Khutbah Jum'at Bahasa Sunda

Khutbah Jum'at Bahasa Sunda Buka tautan ini untuk bergabung ke grup WhatsApp saya: https://chat.whatsapp.com/D79gLNNlHrB7sKyReMy3

12/08/2026

Nomor : 296
Jumat Ka 02, Agustus 2026
SYUKURAN NI`MAT KAMERDEKAAN

اَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى رَسُوْلِ اللهِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَالَاهُ . أَشْهَدُ أَنْ لَّا اِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لَا نَبِيَّ بَعْدَهُ أَمَّا بَعْدُ، فَيَا اَيُّهَا الْحَضِرُوْنَ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : وَضَرَبَ اللّٰهُ مَثَلًا قَرْيَةً كَا نَتْ اٰمِنَةً مُّطْمَئِنَّةً يَّأْتِيْهَا رِزْقُهَا رَغَدًا مِّنْ كُلِّ مَكَانٍ فَكَفَرَتْ بِاَنْعُمِ اللّٰهِ فَاَذَا قَهَا اللّٰهُ لِبَاسَ الْجُـوْعِ وَالْخَـوْفِ بِمَا كَا نُوْا يَصْنَعُوْنَ
Hartosna: " Jeung Allah ngadamel misil hiji nagri anu aman turta tengtrem, rejekina tamplok ka maranehna ti saban jihat, tapi kalupur kana ni'mat Allah; ku kituna Allah nibankeun rasa kalaparan jeung kasieun ka maranehna alatan saniskara anu ku maranehna salawasna dilampahkeun". (QS. An-Nahl٬ Ayat 112)
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Kamerdikaan teh mangrupa ni'mat ti Allah sarta mangrupa ni'mat pikeun urang sadayana. Lamun urang terus-terusan syukur kana ni'mat kamerdikaan jeung ni'mat Allah lianna, mangka Allah bakal nambahan ni'mat-Na sakumaha anu didawuhkeun-Na:
وَ اِذْ تَاَذَّنَ رَبُّكُمْ لَئِنْ شَكَرْتُمْ لَاَ زِيْدَنَّكُمْ وَ لَئِنْ كَفَرْتُمْ اِنَّ عَذَابِيْ لَشَدِيْدٌ
Hartosna: "Jeung (sing inget) nalika Pangeran aranjeun cumeluk: „Saestuna upama aranjeun muji sukur, tanwande Kami baris nambahan (kurnia) ka aranjeun, jeung upama aranjeun kupur, nya saenyana siksaan Kami kacida peurihna". (QS. Ibrahim, Ayat 7)
Syukur kana nikmat hartosna henteu ngagunakeunana pikeun maksiat ka Allah. Urang syukur kana nikmat kamerdikaan ieu ku cara ngalakukeun rupa-rupa amal kahadean jeung milampah kahadean ka sasama. Urang syukur kana kamerdikaan ieu ku cara ngalaksanakeun sagala kawajiban jeung nyingkahan sagala larangan Allah. Urang ngalaksanakeun tugas jeung kawajiban urang salaku bapa, indung, anak, salaku salaki, pamajikan, salaku guru, murid, salaku pajabat, rahayat, pamimpin, salaku jalma anu hiru natanggaan, anu hirup di masarakat jeung salaku jalma anu hirup gigireun jalma anu nganut agama sejen. Lamun masing-masing urang apal, ngarti jeung ngalaksanakeun tugas jeung kawajibanana kalawan bener, mangka nagara ieu bakal salawasna aman jeung sejahtera.
Kamerdikaan mangrupikeun ni`mat anu ngabebaskeun urang tina rupa-rupa belenggu. Ni`mat kamerdikaan mangrupikeun panto anu muka ni`mat-ni`mat sejenna. Ku ni`mat kamerdikaan, urang tiasa ngaraoskeun ni`mat ibadah kalayan lauasa. Ku ni`mat kamerdikaan, urang tiasa ngalaman ni`matna diajar sareng ngajar. Ku ni`mat kamerdikaan, urang tiasa ngaraoskeun hirup sauyunan salaku sasama umat, sasama warga, sareng sasama nagara. Sareng ku ni`mat kamerdikaan, urang tiasa ngawangun nagara ieu babarengan. Ku kituna, urang kedah miara sareng ngalestarikeun ni`mat kamerdikaan ieu sasae-saena. Kumaha miara sareng ngalestarikeunana ?. Ku cara teras-terasan ngawangun nagara ieu sareng ningkatkeunana. Urang kawitan ku ngawangun sareng ningkatkeun diri urang sareng kulawarga urang. Teras ngalegaan ka masarakat. Sapertos wangunan, Indonesia diwangun ku bata anu teu kaetang sareng komponen sanesna. Urang sareng kulawarga urang mangrupikeun salah sahiji bata nagara ieu.
