji-hiji,
Keur nulisna moal mahi.

He Allah nu sifat Rohman,
Abdi sadayana Iman
Teu aya deui Pangeran,
Liyan t**i Anjeunna pisan.

Nu ngadamel bumi alam,
Eawuh saeusina pisan
Nu wajib diibadahan,
Taya anu nyasamian.

Sareng abdi iman deui,
Ka Sidna Muhammad Nabi
Yen eta Utusan Gusti,
Miwulang sadaya jalmi.

Nu sifat kapercayaan,
Bijaksana tur budiman
Bener unggal sasauran,
Najan saur kaheureuyan.

Ngajembarkeun Kangjeng Nabi teh,
Ka jalma sadunya kabeh
Dawuh Pangeran nu soheh,
Nu wajib diturutna teh.

Hurmat urang ka Anjeunna,
Dina mangsa jumenengna
Sareng saba’da wafarna,
Eta teu aya bedana.

Duh Gusti Jungjunan abdi,
Sidna Muhammad habibi
Pamugi salira nampi,
Ka nu hina diri abdi.

Abdi Umat ahir jaman,
Anu banget panasaran
Horeng tepang ngadeuheusan,
Seja tumut serah badan.

Di yaumil ahir pamugi,
Abdi sing janten ngahiji

Sareng indung bapa abdi,
Ngiring Gusti ka SawargiNadom Gusti urang sarerea (Full Nadom)

Gusti urang sarerea,
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad Jenengannana,
Arab Qurais nya Bangsana.

Ramana Gusti Abdullah,
Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeunna di Mekah,
Wengi Senen Taun Gajah.

Robiul Awal bulanna,
Tanggal ka dua belasna
April bulan Masehina,
Tanggal ka dua puluhna.

Ari bilangan Taunna,
Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambihna,
Sareng sahiji punjulna.
Siti Aminah Misaur,
Waktos babarna kacatur
Ningal cahya meni ngempur,
Di Bumina hurung mancur.

Babar taya kokotoran,
Orok lir kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan,
Sarta harum seuseungitan.

Medal Nabi ahir jaman,
Pirang-pirang kaanehan
Sesembahan bangsa setan,
Kabeh pada karuksakan.

Nabi yuswa lima bulan,
Geus tiasa angkat-angkatan
Yuswana salapan bulan,
Geus capetang sasauran.

Yuswana sapuluh bulan,
Tiasa ameng papanahan
Ngelehkeun budak nu lian,
Tapi tara kumagungan.

Parangina Kangjeng Nabi,
Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gede kawani,
Sabar nyaah ka sasama.

Keur opat taun yuswana,
Dibersihan manahna
Nabi dibelah dadana,
Malaikat nu meulahna.

Jibril kadua rencangna,
Mikail jenengannana
Ngeusikeun kana manahna,
Ilmu hikmah sapinuhna.

Tuluy dada Kangjeng Nabi,
Gancang dirapetkeun deui
Sarta teu ngaros nyeri,
Dihap ku Khotamin Nabi.

Harita Nabi ayana,
Di lembur Ibu inangna
Halimah jenengannana,
Sa’diyah ngaran lemburna.

Rama Nabi kacaturkeun,
Pupusna kacarioskeun
Basa Nabi dibobotkeun,
Dua sasih kaunggelkeun.

Keur lima taun yuswana,
Ditinggal pupus Ibuna
Tuluy dirawat Eyangna,
Abdul Mutolib asmana.

Kersana Robbul ‘alamin,
Kangjeng Nabi nu prihatin
Yuswa dalapan taun yakin,
Eyangna mulih ka batin.

Sabada wafat Eyangna,
Nabi dirawat Uwana
Abi Tolib kakasihna,
Saderek teges Ramana.

Kangjeng Nabi sering pisan,
Dicandak ka Nagara Syam
Sok nyandak barang dagangan,
di dinya teh pajeng pisan.

Kacatur di eta Nagri,
Loba Pandita Yahudi
Sarta Pandita Nasrani,
Nu tepang jeung Kangjeng Nabi.

Sadayana sasauran,
ieu jalma mo nyalahan
Pinabieun ahir jaman,
Tauret Injil geus ngibaran.

Sipat Nabi panganggeusan,
Aya di Anjeuna pisan
Hartina loba nu Iman,
Ka Nabi ngangken panutan.

Lami-lami Kangjeng Nabi,
Disambat ku hiji istri
Dagang ka unggal Nagari,
Kauntunganna dibagi.

