Pon-Pes Darul Qoror As-salafiah

Pon-Pes Darul Qoror As-salafiah

Share

Contact information, map and directions, contact form, opening hours, services, ratings, photos, videos and announcements from Pon-Pes Darul Qoror As-salafiah, Education, Jln. dasuki bakri, Bogor.

29/09/2025

DOKUMENTASI PENGIRINGAN PANGERSA AA.

27/09/2025
14/04/2025

Photos from Pon-Pes Darul Qoror As-salafiah's post 05/04/2024

اللهمّ صل وسلم وسلم وبارك عليه

صلاة الله سلام الله (+) على طه رسول الله
صلاة الله سلام الله (+) على يس حبيب الله

Ngawitan ngucap bismilah
Mudah mudahan barokah
Syair Puji dilantunkeun
Ka anjen nu dita'dzimkeum

Duh guru anu tercinta
Syukur kami sarerea
Manjatkeun puji nu aya
Anjeun nu luar biasa

Anjeun bagaikeun rembulan
Sinar terang nan membentang
Ngamudahkeun arah jalan
Meraih ridho pangeran

Najan Harta mobil mewah
Dikemas pikeun hadiah
Élmu anjeun nu katuangeun
Tangtu moal kabandingkeun

Duh guru anu tercinta
Anjeun ibarat permata
Selalu ngarasa rata
Padahal luhur darajatna

Bersikap rendah jeng ramah
Jalan hirup anu indah
Nyandak akhlak kangjeng Nabi
Ngarah ka turut ku santri

Tegur sapa ka sasaha
Komo deui ka tatangga
Manis budi pekertina
Wahai guruku tercinta

Duh guru anu tercinta
Anjeun teh luar biasa
Sabar jasa pas mondokna
Kuat ngadegkeun cocoba

Sabar anjeun anu hébat
Ngéléhkeun baja nu kuat
Abdi nu teu Acan kuat
Sampurna bakti jeung toat

Tara uih ka bumina
Tuang ge saaya aya
Rajin selama mondokna
Sangat disayang guruna

Siang malam ngawurukan
Sorotan sareng balagan
Teu ningal kondisi badan
Demi kami timu paham

Pengorbanan perjuangan
Kecintaan ketulusan
Turnuhun kami ucapkan
Ka anjeun sareng pangéran

Duh guru anu tercinta
Anjeun teu eureun ngado'a
Pikeun kami sarerea
Karna ngarasa karunya

Kasalahan tak terhitung
Lantaran loba ka embung
Diri seueur ku Adigung
Teu sadar bakal kaduhung

Penyesalan anu dongkap
Rasana teu lepat lepat
Khawatir sieun tersesat
Tungtungna moal mashlahat

Kasedihan dina hate
Regeup diri maring gusti
Kulantaran ieu bakti
Can jadi santri sajati

Do'ana ka tuan Guru
Sing mugi sehat selalu
Putih reng mulus rahayu
Diqobul anu dituju

Teu hilap kasadayana
Putra putri keluarga
Sing selalu aman jeung bagja
Di dunya jeung akheratna

Luasna eta l

Photos from Pon-Pes Darul Qoror As-salafiah's post 05/04/2024

اللّٰهمّ صلّ وسلّم وبارك عليه

Kangjeng nabi ngajamin ka anak yatim
Dina 'idil fitri pang saena musim
bade angkat ka masjid bade netepan
'idil fitri aya budak seuseugrukan

Nangis pipir masjid baturna arulin
rayap rame senang bungah keur arulin

manehna nyalindung semu sedih bingung
nganggo kaway tambal butut ngalanglayung
Ka pendak ku Rasulullah ras di bujeng
di taros ku naon nangis wae ujang

pan ieu teh dinten bungah dinten senang
geuning ujang nangis kawas eukeur bingung

Jawabna na teh aduh gusti nyaktos pisan
ieu dinten bungah dinten senang pisan
senang soteh ka jalma nu gaduh rama
keur ka abdi mah ngaraos teu sugema

Ku ayana 'idil fitri manah ringrang
inget kana diri hirup teh nyorangan

Kieu rasana nu di tilar ku rama
Hirup sengsara beda sareng sasaha
Teuras ku rasul teh di pangku di rawu
aduh ujang sok ngahudang macan turu

nyaa iraha jeung di mana rama tilar
jawabna teh ceunah waktos perang badar

nu di pimpinna ku kangjeng rasulullah
duka teuing anu mana hanteu wauh
Abdi ngagangsing hoyong meser anggoan
kanggo senang bungah sareng rerencangan

tapi ibu ka abdi kalakah nundung
atos tilu dinten ieu abdi pundung

Aduh kasep nya'ah deudeuh teuing ujang
apan ieu rama gusti rama ujang
hayu urang ngadeuheus enggal ka ibu
Aisyah di bumi urang gentos baju

Kanjeng rasul bari nangis hei aisyah
ieu putra urang anu nuju susah

Nyaeta ramana teh parantos tilar
dina waktos pupugetna perang badar
dauh aisyah teh bae putra ibu
tos timana urang siram gentos baju

hei fatimah ieu angkeun rai anjeun
Hei ali geura a...raku dulur anjeun

mana cucu deudeuh hasan sareng husein
ieu mamang anjeun geura ajak ulin
Fatimah ali hasan husein mideudeuh
ngangkeun dulur rai teras di bubungah

dugi ka keun leungit rasa kayatiman
ngangkeun ibu rama rasul anu heman

saur hasan husein yuk mang urang ulin
sareng batur urang ameung ngulen lilin
Teras ameng s**a bungah ulin gatrik
rasul teras ngalakonan 'idil fitri

Tah sakitu riwayatna nabi urang
ngajamin ka anak yatim contoh urang

Pikeun contoh urang keur hirup di dunia
tiru ahwal ucap kangjeng anu mulya
mudah-mudahan urang khusnul khotimah
Maot tetep iman islam psti geunah

susuganan ieu ageung mangpaatna
ka nu maca anu butuh syafaatna

Sareng urang di angkeun pisan umatna
umat kangjeng umat anu pangmulyana
sareng urang ngarep-ngarep syafaatna
anu di ngaranan syafa'atul ujma

Amin amin amin ya rabbal alamin
di tuntun ku mugi ka rabbul alamin....

اللّهمّ صلّ وسلّم وبارك عليه

30/03/2022

Assalamualaiakum wr.wb.
diberitahukan untuk para santriyin & santriyat seluruhnya bahwa di Pon-Pes Darul Qoror As-salafiahPon-Pes Darul Qoror As-salafiahPon-Pes Darul Qoror As-salafiah Darul Qoror Pon-Pes Darul Qoror As-salafiahPon-Pes Darul Qoror As-salafiahPon-Pes Darul Qoror As-salafiah insya akan di adakan sanlat/pasaran dibulan suci romadhon.
adapun kitab yg di kaji insya allah yaitu "kitab Al iqna'"
cukup sekian untuk pemberitahuan
Wassalamualaikum wr.wb

Photos from Pon-Pes Darul Qoror As-salafiah's post 28/02/2022

Pimpinan Pon-Pes Darul Qoror As-salafiahPon-Pes Darul Qoror As-salafiahPon-Pes Darul Qoror As-salafiahPon-Pes Darul Qoror As-salafiahPon-Pes Darul Qoror As-salafiah


Want your school to be the top-listed School/college in Bogor?

Click here to claim your Sponsored Listing.

Location

Category

Website

Address


Jln. Dasuki Bakri
Bogor