Upami sadaya bata sareng komponen sanesna pageuh sareng kuat, maka wangunan bangsa ieu bakal kuat. Sabalikna, upami aya hiji bata atanapi sababaraha bata anu lemah, eta tiasa nyababkeun rapuh sareng lemahna wangunan sadaya nagri, malihan tiasa nyababkeun adaya wangunan runtuh.
Hadirin, Rahimakumullah !
Bangsa ieu sanes ngan ukur daerah geografis, nyaeta darat, cai, sareng udara wungkul. Tapi langkung ti eta, bangsa ieu oge ngawengku jalmi-jalmi anu janten pendudukna, anu dina pananganna nasib bangsa ieu sapertos kumaha. Ku kituna, urang kedah ngutamakeun ngawangun jalmi tibatan ngawangun naon wae. Kumargi pondasi sareng tihang wangunan bangsa ieu teu aya lian ti akhlak anu mulya.
Upami urang mikanyaah nagara ieu, upami urang mikanyaah lemah cai ieu, maka buktikeun cinta sareng kanyaah eta. Nyaeta cinta anu teras-terasan ngadorong urang pikeun teras ngawangun sareng ningkatkeun nagara ieu. Urang ngawangun sareng ningkatkeun nagara ieu ku cara janten jalmi-jalmi anu soleh. Nyaeta, jalma-jalma anu berilmu, beramal, sareng bakti pikeun ngawangun nagara. Jalma-jalma anu soleh bakal ngalahirkeun kulawarga anu soleh. Kulawarga anu soleh bakal nyiptakeun masarakat anu soleh. Janten kasolehan individu bakal nyiptakeun kasolehan sosial. Kasolehan sosial bakal ngajantenkeun nagara ieu aman, damai, sareng sejahtera. Ku kasolehan sosial, sagala bentuk kajahatan bakal pegat.
مَنْ لَمْ يَعْرِفِ النِّعَمَ بِوُجْدَانِهَ عَرَفَهَا بِوُجُوْدِ فُقْدَانِهَا
Hartosna: “ Saha jalmi anu teu ngaraoskeun ni`mat nalika ni`mat-ni`matna masih aya, maka manehna bakal ngaraoskeunna itu ni`mat-ni`mat nalika ni`matna tos teu aya”.
Mugia urang sadaya ku Allah SWT dilebetkeun jalmi-jalmi anu syukur ni`mat, malah mandar ditambih-tambih kani`matanna ku Mantenna.
أَقوْلُ قوْلِيْ هٰذَا وَأَسْتغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ فَاسْتغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ للهِ وَكَفَى . أَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لَا نَبِيَّ بَعْدَهُ . وَأُصَلِّيْ وَأُسَلِّمُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ الْمُصْطَفَى، وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَهْلِ الضِّدْقِ الْوَفَا ـ أَمَّا بَعْدُ فَيَا أَيُّهَا الْمُسْلِمُوْنَ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ . اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ والْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ الْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ . اَللَّهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْبَلَاءَ وَالْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ مِنْ بلَدِنَا هَذَا خَاصَّةً وَمِنْ بلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَّةً إِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيرٌ . رَبِّ اجْعَلْ هَذَا بَلَدًا آمِنًا وَ ارْزُقْ اَهْلَهُ مِنَ الثَّمَرَاتِ . رَبِّ اجْعَلْ هَذَا الْبَلَدَ آمِنًا وَّ اجْنُبْنِيْ وَ بَنِيَّ اَنْ نَّعْبُدَ الْأَصْنَامَ . اَللَّهُمَّ اَصْلِحْ وُلَاةَ اُمُوْرِنَا . اَللَّهُمَّ وَفِّقْهُمْ لِمَا فِيْهِ صَلَاحُهُمْ وَ صَلَاحُ الْإِسْلَامِ وَ الْمُسْلِمِيْنَ . اَللَّهُمَّ اَعِنْهُمْ عَلَى الِقِيَامِ بِمَهَامِهِمْ كَمَا اَمَرْتَهُمْ . اَللَّهُمَّ اَبْعِدْ عَنْهُمْ بِطَانَةَ السُّوْءِ وَ الْمُفْسِدِيْنَ وَ قَرِّبْ اِلَيْهِمْ اَهْلَ الْخَيْرِ وَ النَّاصِحِيْنَ يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ . اَللَّهُمَّ اَصْلِحْ وُلَاةَ اُمُوْرِ الْمُسْلِمِيْنَ فِى كُلِّ مَكَانٍ . رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَ فِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَ قِنَا عَذَابَ النَّارِ. وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

