23/12/2021
RIYADLOH MALAM JUM'AT
Pp.Riyadhul Huda Nagreg
Al-baqoroh :3
الَّذِينَ يُؤْمِنُونَ بِالْغَيْبِ وَيُقِيمُونَ الصَّلَاةَ وَمِمَّا رَزَقْنَاهُمْ يُنْفِقُونَ
Artina : Tegesna jalma jalma nu Iman kana alam Ghoib ,Jeung nu ngadeugkeun jalma²kana sholat,Jeung tina perkara anu Geus ngarizqian kami(Alloh)ka itu Jalma² nganafakah itu Jalma².
Pembahasan :
Dina dasarna jalma nu bakal jadi pamimpin nyaeta jalma nu boga elmu ,jalma taqwa .
Haqekatna sakabeh elmu eta aya dina qur'an
Elmu Ngatur Kayakinan,elmu ngatur kayakinan ,elmu sosial, elmu Hukum jsb
Yakin ari quran eta heunteu di mang2keun deui ,anu jadi petunjuk pikeun jalma2 nu taqwa
ذَلِكَ الْكِتَابُ لَا رَيْبَ فِيهِ هُدًى لِلْمُتَّقِينَ
Albaqoroh ayat 2
Nyaeta Quran .
Dimana Jalma anu apal kana al Quran
Kana lafadna ,maknana, tujuanna .nyaeta Jalma anu TAQWA
Jadi jalma nu taqwa
Salian aya dina pangkat pangluhurna,kitu oghe aya dina penyambutan alloh
ۚإِنَّ أَكْرَمَكُمْ عِنْدَ اللَّهِ أَتْقَاكُمْ
Urang ngaji ,urang masantren, urang mapay jalan elmu alquran ,
Tina bodo ges indit kana pinter can nepi ditengah keur neang elmu
Tina tebisa gs indit kana bisa can nepi
Di tengah ker neang elmu .
Ieu teh kaasup usaha urang keur jadi jalma anu taqwa ,
Nu kumaha ari taqwa teh .
Di sifatan dina ieu ayat 3
الَّذِينَ يُؤْمِنُونَ بِالْغَيْبِ
1.Tegesna anu iman , anu percaya kana ghoib (ayana alam qubur,pertanyaan malaikat
Hudang tikubur,kumpul dimashar,hisab,
Sirotol mustaqim ,surga,naraka jsb.)
Jalma anu taqwa,boga elmu bakal apal kana makna,tujuan ,bari jeung iman kana anu ghoib.
Maka lazim upami urang percaya kana alam gaib ,maka bakal nyiapkeun naon wae anu bakal di singhareupan .
وَيُقِيمُونَ الصَّلَاةَ
2.Anu sok ngadegkeun sholat ,
Ari aqimusholat , ngadegkeun sarat rukun ,jeung tepat jeung katangtuan sholat
Beda deui jeung ada u sholat .(saukur migawe kana eta sholat )teu apal katangtuan,sarat,prmbatalanana.
Nu boga elmu,nyaeta nu sok aqimussholat..
وَمِمَّا رَزَقْنَاهُمْ يُنْفِقُونَ
3.nu katilu Kriteria jalma nu taqwa/nu ber elmu
Nyaeta
Kana perkara anu geus ngarizkian kami (Alloh) bakal ngainfaqkn itu
Jalma nu taqwa,boga elmu mah sok bageuran ,
Mikeun kana hartana ,jang kesejahteraan ibadah,kawajiban nafakah,shodaqoh, jsb
Maka Ciri jalma Taqwa/nu boga elmu ieu
Sing kapimilik ku urang,
Jang meraih kabagjaan anu geus dijanjikeun ku alloh ,
Jang kesejahteraan diri, kasejahteraan keluarga, agama .
Mudah2an melalui Riyadhoh ieu mangrupikeun Hiji usaha urang pikeun Harapan urang jadi Jalma nu Taqwa dihadapan Alloh subhanahu wata'ala
Amiin .
Santridh,Nagreg
(23/12/2021)