16/10/2024
“IEU PEPETIKAN TINA KITAB TUHPAH”
Nyaéta hiji buku citak taun 1858 wedalan Lange & Co di Batawi. Ditulisna ku basa Sunda maké aksara Cacarakan. Ieu buku téh disundakeun tina basa Jawa, anu aslina mah tina basa Arab karangan Syéh Ibnu Hajar kalawan nukil tina Al-Qur’an. Eusina aya 37 bab ngawengku rupa-rupa hukum lalampahan jalma, ti mimimti perkara maéhan, nepi ka pipirakan.
Urang deres wae unggal babna hiji-hiji dumasar alih aksara tina Cacarakan téa. Pikeun ngalalanyahan mah urang pedar daptar eusina heula.
-------
ieu pepetikan
tina
kitab tuhpah, karanganana tuan Syékh Ibnu Hajar,
Nyarioskeun hukum-hukum lalampahan rarangkén
jalma hirup, aya kabéh dina sajeroning Kitab Tuhpah,
sing saha nu ngaweruhkeun sarta dipilampah, éta
jalma salamet dunya ahératna
bibitna pisan tina kitab Tuhpah basa Arab aksara Arab, beunang nyutat tina
kitab Qur’an. Dipindahkeun kana basa Jawa aksara Jawa, kapindahkeun
deui kana basa Sunda ku
Radén Suryadilaga
Dicitakna di Batawi .... kantor citakna
Tuan Lange ...... tahun 1858
----
Di handapeun ieu pertélanna sugri bab, nu geus kasebut dina kitab Tuhpah, jeung deui mratélakeun dina lembaranana sakabéh.
Bab Hiji
Nganyatakeun hal maéh-maéhan - 1
Bab Kadua
Nganyatakeun hal raja tatu nu teu narik kana paéh - 15
Bab Katilu
Nganyatakeun hal ngaleungitkeun akal nu teu katingali - 28
Bab nu Kaopat
Nganyatakeun hal mratélakeun jalma ngadakwah - 41
Bab nu Kalima
Nganyatakeun hal tajir - 50
Bab nu Kagenep
Nganyatakeun hal panulak pnganiyayaning jalma - 51
Bab nu Katujuh
Nganyatakeun hal barang hiji diaku ku duaan - 57
Bab nu Kadalapan
Nganyatakeun hal jalma katempuhan merga tina kahinaan – 61
Bab nu Kasalapan
Nganyatakeun hal jalma jual-beuli – 66
Bab nu Kasapuluh
Nganyatakeun hal jalma hutang – 77
Bab nu Kasawelas
Nganyatakeun hal jalma gagadé - 79
Bab nu Kadua Welas
Nganyatakeun hal nganggung jalma hutang - 92
Bab nu Katilu Welas
Nganyatakeun hal babaton - 94
Bab nu Kaopat Welas
Nganyatakeun hal wakil - 95
Bab nu Kalima Welas
Nganyatakeun hal ikrar - 102
Bab nu Kagenep Welas
Nganyatakeun hal jalma nyasar leumpang - 105
Bab nu Katujuh Welas
Nganyatakeun hal nu kumawani atawa ngawasa wanianan - 110
Bab nu Kadalapan Welas
Nganyatakeun hal meuli barang deungeun nu kawisésa - 117
Bab nu Kasalapan Welas
Nganyatakeun hal anu buburuh - 117
Bab nu Kadua Puluh
Nganyatakeun hal séwa - 120
Bab nu Salikur
Nganyatakeun hal jalma nyasar leumpang - 124
Bab Kadua Likur
Nganyatakeun hal nu dadana wakap - 127
Bab Katilu Likur
Nganyatakeun hal paméré - 128
Bab Kaopat Likur
Nganyatakeun hal polmak - 136
Bab Kaping Salawé
Nganyatakeun hal waris - 138
Bab Katujuh Likur
Nganyatakeun hal nikah - 172
Bab Kadalapan Likur
Nganyatakeun hal jalma lalaki nu kénging gareuhaan opat - 178
Bab Kasalapan Likur
Nganyatakeun hal jalma awéwé nu teu meunang nikah - 179
Bab Katilu Puluh
Nganyatakeun hal nganyatakeun guguring nikah teu jeung katalak – 183
Bab Katilu Puluh Hiji
Nganyatakeun hal nganyatakeun mas kawin – 186
Bab Katilu Puluh Dua
Nganyatakeun hal kuluk pameuli talak - 189
Bab Katilu Puluh Tilu
Nganyatakeun hal malikan ka éwé nu teu karana nikah deui - 191
Bab Katilu Puluh Opat
Nganyatakeun hal idah étawa bilingan masa kénging lakian ka nu lian - 192
Bab Katilu Puluh Lima
Nganyatakeun hal nipkah nyukupan paké teudana rabi - 194
Bab Katilu Puluh Genep
Nganyatakeun hal meunang istri ngaleupaskeun awakna sawab salaki teu cukup méré sandangan - 197
Bab Katilu Puluh Tujuh
Nganyatakeun hal pipisahan enggeus boga anak nu masih murangkalih - 198
---------
Ciputat,
16/10/24