05/08/2026

Nomor : 295
Jumat Ka : 01, Agustus 2026
AJEG DINA BENER

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ اَّلذِي اَنْعَمَ عَلَيْنَا بِنِعْمَةِ الْإِيْمَانِ وَالْإِسْلَامِ .. اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ . وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسُوْلُهُ الْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى ءَالِهِ وَ اَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ . اَمَّا بَعْدُ فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اِتقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَ اَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : فَاسْتَقِمْ كَمَاۤ اُمِرْتَ وَمَنْ تَابَ مَعَكَ وَلَا تَطْغَوْا ۗ اِنَّهٗ بِمَا تَعْمَلُوْنَ بَصِيْرٌ
(QS. Hud, ayat 112)
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Istiqomah teh Nyaeta cepet anceg lempeng dina bener tur angger, sanes angger dina polahna tapi angger dina leresna, margi ari leres teh henteu angger tapi ningali kana Muqtadhol Hal sareng Muqtadlol Maqomna dina hartos ningali kana situasi sareng kondisina, ningali kana taqdir anu nuju karandapan, margi satiap taqdir pasti nyandak shirot, nyandak jalan anu kedah dileumpangan. Jalmi anu istiqomah sanes berarti jalmi anu teu pernah ngalampahkeun dosa sareng lepat, ngan upami ti kosewad kana lepat enggal tobat bari uih deui kana leres, da namina manusa mah aya bae tumiba kana lepat sareng dosa, sareng anu disebat :
مَنْ تَوَالَتْ طَاعَتُه‘
“ Jalmi anu teras-terasan to`at “ teh sanes anu teu pernah dosa sareng lepat.
Hadirin, Rahimakumullah !.
Supados tiasa ngamilik jiwa istiqomah, maka aya sababara perkara anu kedah dipimilik, nyaeta:
1. Kedah ngimankeun, ngayakinkeun kana ayana ancaman Gusti Allah ka jalmi-jalmi anu ngalanggar parentah sareng ngarumpak larangan Mantenna ku mangrupi siksaan dina naraka. Gusi Allah SWT ngadawuh:
بلٰى مَنْ كَسَبَ سَيِّئَةً وَّ اَحَاطَتْ بِهِ خَطِيْۤئتُهُ فَاُولٰٓئِكَ اَصْحٰبُ النَّارِ ۚ هُمْ فِيهَا خٰلِدُوْنَ
Hartosna : “Lain kitu ! Tapi sing saha anu ngalampahkeun kajahatan sarta dirina geus kalimpudan ku kajahatanna, maranehna jadi pangeusi naraka sarta bakal langgeng di dinyana”. (QS. Al-Baqoroh, ayat 81}.
Jami anu leres-leres yakin kana pangancam Gusti Allah bakal ngaraos sieun sarta bakal nebihan larangan Allah, moal wantun-wantun ngahajakeun midamel dosa, boh dosa alit, sumawona dosa ageung. Pidawuh Nu Maha Suci:
وَ الَّذِينَ يُصَدِّقُونَ بِيوْمِ الدِّينِ . وَ الَّذِينَ هُمْ مِنْ عَذَابِ رَبِّهِمْ مُسْفِقُونَ . إِنَّ عَذَابَ رَبِّهِمْ غَيْرُ مَأَمُوْنٍ

Hartosna: “ Jeung anu ngabalenerken kana poe wawales. Sarta maranehna anu rarempan ku siksan Pangeranana. Lantaran saestuna moal aya nu bisa aman tina siksaan Pangeranna ". (QS. Al-Ma arij 26-28)
2. Kedah percanten, ngimankeun kana jangji-jangji ti Gusti Allah pikeun jalmi-jalmi anu iman tur beramal soleh ku mangrupi balesan ganjaran dilebetkeun ka sawarga.
وَ الَّذِيْنَ اٰمَنوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ اُولٰٓئِكَ اَصْحٰبُ الْجَنَّةِ ۚ هُمْ فِيهَا خٰلِدُوْنَ
Hartosna: " Jeung ari jalma-julma anu ariman turta ngalampahkeun amal soleh mah, maranehna jadi pangeust sawarga, turta bakal langgeng di dinyana". (QS. Al-Baqoroh: 82).
Jalmi anu percanten, yakin kana jangji Gusti Allah, yakin kana ayana ganjaran amal soleh, bakal sumanget, khusyu dina ngalakonan ibadah, moal bosenan, moal talangke, moal ngahaja ngadamel alesan-alesan anu jadi panghalang kana ibadah sareng amal soleh.
3. Kedah ngartos, paham kana taqdir anu tumiba, hal ieu supados teu saliru dina ibadah soreng amal soleh, terang mana anu kedah dipayunkeun, mana anu kedah di engkekeun, mana anu karana kadorong ku syahwat sareng mana anu leres-leres karana Allah. Jalmi anu teu terang, teu paham kana tugas dina takdir anu nuju karandapan, bakal lepat metakeun takdir, keuna ku musibat teu sabar, kenging nugraha syukuran. Kadang resep jeung betah dina ibadah anu sunat tapi ninggalkeun anu wajib, Sapertos resep sareng betah dina ngawirid hiji amalan atanapi aorod anu hukumna sunat, tapi kawajiban teu dilakonan. Waktosna pangaosan, tolabul ilmi, tapi kalah nagahajakeun ngahindar diangge nyumponan hanca wirid anu hukumna sunat.
4. Sanggem sareng mampu merangan hawa nafsu, ngalawan pangajak{godaan} syetan anu ngamaksud nyasarkeun manusa dina ibadah sareng amal soleh. Syetan kadang nyampuran ku perkara anu batal nalika ngalaksanakeun hak. Kumargi sakitu manusa teu kenging hilap kana godaan oge tipu dayana syetan sareng pangajak hawa nafsuna.
Eta di antawis jalan kanggo jalmi anu ngagaduhan cita-cita hoyong janten jalmi anu istiqomah. Mugi-mugi urang sadaya ku Gusti Allah SWT dilebetkeun kana rengrengan jalmi anu istiqomah dina enggoning ibadah ka Allah dugi ka akhir hayat, kalebet jalmi anu husnul khotimah bari disarengan pangampura Allah . Aamiin!