Istri jenengan Khodijah,
Putra Huwalid ka telah
Nu pangbeungharna di Mekah,
Ka Nabi ka langkung nyaah.

Siti Khodijah masrahan,
Ka Nabi barang dagangan
Maisaroh nu ngarencangan,
Ka Nabi purah nyarengan.

Kacarios Maisaroh teh,
Loba pamendakna aneh
Ciciren Nabi nu soleh,
Matak ngaherankeun kabeh.

Tatangkalan uluk salam,
Mega bodas sok mayungan
Jeung aya cap kanabian,
Dina salirana pisan.

Pamendak Siti Khodijah,
Cocok pisan jeung Maisaroh
Ahirna Siti Khodijah,
Ka Nabi mundut ditikah.

Harita yusawana Nabi,
Salawe taun kawarti
Ngadak-ngadak sugih mukti,
Tapi tambah saati.

Karesepna Kangjeng Nabi,
Ka Gusti Allah ngabakti
Di Gunung Hiro maranti,
Ibadahna saban wengi.

Di dinya jol kasumpingan,
Jibril nu nurunkeun Qur’an
Kalawan dawuh Pangeran,
Nabi didamel utusan.

Harita yuswanan Nabi,
Pat puluh taun kawarti
Diutus ku Allah pasti,
Nyebarkeun Agama Gusti.

Anu iman pangheulana,
Siti Khodijah garwana
Abu Bakar kaduana,
Sohabat nu pangmulyana.

Murangkalih nu nonoman,
Anu panheulana iman
Sayidina Ali pisan,
Ka Nabi saderek misan.

Jeung ari jalma beulian,
Anu pangheulana iman
Sayidina Bilal kaleresan,
Anu jadi tukang adan.

Ari lolobana pisan,
Ka Nabi teh ngamusuhan
Nganiaya ngajailan,
Teu aya pisan ras rasan.

Para sahabat kungsi ngalih,
ka Nagri Habsyi nu tebih
Di dinya Anjeuna linggih,
Kira kenging tilu sasih.

Samulih sohabat ti Habsyi,
Kacarios Kangjeng Nabi
Kenging pohara cocobi,
kersana nu Maha Suci

Uwana sareng garwana,
Pada pupus duanana
Harita Nabi yuswana,
Ka lima puluh taunna.

Geus pupus Siti Khodijah,
Nikah ka Siti Saodah
Sareng Siti Aisyah,
Ummul Mu’minin katelah.

Ti dinya kersa pangeran,
Maparin kamulyaan
Ka Nabi nu ahir jaman,
Kakasih nu sipat Rohman.

Nuju tanggal tujuh likur,
Bulan Rajab nu kacatur
Nurut koul anu masyhur,
Kangjeng Nabi teh disaur.

Dipapag ku Malaikat,
Nyandak Buroq nu kasebat
Leumpangna teh cara kilat,
Tunggangan Nabi angkat.

Ti Mekah ka Baitul Maqdis,
Teu nganggo lami antawis
Ku jalma hanteu katawis,
Kersana Gusti nu Wacis.

Ti Baitul Maqdis terasna,
Naekna Tangga Kancana
Mi’raj tea kasebatna,
Ka langit Nabi sumpingna.

Tujuh langit sadayana,
Jeung ’Arasy nu pangluhurna
Disumpingan sadayana,
Katut Surga Narakana.

Kangjeng Nabi ditimbalan,
Ku Gusti nu sipat Rohman
Anjeuna kudu netepan,
Solat muji ka Pangeran.

Kabeh jalma anu iman,
Sami pada kawajiban
Solat nu lima giliran,
henteu meunang dikurangan.

Solat eta minangkana,
Dina Agama tihangna
Jalma nu luput solatna,
Nyata rubuh agamana.

Kacarios dina jaman,
Mi’rajna Nabi panutan
Yuswana teh kaleresan,
Lima puluh dua jalan.

Kapir Mekah kacaturkeun,
Barang Nabi nyrioskeun
Mi’raj lain dimulyakeun,
Anggur pada nyeungseurikeun.

Pada hasud ngakalakeun,
Ti dinya Allah ngersakeun
Kangjeng Nabi dialihkeun,
Ka Madinah disirnakeun.

Per sahabat pirang-pirang,
Nu bumela milu iyang
Milu ngalih sewang-sewang,
Henteu pisan sumoreang.

Tambah kamulyaan Nabi,
Di Madinah asal sepi
Jadi reme ku nu ngaji,
Muji ka nu Maha Suci.

