Miftahut Taufiq

Miftahut Taufiq

Share

Tri program pondok pesantren :
Mencetak generasi Ulama'ul amilin, Imamal Muttaqin, dan Muttaqin.

19/01/2018

Riyadoh Malem Jum'at
Bandung, 18 Januari 2018
Miftahut Taufiq - K. Ahmad Solihin

*LIMA PERKARA ANU MATAK MAWA BERSIHNA HATE, RASA, POLAH, LAMPAH*

Kotorna hate eta mawa kana kotorna rasa, kotorna rasa eta mawa kana kotorna polah, kotorna polah matak mawa kana kotorna lampah. Kotorna polah jeung lampah mawa hina kana anu boga diri, salian ti eta nu leuwih cilaka mawa kana kacilakaan di dunia jeung aherat. Atuh ku kotorna hate bisa mawa diri kana kacilakaan di dunia aherat.
Ku bersihna hate eta matak mawa bersih kana rasa, ku bersihna rasa mawa kana bersihna polah, ku bersihna polah mawa bersih kana lampah, ku bersihna laku lampah mawa kabagjaan di dunia sareng akherat.
Aya lima perkara anu matak ngabersihkeun hate, ngabersihkeun rasa, ngabersihkeun polah jeung lampah :

1) *Iman ka Allah sing nepi ka Yaqin*
Iman anu yaqin dihasilkeunana tina ladang elmu, elmu dihasilkeunana tina ladang ngaji. Maka ulah bosen dina ngaji, ulah eureun dina neangan elmu, ulah eureun nambahan guru (eweuh basa ganti guru, nu aya nambahan guru)
Jalanna neangan elmu bisa ku diajar ka mu'allim, muthola'ah, mudzakarah, atawa nyorogkeun ka batur.

2) *Iman ka Rosul*
Tuturkeuneun, pedomananeun, contoaneun. Teu aya hiji figur anu sampurna pikeun diconto iwal ti rosul, teu aya cawadeunana di rosul, teu aya awon na di rosul, sabab rosul mah di ma'shum. Tambah ti eta, nyontona ka rosul mah jadi ibadah.
قُلْ إِن كُنتُمْ تُحِبُّونَ اللَّهَ فَاتَّبِعُونِي يُحْبِبْكُمُ اللَّهُ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ ۗ وَاللَّهُ غَفُورٌ رَّحِيمٌ (ال عمران)

وَمَا يَنطِقُ عَنِ الْهَوَى إِنْ هُوَ إِلَّا وَحْيٌ يُوحَى (النجم)

3) *Jaga Pergaulan*
Teu meunang dekeut teuing jeung jalma anu jahat, jalma anu tukang laku maksiat. Aya basa *bisi kacolong watek*
Dekeutan mah solihin (jalma sholeh) jeung ulama, dekeut ka solihin mawa kana sholeh, dekeutbka ulama mawa kana tambah-tambahna elmu.
عَلَيْكُمْ بِمُجَالَسَةِ العُلَمَاءِ، وَاسْتِمَاعِ كَلاَمِ الْحُكَمَاءِ، فَإِنَّ اللهَ تَعَالَى يُحْيِى القَلْبَ الْمَيِّتَ بِنُورِ الْحِكْمَةِ كَمَا يُحْيِى الأَرْضَ الْمَيْتَةَ بِمَاءِ الْمَطَر (الطبرانى)

4) *Dahareun jeung pakean sing halal*
Cirina di diri urang kacampuran perkara anu teu halal diantarana nyaeta: hese na diri kontak rasa sareng Allah, padahal geus qiyamul lail, geus tahajud, ditambah ku ngado'a, wiridan. tapi rasa na ngan saukur kakalayangan teu bisa kontak rasa sareng Allah teu bisa wushul ka Allah.

5) *sing daek tafakur*
Nafakuran kasalahan diri, nafakuran maot, nafakuran Alam qubur, nafakuran hirup jeung kahirupanana.
أَكْثِرُوا ذِكْرَ هادم اللَّذَّاتِ يَعْنِي الْمَوْتِ (الترمذي)
الَّذِي خَلَقَ الْمَوْتَ وَالْحَيَاةَ لِيَبْلُوَكُمْ أَيُّكُمْ أَحْسَنُ عَمَلاً وَهُوَ الْعَزِيزُ الْغَفُورُ (الملك)

=======MIFTAHUT TAUFIQ======

19/12/2017

Puisi untuk Al-Aqsha "Al-Aqsha tetap milik kami" Karya : Novita wahidah

Photos 21/09/2017
Photos 10/09/2017

kajian tasawuf (KH. Aceng saepudin) PP. miftahut Taufiq 10 sept 2017

TINGKATAN ABDI ALLOH :

1. Gofilin
Ibadah ka allah tpi bari goplah (malaweung hatena ti allah, mikiran itu ieu, poho diri keur ibadah) dohirna mah ibadah tapi hatena kamana

2. Muridin
Jalma nu lempang di jalan alloh boh ibadah mahdoh atau goer mahdoh tujuana wungkul mardotillah, salse ibadahna, tumaninah, rasa di teuteup ditingal dibandungan ku alloh. Dohir jg hatena ngilu ibadah. Sagala rupa tingkah polahna kabeh disejakeun ibadah, teu aya anu teu jadi ganjaran.
فاذا فرغت فانصب
Dimana ges beres pagawean anjeun, pek balik deui ka allah

3. Salikin
Teu beda jeng muridin, ngan dina tujuana nyaeta hoyong di dugikeun kana darajat ma'rifatulloh, jalana nyaeta ku taqorub ka alloh, neang cahaya kama'rifatan. Pikeun aranjeuna mah
ولا خوف عليهم ولاهم يحزنون
Moal bisa ngahontal kana darajat salikin lamun can bisa jadi muridin.

4. Wasilin
Jalma nu geus tepi kana marifat ka gusti allah

5. Arifin
Jalma geus tepi kana marifat, geus teu aya syareat, leungit kabeh makhluk di harepeun dirina nu aya wungkul alloh alloh jeung alloh, asa sasarengan we jeng alloh. Tentrem hatena damei da aya allah. Timbul howariq2 dina dirina.

Photos 25/08/2017

لقد خلقنا الأ نسان فى كبد
Tetap berjuang, semangat, dan istiqomah!!

20/08/2017
Photos 22/10/2016

"Santri itu dimanapun ia ditanam disanalah ia akan tumbuh, berkembang, dan berbuah" (K. Ahmad Sholihin) *selamat hari santri :)

TAK PERNAH DISENTUH LELAKI, SAAT DISURUH SALIM SUAMINYA SESUATU YANG LUCU TERJADI !!! 17/10/2016

وَمَا كَانَ الحَيَاءُ فِي شَيْءٍ إِلَّا زَانَهُ
“Dan tidaklah rasa malu berada pada sesuatu, kecuali rasa malu akan menghiasinya” (HR. Tirmidzi dan dishahihkan oleh Al-Albani)

TAK PERNAH DISENTUH LELAKI, SAAT DISURUH SALIM SUAMINYA SESUATU YANG LUCU TERJADI !!! MASYA ALLAH..!! Sungguh beruntung lelaki yang menjadi suaminya.. Betapa tidak, di jaman sekarang ini, wanita ini berhasil menjaga "kehormata...

Want your school to be the top-listed School/college in Bandung?

Click here to claim your Sponsored Listing.

Location

Telephone

Website

Address


Jalan Manisi Mekarsari Rt 02/09 Kel. Pasirbiru Kec. Cibiru
Bandung
40615