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah Kadua
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ حَمْدًا شَاكِرِيْنَ لِنِعْمَةِ اْلإِيْمَانِ وَاْلإِسْلَام ِ. اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُه رَحْمَةً لِّلْعَالَمِيْنَ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ اِمَامِ الْمُتَّقِيْنَ وَعَلَى ءَالِهِ وَاَصْحَابِهِ الَّذِيْنَ كَانُوْا فِيْ جَمِيْعِ اَعْمَالِهِمْ مُخْلِصِيْنَ . اَمَّا بَعْدُ : فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ . اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ . رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا اِنَّكَ اَنْتَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَ تُبْ عَلَيْنَا اِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ . اَللَّهُمَّ افْتَحْ لَنَا فُتُوْحَ الْعَارِفِيْنَ وَ اجْعَلْنَا مِنَ الْمقَرَّبِيْنَ وَ اِمَامَ الْمُتَّقِيْن صَالِحِيْنَ طَائِعِيْنَ لَللهِ و لِرَسُوْلِهِ . رَبَّنَا ءَاتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى اْلءَاخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النارِ وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

31/07/2026

Nomor : 294
Jumat Ka 05, Juli 2026
TAFAKUR

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ وَعَدَ مَنْ اَطَاعَهُ بِجَزِيْلِ الثَّوَابِ وَ اَوْعَدَ مَنْ عَصَاهُ وَ خَالَفَهُ اَشَدَّ الْعَذَابِ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَه‘ لاَشَرِيْكَ لَه‘. وَ اَشْهَدُ اَنّ مُحَمَّدًا عَبْدُه‘ وَرَسُوْلُهُ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ خَاتَمِ النَّبِيِّيْنَ وَ اِمَامِ الْمُرْسَلِيْنَ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَ التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الْمَآَبِ . اَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ بِامْتِثَالِ اَوَامِرِهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : اَلَّذِيْنَ يَذْكُرُوْنَ اللّٰهَ قِيَا مًا وَّقُعُوْدًا وَّعَلٰى جُنُوْبِهِمْ وَيَتَفَكَّرُوْنَ فِيْ خَلْقِ السَّمٰوٰتِ وَا لْاَرْضِ ۚ رَبَّنَا مَا خَلَقْتَ هٰذَا بَا طِلًا ۚ سُبْحٰنَكَ فَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
Hartos ayat anu nembe: “ { Nyaeta } jalma-jalma anu inget ka Allah bari nangtung, bari diuk, bari nyangkere, jeung mikiran perkara diyugakeunana langit jeung bumi, bari nyarita: ‘ Nun Gusti Pangeran abdi sadaya ! Gusti henteu ngayugakeun ieu sadaya kalayan teu kantenan gunana. Maha Suci Gusti ! Kumargi eta mugi Gusti ngajaring abdi sadaya tina siksaan seuneu naraka “. { QS. Ali Imron, ayat 191 }.
Hadirin Ahli Jum’ah, Rahimakumullah !.
Tafakur teh molahkeun hate jeung pikiran pikeun ngemutan perkara-perkara nu tiasa ngabuahkeun kana hate gaduh rasa caket jeung Allah SWT. Tiasa nambih-nambih kakuatan kaimanan. Sohabat `Ali r.a. nyaurkeun:
لَا عِبَادَةَ كَالتَّفَكُّرِ
Hartosna: “ Teu aya ibadah anu bobotna saperti tafakur”. Margina, ladang tina tafakur bakal ngahasilkeun pirang-pirang kasaean. Sapalihna `Arifin nyaurkeun:
اَلْفِكْرَةُ سِرَاجُ الْقَلْبِ فَاِذَا ذَهَبَتْ فَلَا اِضَاءَةَ لَهُ
Hartosna : “ Ari tafakkur teh cacaang hate, maka dimana-mana teu aya tafakkur maka moal aya cacaang hate “.
Kautamaan tafakur sakumaha Pidawuh Kanjeng Nabi Muhammad SAW:
تَفَكُّرُ سَاعَةٍ خَيْرٌ مِنْ عِبَادَةِ سِتِّيْنَ سَنَةً
Hartosna: “ Ari tafakur sasa`at eta langkung sae batan ibadah 60 taun “ { Nashoihul `Ibad kaca 35}
