Ponpes Graha Himus

Ponpes Graha Himus

Share

Alamat: Dusun kiara RT 002/001 Ds. Pangulah Utara Kec. Kota Baru Kab. Karawang

09/07/2024

RIYADLOH KHUSUS MUHARROM 1446
*Suluk Uwa Ajengan*
(KH. Abdul Aziz Aff)
Riyadoh Hartina olah raga.
Riyadoh suluk Uwa Ajengan adalah Riyadlotunnafsi, Olah raga hate.
Jalma tukang olahraga sok katingali sehat, jagjag, berotot, fisikna kuat.
Nu tukang Riyadlotunnafsi ngalatih hate pikeun supaya kuat, kuat shomdaniyyah, kuat naleukeum ka Alloh, mengandalkan Alloh dalam segala hal.
Kuat hate muntang ka Alloh, kuat hate tawekal, cicing dina genggaman Alloh.
Teu unggut kalinduan, teu gedag ka anginan.
Hatena yakin yen sakabeh kejadian ku Alloh, sakabeh nu bergerak digerakeun ku Alloh.
Hatena yakin yen sakabeh pergerakan di dunya ku Alloh.
Yakin yen diri urang usik malik ku Alloh.
Diri teu aya tanaga, teu aya kakuatan anging ku kawasana Alloh, ku kersana Alloh.
Hate yakin Alloh nu ngahirupkeun, nu ngamaotan, nu ngarizkian, nu masihan sehat, nu masihan kasenangan jeung kauntungan.
Ku Riyadloh, hatena di latih sina istiqomah dina amal hade, dilatih sina tetep muntang pageuh ka Alloh, tur rido pasrah sumerah.
رضيت بالله ربا و بالإسلام دينا و بمحمد نبيا ورسولا.
Dina suluk riyadoh Uwa Ajengan, ngawitan ku hadiah ka karuhun، maca Qur'an, maca asma-asma alhusna, maca dzikir, sholawat sareng sajabina.
Hatena sing khusyu', ulah luak-lieuk, ulah ngabandungan batur, ulah pindah-pindah.
Lajeng di wusulkeun ku Murobbi ku sholat hajat.
Lajeng di tutup ku du'a,
Sae pami du'ana sabada sholat isya, bada dzikir jahar 165x.
Ulah boga rasa hayang karomah, hayang khawariq, hayang ka istimewaan ti Alloh. Tapi kudu istiqomah dina toat dina ibadah.
Ya Alloh mugi sadaya jama'ah Miftahul Huda, para santri, para kiai, wali santri, Alumni, mutasoddiqin, para donatur sebagai pejuang Miftahul Huda, mugi sadaya dipaparin ka barokahan, dipaparin istiqomah dina ibadah, jaranten Ulama Al-amilin, jaranten Imam Al-Muttaqin.
Sadayana janten ahli taqorrub ka Alloh. Amin.
ربنا اننا تقربنا اليك بتلاوة كلامك الكريم لتقربنا اليك زلفى وافتح لنا فتوح العارفين واجعلنا من المقربين
ربنا اننا توسلنا اليك بتلاوة كلامك الكريم ان تجعلنا وتلامذنا وذرياتنا من العلماء العاملين وامام المتقين صالحين طائعين لله ورسوله
اللهم ارفع درجاتنا وطول اعمارنا فى عبادتك وحسن اخلاقنا ووسع ارزاقنا وحبب لنا الناس اجمعين
ربنااننا توسلنا اليك بتلاوة كلامك الكريم ان تعز دين الاسلام والمسلمين وتذل الكافرين والمشركين
ربنا انك تعلم سرّنا وعلا نيّتنا فاقبل معذرتنا وتعلم حوائجنا فأتنا سؤالنا وتعلم مافى انفسنا فاغفرلنا ذنوبنا
فإذا قرأت القران فاستعذ بالله من الشيطان الرجيم.
(Ditulis ku KH. Asep M Tohir)

12/10/2023
28/06/2023

Ka para alumni, sareng wali santri anu bade ibadah sunah qurban mangga enjing ba'da id adha diantos di halaman pasantren, margi te acan katingal nu nu nungtun piqurbaneun nembe 1 nu lebet konfirmasi.

12/06/2023

Apakah tidak mau setiap tahun hanya menanti di beri daging sikaya? Apakah kita tdk ingin bergantian memberi daging sikaya? Kewajiban berquban bagi setiap muslim.at yang mampu di setiap tahunnya, mari berqurban bersama kami, dengan masing² kemampuannya.
Teori ringan Beli rokok 20rb sehari sebungkus mampu kalo di kali 360 hari saja itu sdh lebih dari cukup kalo yg 20rb/hari di tabung untuk dijadikan tunggangan kita di akhirat kelak. Semoga kita semua mampu dan dimampukan dalam berqurban aamiin yaarobbal'alamiin..

26/05/2023

Documenter iduladha 1443 H / 2022 M Yayasan Ponpes Graha Himus

25/05/2023

Tinggal nu lalembut

Want your school to be the top-listed School/college in Karawang?

Click here to claim your Sponsored Listing.

Location

Telephone

Address

Dusun Kiara RT/RW 002/001 Desa, Pangulah Utara Keca. Kotabaru
Karawang
41374