01/07/2022
BAB QURBAN
TA'RIFAT FIQH KHUSUS BAB QURBAN*..
Ibadah qurban ayana diwiwitan dina sajarahna Kanjeng Nabi Ibrohim jeung Nabi Isma'il, anu kisahna diguar dina Al-Qur’an dina surat Ash-Shooffaat ayat: 102-107.
“ Mangka nalika éta budak nepi (kana umur sanggup) narékah babarengan jeung Ibrohim, Ibrohim ngadawuh: “Yeuh anaking saéstuna kami nyaksèni dina ngimpi yén kami meuncit hidep. Mangka fikirkeun ku hidep kumaha pendapat hidep..!?” Ismail ngadawuh: “Bapa, kantun prak pidamel kana naon anu parantos dipéréntahkeun ka bapa, insya Alloh bapa bakal kénging ridho kalebet jalmi-jalmi anu sabar.” Nalika duanana geusan pasrah sumerah diri teras Nabi Ibrohim ngagolérkeun putrana kalawan diteueulkeun damisna, (mangka nyata kasabaran ti duanana ), tuluy Kami ngagero dirina: “Yeuh Ibrohim, saenyana anjeun geus ngabenerkeun kana éta ngimpi ,saéstuna nya kitu Kami maparin wawales ka jalma-jalma anu migawé kahadéan. Saenyana ieu téh bener-bener ujian anu nyata, jeung Kami tebus éta budak ku sato peupeuncitan anu gedé.”
Hukum jeung syarat-syarat dina qurban mungguhing kalolobaanna para ulama, tur ahli fiqh ogé para fuqoha sapuk yén hukumna ibadah qurban téh nyaéta sunnat mu'akkad, atawa sunnat anu dikukuhkeun. Tapi béda deui jeung pendapatna Abu Hanifah kalangan shohabat tabi’in anu nganyatakeun yén ibadah qurban nyaéta wajib.
Aya sababarah syarat dina Qurban. Syarat anu kudu cumpon dina nalika ibadah qurban nyaéta;
1. Jalma anu qurban kudu nyiapkeun sato qurbanna anu dipibanda kalawan cara anu halal jeung teu meunang ladang ngahutang.
2. Sato qurbanna nyaéta sato ingon-ingon saperti sapi, embé, domba, jeung onta.
3. Sato qurbanna teu meunang anu cacad, tong pincang, tong nu lolong, tong anu budug/nyeri dina ceulina, intina sato qurbanna kudu anu kaayaanna séhat jeung seger.
4. Umurna sato qurbanna ogè kudu anu tangtu pikeun dipaké qurban ;
- Sato onta minimal umurna 5 taun.
- Sapi minimalna geus nincak umur 2 taun.
- Embé jeung domba minimal umurna 1 taun.
lanjut part 2