Hadirin, Rahimakumullah !.
Dina hal tafakur, urang sadaya dicegah nafakuran ngeunaan Dzat Allah Ta`ala. Pidawuh Nabi SAW:
تَفَكَّرُوا فِي خَلْقِ اللهِ وَلَا تَتَفَكَّرُوا فِي اللهِ فَتَهْلِكُوْا
Hartosna: " Pikiran ku aranjeun makhluk Allah sareng ulah mikiran dzat Allah, pasti aranjeun bakal binasa." { Nashoihul `Ibad kaca 49}. Rasulullah saw, ngadawuh
إِنَّ الشَّيْطَانَ يَأْتِي أَحَدَكُمْ فَيَقُولُ مَنْ خَلَقَ السَّمَوَاتِ ؟ فَيَقُولُ : اللَّهُ تَعَالَى ، فَيَقُولُ : مَنْ خَلَقَ الْأَرْضَ ؟ فَيَقُولُ : اللَّهُ تَعَالَى فَيَقُولُ مَنْ خَلَقَ اللَّهُ ؟ فَإِذَا أَحَسَّ أَحَدُكُمْ مِنْ ذَلِكَ شَيْئًا فلْيقُلْ : آمَنْتُ بِاللَّهِ وَبِرَسُولِهِ
Hartosna: "Saestuna, Syetan datang ka salah sahiji aranjeun, terus nanya: Saha anu nyieun langit ? Eta jalmi ngawaler: 'Allah!' Teras syetan nanya: Saha anu nyieun bumi?. Dijawab:
'Allah !'. Terus nanya deui: Saha anu nyiptakeun Allah?. Upami ngarasa aya pertanyaan saperti kitu, maka enggal ucapkeun: "Kaula iman ka Allah sareng Rasul-Na". {Tanbihul Ghafilin, kaca 206}
Makhul Ash Syami nyarios: "Sing saha wae anu bade kulem kedah ngemutan naon-naon anu parantos dilakukeun dina dinten eta, upami padamelan sae, maka ucapkeun ‘Alhamdulillah !’, Upami aya ngalakukeun dosa, maka ucapkeun istighfar sareng enggal nyuhunkeun hampura, upami henteu kitu, maka eta jalmi sapertos padagang anu henteu ngetang-ngetang biaya pengeluaran sahingga ngalami rugi bari teu karaos.{Ibid, kaca 207}
Aya hiji pernyataan: "Sing saha wae anu ningali bentang-bentang sareng nitenan kaagungan sareng kakawasaan Allah anu nyiptakeunana, teras anjeunna maca: Rabbanaa Maa Khalaqta Hadzaa Baatilan Subhaanaka Faqinaa `Adzaabannaar {Duh Gusti, Anjeun henteu nyiptakeun sadayana ieu kalayan sia-sia; Maha Suci Anjeun, lindungi kami tina siksa naraka}, maka bakal dicatet pikeun anjeunna amal soleh saloba bentang di langit." {Ibid, kaca 206}
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنّه‘ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah Kadua
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَ نَسْتَعِيْنُهُ وَ نَسْتَغْفِرُهُ وَ نَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ اَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ اَعْمَالِنَا مَنْ يَّهْدِ اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَ مَنْ يُّضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى ءَالِهِ وَاَصْحَابِهِ . اَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَ لَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَ اَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَ اْلأَمْوَاتِ وَ اَلِّفْ بَيْنَ قُلُوْبِهِمْ وَ اَصْلِحْ ذَاتَ بَيْنِهِمْ وَ انْصُرْ عَلَى عَدُوِّكَ وَ عَدُوِّهِمْ . اَللَّهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْغَلاَءَ وَ الْبَلاَءَ وَ الْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَ مَا بَطَنَ مِنْ بَلاَدِنَا هَاذَا خَاصَّةً وَ مِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَّةً اِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْئٍ قَدِيْرٌ رَبَّنَا ءاتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى الْءَاخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النَارِ وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَ الْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