Sapuluh taun lamina,
Di Madinah jumenengna
Agama Islam cahyana,
Gumebyar kamana-mana.

Nagri Mekah diperangan,
Ahirna kaboyong pisan
Nabi tambah kamulyaan,
Yakin lain jijieunan.

Ari yuswa Kangjeng Nabi,
Genep puluh tilu pasti
Maqomna dijero nagri,
Madinah nagara suci.

Puputrana Kangjeng Nabi,
Aya opat anu istri
Siti Zaenab nu kahiji,
Ruqoyah nu hijita deui.

Ummi Kultsum katiluna,
Siti Fatimah bungsuna
Ari putra nu cikalna,
Sidna Qosim kakasihna.

Sidna Abdullah rayina,
Ibrahim katiluna
Eta nu genep putrana,
Siti Khodijah Ibuna.

Sidna Ibrahim Ibuna,
Mariyah jenengannana
Istri ti Mesir asalna,
Tah kitu turunannana.

Putra nu pameget kabeh,
Pupus keur aralit keneh
Nu istri carogena teh,
para sahabat nu soleh.

Siti Zaenab carogena,
Abul ’Ash jenengannana
Siti Ruqyah carogena,
Sidna Ustman mimitina.

Geus Siti Ruqyah hilang,
Anjeuna turun ka ranjang
Ummi Kultsum putri lenjang,
Ditikah gentos nu hilang.

Caroge Siti Fatimah,
Sidna Ali nu katelah
Bakaromallohu Wajhah,
Anu kamasyhurkeun gagah.

Ari putu Kangjeng Nabi,
Dalapan pameget istri
Siti Umamah jeung Ali,
Ti Siti Zaenab kawarti.

Ari Sidna Abdullah mah,
Putu ti Siti Ruqyah
Putu ti Siti Fatimah,
Aya lima kabehna mah.

Tilu anu pamegetna,
Sidna Hasan kakasihna
Sidna Husain kaduana,
Sidna Muhsin katiluna.

Ummi Kultsum nu isterina,
Ka Sidna Umar nikahna
Sitna Zaenab kaduana,
Nurut ungeling wartosna.

Urang kudu cinta ati,
Ka turunan Kangjeng Nabi
Poma ulah goreng ati,
Sumawonna hiri dengki.

Ari mungguh Kangjeng Nabi,
Nyaahna langkung ti misti
Ka umatna jaler istri,
Leuwih ti sepuh peribadi.

Welas asih ka nu miskin,
Sumawonna ka budak yatim
Pada seubeuh ku paparin,
Kadaharan jeung pisalin.

Akuan ka urang kampung,
Calik satata ngariung
Tara angkuh jeung adigung,
Sanajan ka urang gunung.

Ka nu nyandak kasusahan,
Gering jeung papatenan
Ngalayad sarta ngubaran,
Ngajajapkeun ka kuburan.

Manis saur manis budi,
Estu mustikaning jalmi
Sajagat mo mendak deui,
Sae rupi jeung parangi.

Raray lir bulan purnama,
Halisna lir katumiri
Waos lir intan biduri,
Salira harum wawangi.

Estu kersaning Pangeran,
Lain seungit diminyakan
Karinget pada nandean,
Diparake seuseungitan.

Sakitu Nabi mulyana,
Taya pisan adigungna
Angkat pungkureun sohbatna,
Kalangkung handap asorna.

Anggoan kersa lumayan,
Najan nu geus ditambalan
Kitu deui katuangan,
Banget pisan dikurangan.

Betah dina kamiskinan,
Lain sabab teu kagungan
Ngahaja bae ngirangan,
Ngarah karidoan Tuhan.

Pirang-pirang mu’jizatna,
Tawis kanabiannana
Qur’an nu nomer hijina,
Mu’jizat nu pangmulyana.

Tangkal nu perang daunna,
Sisiram tilas abdasna
Ngadadak loba buahna,
Sarta hirup satuluyna.

Domba nu begang kuruna,
Sartana Lapet susuna
Diusap ku pananganna,
Ngadadak juuh susuna.

Dina hiji waktos deui,
Sohbat kakirangan cai
Teras bae Kangjeng Nabi,
Mundut cai anu kari.

Cai ngan saketel pisan,
Taya deui anu liyan
Nabi neuleumkeun panangan,
Dumadak tuluy manceran.

Cai mancer loba pisan,
Kaluar tina panangan
Sela-sela ramo pisan,
Cukup ku jalma rebuan.