22/07/2026

Nomor : 293
Jumat Ka 04, Juli 2026
PERKARA ANU KEDAH DITEBIHAN

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى اَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّيْنِ كُلِّهِ وَ كَفَى بِاللهِ شَهِيْدًا . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَاِركْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَ عَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ اَمَّا بَعْدُ : فَيَا عِبَادَاللهُ اُوصِيْكُمْ وَنَفْسِى بِتَقْوَاالله . اِتَّقُواللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ اِلَّا وَ اَنْتُمْ مُسْلِمُونَ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ لَهُمْ جَنّٰتٌ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَ نْهٰرُ ۗ ذٰلِكَ الْفَوْزُ الْكَبِيْرُ
" Saenyana jalma-jalma anu arimanturta ngalampahkeun amal soleh, nya pikeun maranehna sawarga anu dihandapna cur-cor walungan, eta teh kaunggulan anu kacida gedena”. (QS. Al-Buruj 85: Ayat 11)
Hadirin Ahli Jum`at, Rahimakumullah !.
Sahabat `Umar r.a. nyaurkeun: 1. Sing saha anu ninggalkeun keleuleuwihi dina nyarios, maka bakal dipasihan hikmah. Dina perkawis ieu Kanjeng Nabi SAW ngadawuh:
لا تَدْخُلُ حَلَاوَةُ الإِيمَانِ قَلْبَ أَمْرِي حَتَّى يَتْرُكَ بَعْضَ الْحَدِيثِ خَوْفَ الْكَذِبِ - الحديث
Artinya: "Manisnya iman tidak akan masuk di hati seseorang, sehinga ia meninggalkan sebagian perkataannya karena khawatir {ada} dusta, walaupun omongan tersebut benar. (HR. Ad Dailamiy}.
Hartosna: “ Amisna kaimanan moal lebet kana hate hiji jalmi, sahingga manehna ninggalkeun sawarehna obrolan karan sieun {tumiba} bohong, sanaos nu dobrolkeun teh leres”. (HR. Ad Dailamiy
2. Saha wae anu nyingkahan kaleuleuwihi dina ningali, bakal dipasihan hate khusyu`. Di antara tanda-tanda hate anu khusyu nyaeta nampi kalawan rela nalika aya nu nyela, nentang atanapi nolak. 3 Saha wae anu nebihan kaleuleuwihi dina barang tuang bakal dipasihan nikmatna ibadah. Kanjeng Nabi SAW ngadawuh:
مَنْ صَبَرَ عَلَى الْقُوَّتِ الشَّدِيدِ صبرا جَمِيلًا أَسْكَنَهُ اللَّهُ مِنَ الْفِرْدَوْسِ حيث شاءَ
Hartosna: "Saha wae anu sabar dina nampi tuangeun anu heuras, Allah bakal nempatkeun eta jalmi di mana wae bagian surga anu dipikahoyong". (HR. Abusy Syekh).
Dina hadits anu sanesna, Mantenna SAW ngadawuh:
أَيْمَا امْرِي اشْتَهَى شَهْوَةً فَرَّدَ شَهْوَتَهُ وَآثرَ عَلَى نَفْسِهِ عُفِرَ لَهُ . رواه الدارقطني
Hartosna "Saha wae anu mikahayang kana hiji kahayang, tapi nahan kahayangna sareng ngutamakeun kapentingan batur tibatan dirina sorangan, maka dosa-dosana bakal dihampura" (HR. Ad Daruquthniy).
4. Saha anu nyingkahan keleuleuwihi dina seuri, maka bakal dipasihan wibawa. Dina ngeunaan seueur seuri, pidawuh Nabi SAW:
إِنَّ الْعَبْدُ لَيَقُولُ الكَلِمَة لَا يَقُولُهَا إِلَّا لِيُضْحِكَ بِهَا النَّاسُ يَهْوِى أَبْعَدَ مِمَّا بَيْنَ السَّمَاءِ وَالْأَرْضِ وَإِنَّهُ لَيزلُّ عَنْ لِسَانِهِ اَشَدَّ ِمَّما يَزِلُّ عَنْ قَدَمَيْهِ . رواه الخراطي
Hartosna: "Saestuna, hiji jalma anu ngucapkeun kecap-kecap ngan ukur kalawan tujuan pikeun ngajadikeun jalma sejen seuri, bakal ragrag leuwih jauh tibatan jarak antara langit jeung bumi, Jeung pasti kecap-kecapna tisoledatna bakal leuwih banget tibatan tijalikeh dua sukuna." (HR. Al Kharaithiy).
5. Saha anu ninggalkeun heureuy, maka bakal dipasihan kamulyaan. Pidawuh Nabi SAW
الصُّمْتُ سَيِّدُ الْأَخْلَاقِ ، مَنْ مَزَحَ اسْتَخَفَّ بِهِ
Hartosna: "Jempe teh mangrupikeun pamimpin dina akhlak, saha wae anu resep heureuy bakal diremehkeun ku jalma." (HR. Ad Dailamiy)
Upami kapaksa kedah heureuy, maka tindakanna kedah kana dua prinsip: Kahiji, heureuy dina raraga kapentingan kaakraban sareng kaharmonisan dina hubungan sosial sareng sasama. Kadua, dina heureuy kedah nebihan naon wae anu ngandung jorok atanapi henteu etis anu tiasa nyababkeun kategangan, papaseaan sareng permusuhan.
6. Saha wae anu nyingkahan kacintaan kana dunya bakal dipasihan cinta akhirat. Ngeunaan cinta ka dunya atanapi akhirat, penting pikeun diuningan yen dunya sareng akherat teh silih pilari sareng dipilari. Jalma anu milarian akhirat bakal diudag ku dunya pikeun kaperyogian ngaladenan rezekina anu cekap. Sareng jalma anu milarian dunya bakal diudag ku akhirat dugi ka sumping maot ngajemput. 7. Saha wae anu nyingkahan nalungtik kalepatan batur bakal dipasihan kasempetan pikeun memeres tina kalepatan nyalira. Ngeunaan cinta nalungtik kasalahan batur. {Nashoihul `Ibad, kaca 54-55}
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَ لَكُمْ وَ لِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُو هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ

KHUTBAH KA DUA

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ اَنْعَمَ عَلَيْنَا بِنِعْمَةِ الْاِيْمَانِ وَ الْاِسْلاَمِ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَه‘ لَا شَرِيْكَ لَهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُه‘ وَرَسُوْلُه‘. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ . اَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَ اَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ . رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا اِنَّكَ اَنْتَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَ تُبْ عَلَيْنَا اِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ اَللّهُمَّ قَوِّ اِيْمَانَنَا وَ حَسِّنْ اَخْلاَقَنَا لِنَيْلِ رِضَاكَ يَا رَحْمَانُ . اَللَّهُمَّ اِنَّا نَسْئَلُكَ الْهُدَى وَ التُّقَى وَ الْعَفَافَ وَ الْغِنَى . رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النَارِ. وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

15/07/2026

Nomor : 292
Jumat Ka 03, Juli 2026
SASIH SAFAR SANES BULAN SIAL

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ وَاسِعِ الْفَضْلِ وَالْاِحْسَانِ . أَشْهَدُ أَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ دَائِمُ الْمُلْكِ وَالسُّلْطَانِ . وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ وَخِيْرَتُهُ مِنْ نَوْعِ الْاِنْسَانِ . أَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَهْلِ الصِّدْقِ وَالْاِحْسَانِ . أَمَّا بَعْدُ: فَيَا عِبَادَ اللهِ أُوْصِيْكُمْ وَاِيَايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ بِامْتِثَالِ أَوَامِرِهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : مَا أَصَابَ مِنْ مُصِيبَةٍ فِي الْأَرْضِ وَ لَا فِيْ أَنْفُسِكُمْ إِلَّا فِيْ كِتَابٍ مِّنْ قَبْلِ أَنْ نَّبْرَأَهَا قلى إِنَّ ذَالِكَ عَلَى اللَّهِ يَسِيْرٌ
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Urang sadaya ayeuna aya dina bulan Safar, bulan kadua dina kalender Islam saatos Muharram. Dina bulan ieu, mungkin masih seueur keneh jalmi anu nganggap tur ngayakinkeun yen bulan ieu teh bulan musibah, bulan sial. Sadaya amal anu dilakukeun bakal aya dina kasialan sareng moal aya hasilna. Anggapan sareng kayakinan ieu tangtos lepat sareng teu saluyu sareng ajaran Islam anu ku urang dianut. Dina Islam, teu aya hiji bulan nu tiasa nyumpingkeun hiji bahaya, kasialan, sareng kagagalan ku sorangan eta bulan. Sagalana tos ditangtoskeun ku Allah SWT, teu aya saurang oge nu tiasa ngahalangan. Hal ieu sakumaha anu ditegeskeun dina Al Qur'an, anu tos diaoskeun tadi, anu hartosna: " Henteu aya bahaya{musibat} di bumi jeung kitu deui henteu di diri aranjeun, anging anu {geus titis tulis} dina kitab, samemeh Kami ngajdikeunna. Saestuna anu kitu teh gampang keur Allah mah”. (QS. Al-Hadiid, ayat 22).
Ayat ieu negeskeun ka urang sadaya yen musibah, ujian, sareng kasialan anu tumiba ka hiji hamba teh sanes diakibatkeun ku bulan nu tangtos, sanes ku bulan Safar atanapi bulan sanesna, tapi tos kacatet dina Loh Mahfuzh, anu tos aya ti zaman ajalina. Kapercayaan yen hiji bulan tiasa nyumpingkeun musibah sareng kasialan kalawan ku dzatiah eta bulan mangrupikeun kayakinan anu lepat, teu leres, sareng Islam henteu pernah ngajarkeun kapercayaan sapertos kitu. Dina hal ieu, Ibnu Rajab al-Hanbali nyatakeun yen bulan Safar sareng bulan-bulan sanesna samasakali henteu ngagaduhan perbentenan. Numutkeun Anjeunna, sakumaha bulan sejen, dina bulan safar tiasa wae tumiba kasaean sareng kaawonan. Cindekna, bulan Safar teu kenging dianggap bulan anu pinuh ku kaawonan jeung musibah, kasialan, tanpa aya kasaean sama sakali. Anjeunna negaskeun:
وَأَمَّا تَخْصِيْصُ الشُّؤْمِ بِزَمَانٍ دُوْنَ زَمَانٍ كَشَهْرِ صَفَرٍ أَوْ غَيْرِهِ فَغَيْرُ صَحِيْحٍ
Hartosna: “Anapon ari ngakhususkeun kasialan ku hiji zaman anu tangtu, sanes ku zaman anu sejenna, saperti (ngakhususkeun) bulan Safar atawa bulan-bulan anu sejenna, maka ieu teh teu bener{lepat}. (Latho-iful Ma'arif, kaca 151).