Kacatur hiji Bedewi,
Ngadoja ka Kangjeng Nabi
Nitah nyaur tangkal kai,
Sina ngomong cara jalmi.

Tuluy tangkal teh disaur,
Harita ku Kangjeng Rosul
Tangkal datang ngagulusur,
Akarna teh digugusur.

Ngadeuheus ka Kangjeng Nabi,
Uluk salam cara jalmi
Sanggeus kitu balik deui,
Ka tempat asalna tadi.

Badwi ngan kantun heran,
Ningal eta kaanehan
Tuluy bae asup Islam,
Ka Nabi ngangken Panutan.

Salianna loba deui,
Mu’jizatna Kangjeng Nabi
Mun diwincik hiji-hiji,
Keur nulisna moal mahi.

He Allah nu sifat Rohman,
Abdi sadayana Iman
Teu aya deui Pangeran,
Liyan t**i Anjeunna pisan.

Nu ngadamel bumi alam,
Eawuh saeusina pisan
Nu wajib diibadahan,
Taya anu nyasamian.

Sareng abdi iman deui,
Ka Sidna Muhammad Nabi
Yen eta Utusan Gusti,
Miwulang sadaya jalmi.

Nu sifat kapercayaan,
Bijaksana tur budiman
Bener unggal sasauran,
Najan saur kaheureuyan.

Ngajembarkeun Kangjeng Nabi teh,
Ka jalma sadunya kabeh
Dawuh Pangeran nu soheh,
Nu wajib diturutna teh.

Hurmat urang ka Anjeunna,
Dina mangsa jumenengna
Sareng saba’da wafarna,
Eta teu aya bedana.

Duh Gusti Jungjunan abdi,
Sidna Muhammad habibi
Pamugi salira nampi,
Ka nu hina diri abdi.

Abdi Umat ahir jaman,
Anu banget panasaran
Horeng tepang ngadeuheusan,
Seja tumut serah badan.

Di yaumil ahir pamugi,
Abdi sing janten ngahiji

Sareng indung bapa abdi,
Ngiring Gusti ka Sawargi

31/05/2023

Belajarlah Selalu. Jadilah Ahli ilmu Yang Waro'i

تَعَلَّمْ فَإِنَّ الْعِلْمَ زَيْنٌ لِأَهْلِهِ # وَفَضْلٌ وَعُنْوَانٌ لِكُلِّ الْمَحَامِدِ
“Belajarlah. Karena sesungguhnya ilmu itu hiasan bagi pemiliknya # serta menjadi keunggulan dan ciri bagi setiap hal yang terpuji.”

وَكُنْ مُسْتَفِيْدًا كُلَّ يَوْمٍ زِيَادَةً #
مِنَ الْعِلْمِ وَاسْبَحْ فِيْ بُحُوْرِالْفَوَائِدِ

“Jadilah engkau orang yang selalu mencari tambahan faedah setiap hari # berupa faedah ilmu. Berenanglah engkau dalam lautan faedah (ilmu).”

تَفَقَّهْ فَإِنَّ الْفِقْهَ اَفْضَلُ قَائِدٍ # اِلَى الْبِرِّ وَالتَّقْوَى وَاَعْدَلُ قَاصِدٍ
“Perdalamlah ilmu fiqih. Karena sesungguhnya fiqih itu penuntun yang paling utama # kepada kebaikan dan taqwa serta tujuan yang lebih seimbang.”

هُوَ الْعِلْمُ الْهَادِيْ اِلَى سُنَنِ الْهُدَى #
هُوَ الْحِصْنُ يُنْجِيْ مِنْ جَمِيْعِ الشَّدَائِدِ

“Fiqih itu ilmu yang menunjukkan kepada jalan-jalan petunjuk # serta menjadi benteng yang menyelamatkan dari setiap kesulitan.”

فَإِنَّ فَقِيْهًا وَاحِدًا مُتَوَرِّعًا # اَشَدُّ عَلَى الشَّيْطَانِ مِنْ اَلْفِ عَابِدٍ

“Karena sesungguhnya seorang faqih (pemilik ilmu agama yang dalam) lagi bersikap waro’ (menjaga dari perkara harom dan syubhat) # itu lebih berat (susah digoda) bagi syetan daripada seribu ahli ibadah.

Want your school to be the top-listed School/college in Garut?

Click here to claim your Sponsored Listing.

Location

Category

Telephone

Address


Garut
44183