Ibnu Rajab teu ngalereskeun kana kayakinan kitu, margi sadaya bulan sareng taun teh makhluk {ciptaan} Allah SWT, anu dilebetna tiasa wae aya bencana, kasialan, jeung musibah. Ku alatan eta, teu logis mun musibah ukur dikhususkeun kana bulan Safar sareng ngateuayakeun musibah dina bulan-bulan sanesna. Barometer sae henteuna hiji zaman henteu ditingali ku tina kajadian-kajadian anu lumangsung di lebetna, tapi ditingali naha seueur keneh katatanna atanapi seueur keneh ma`siyatna ka Allah. Ibnu Rajab nyaurkeun:
فَكُلُّ زَمَانٍ شَغَلَهُ المُؤْمِنُ بِطَاعَةِ اللهِ فَهُوَ زَمَانٌ مُبَارَكٌ عَلَيْهِ وَكُلُّ زَمَانٍ شَغَلَهُ العَبْدُ بِمَعْصِيَةِ اللهِ فَهُوَ مَشْؤُمٌ عَلَيْهِ
Hartosna: " Maka Satiap zaman, anu kana eta zaman jalma mu`min nyibukkeun diri ku kata'atan ka Allah, maka eta zaman teh zaman anu barokah pikeun manehna; jeung satiap zaman anu kana eta zaman jalma mu`min nyibukkeun diri ku lampah ma`siat ka Allah, maka eta zaman teh zaman anu teu barokah{sial} ka manehna. (Latho-iful Ma'arif, kaca 151).
Pamendak atanapi kapercayaan ieu saleresna teu tiasa dipisahkeun tina kabiasaan urang Arab Jahiliyyah anu percaya yen bulan Safar teh bulan musibah jeung pinuh ku cobaan. Kapercayaan lepat ieu akhirna ngajadi akar sarta sumebar ka mana-mana. Kanjeng Nabi Muhammad SAW ngabatalkeun{abtola} anggapan sapertos kitu. Mantenna SAW ngadawuh:
لَا عَدْوَى وَلَا طِيَرَةَ وَلَا هَامَةَ وَلَا صَفَرَ وَفِرَّ مِنَ الْمَجْذُومِ كَمَا تَفِرُّ مِنَ الْأَسَدِ
Hartosna: "Teu aya wabah (nu nerekab kalawan kusoranganna tanpa kersaning Allah), oge teu aya tanda-tanda sial, teu aya manuk (tanda kasialan), jeung teu aya (kasialan) dina bulan Safar. Jauhan panyakit kusta saperti anjeun ngajauhan singa". (HR Bukhari , IV, kaca 12).
Aya sababaraha buktos atanapi dalil anu tiasa diangge bantahan kayakinan kaum Jahiliyah yen bulan Safar teh bulan sial. Nyaeta: Nabi Muhammad SAW sateuacan diangkat jenten Rasul Allah nikah ka Sayyidah Khadijah Al-Kubro dina bulan Safar. Nikahna Sahabat Ali ka Siti Fatimah az-Zahra oge dina bulan Safar. Nabi Muhammad SAW hijrah ti Mekah ka Madinah dina bulan Safar. Perang kahiji nyaeta Perang Abwa, lumangsung dina bulan Safar, dimana Muslim ngahontal kameunangan ngalawan kafir. Dina Bulan Safar oge kajadian perang Khaibar anu rongkah, dimana umat Islam ngahontal kameunangan.
Mugia urang ditebihkeun ku Allah Ta`alaa tina kayakinan sesat sareng anu nyimpang tina ajaran Islam. Aamiin !.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَ لِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنِ . أَشْهَدُ أَنْ لَااِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ . وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ آلِهِ وَأَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ أَمَّا بَعْدُ: فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اتَّقُوْا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَ ذَرُوْا الْفَوَاحِشَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ . وَحَافِظُوْا عَلَى الطَّاعَةِ . اَللَّهُمِّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وِالْأَمْوَاتِ . اَللَّهُمَّ اَرِنَا الْحَقَّ حَقًّا وَ ارْزُقْنَا اتِّبَاعَهُ وَ اَرِنَا الْبَاطِلَ بَاطِلًا وَ ارْزُقْنَا اجْتِنَابَهُ اَللَّهُمَّ اِنَّا نَسْئَلُكَ رِضَاكَ وَ الْجَنَّةَ وَ نَعُوْذُبِكَ مِنْ سَخَطِكَ وَ النَّارَ . رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَ فِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَ قِنَا عَذَابَ النَّارِ. وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Address

Ciamis, Indonesia
Ciamis

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when Khutbah Jum'at Bahasa Sunda posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Shortcuts

Share

Category