Ka handap sarung ka luhur make kopeah -
Jauh ti Imah ninggalkeun rasa ka bungah -
Cicing di pasantren ngarah hirup jadi berkah -
Tiap poe ngajii, kitab Qur'an Jeung tilawah -
# # #
Ka tinggalna gelis ngangge tiung sareung gamis -
Ngapal Qur'an kitab sareung elmu hadist -
Bangga jadi santrii, teu ka elehkeun ku artis -
Ka tinggalna maniis, sok sanajan seer kudis -
Hudang sare kudu memeh subuh.
Sok sanajan mata masih tunduh -
Tiap sholat wajib berjama'ah.
Wirid jadi Istiqoomah -
Tuang sareung mandi kudu ngantri -
Sabab eta jadi ciri santri -
Ngaji Jeung sakola tiap hari.
Meh hirup menang pangarti -
nadhom sunda
nadhom Sunda
Kalam Sunda
pujian Sunda zaman dulu
Ciri kiamat teh eta loba dei ~
Mangga gera uraang, itung hiji hiji -
Hiji pamarentaah~ dzolim hente adil -
Lamuun ulamanaa, gees loba NU jahil ~
Yakni bodo teu maake, Kanaa elmu na ~
Sok sanajan ajeungaan loba santrina ~
NU ka dua jalmaa, anuu benghar Bakhil ~
Ka tiluna bakhiil, miskin halal lilil ~
Mangka pastii di naagara silih bedil ~
Henteeu aman ledakan dina mobil ~
Tah iye ciri kiiamah sawarehna ~
Masiih loba Mun dii papay sadayana -
Astaghfirullooh, robbal Barooyaa -
Astaghfirullooh, minal khotoya -
Astaghfirullooh, robbal Barooya -
Astaghfirullooh, minal khotoya -
Ku maalakal maut, yawa geus dii cabut -
Tuluy di pasrahkeun, ka rencangna rebut -
Malaikat karasep, sarareungit -
Nyandak yawa Bagja, ka luhur ka langit -
Nyandak yawa Bagja, ka luhur ka langit -
Gancang leuwih Batan, kilat senang sening -
Ku sadaya di buubungah, henang hening -
Pada ngalem Kabeh anu di liiwatan -
Ku marhaban bikum, waman ma'kum kutan -
Ku marhaban bikum, waman ma'kum kutan -
Amal Hade kayaa, sholat Jeung sedekah -
Saum dzikir macaa, Qur'an NUu barokah -
Hingga di hedeusan, ku hadrot illahi -
Di parios di haammpura dinugrahi -
Di parios di haammpura dinugrahi -
Teras di pulangkeun, deui Kana jasad -
Mugi Bae uraang, di pasihan Rosyad -
Di pasihaan nikmaat, kubur NU pohara -
Gusti Allah anuu, maha kawasa -
Gusti Allah anuu, maha kawasa -
Yawa NU cilakaa, ku zabaniyah -
Banget keras bangeet, kejam heunteu goyah -
Di bawa ka langiit rejeung bau pisan -
Tina amal jaraarahat eweuh sopan -
Tina amal jaraarahat eweuh sopan -
NU ka liwat kabeeh, ngala'nat teu s**a -
Lawang langit tetep teu di buka -
Bongan ker hirupnaa, teu migawe sholat -
Sok doraka Taraa ngaji Tara zakat -
Beuki pisan ngalaakonan maksiat -
Tuluy di babetkeun, ka handap di hajar -
Hingga datang Kanaa, jasad kurang ajar -
Jasad di belengguu~, di tenggeul di hajar -
Bongan hirup di Dunya na teh sasar -
Bongan hirup di Dunya na teh sasar -
Astaghfirullooh, robbal Barooyaa -
Astaghfirullooh, minal khotoya -
Astaghfirullooh, robbal Barooya -
Astaghfirullooh, minal khotoya -
Ku bismillah di kawitan -
Abdi ngadameul syi Iran -
Kisah tentaang kejadian ~
Gempa bumi dahsyat pisan
Kaping dua puluh hiji -
Di ci anjur tos terjadi -
NU di sebut gempa bumi ~
Pakewuh sadaya jalmi
Dinten Senen NU Harita -
Sakitar satengah dua -
Ci anjur di terpa gempa ~
Matak geruh sararea
Seeur NU jaradi korban -
Imahna ancur ancuran -
Harta Banda teu hargaan ~
Mobil mewah katindihan
Tanah longsor campur hujan -
Palebah cu genang pisan -
Malah mobil karungkupan ~
Jalmi na Aya limaan
Tidinya ngabring bantosan -
Katuangan Jeung mie instan -
Di jalan ge maregatan ~
Sugan Aya NU masihan
Sedihna ka bina bina -
Seueur NU leungit bumi na -
Malah nu hilang putra na ~
Oge hilang carogena
Ieu mangrupi pepeling -
Pados urang teh areling -
Panan hente daek cicing ~
NU maksiat cing kuriling
Gawe dosa tos biasa -
Ngarasa hente doraka -
NU Matak Allah teh murka ~
Hingga nurunkeun pilara
Bumi ci anjur teh hancur -
Di parake ngadon lacur -
Hirupna euweuh ka paur ~
Ngararumpak Kana jalur
Mugi sing janteun panegur -
Ka rakyat kota ci anjur -
Tobat ka Allah NU luhur ~
Hirup sing meunang di atur
Moga Rahmat Jeung ridho na -
Teu hilap pangampura na -
Di pasihkeun saageung na ~
Ka rakyat ci anjur utama
Taufiq sareung hidayah -
Mugi sing berlimpah ruah -
Ka kami anu gagabah ~
Mugi Gusti nga ijabah
Hayu urang aristighfar -
Ka Allah NU maha Ghofar -
Malah mandar kenging i'bar ~
Hingga dosa urang lubar
Aamiin allohumma aamiin -
Aamiin ya rabbal alamiin -
Yasir Lana umurona ~
Waghfirlana dzunubana
Kuu bismillah di kawitan -
Alhamdulillah sareungan -
Ku sholawat sareung salam.
Ka nabi akhiru zaman.
Kaa nabi akhiru zaman --
Di teraskeun ku nadhoman -
Pamugi janten kenangan -
Khusus na NU pangantenan.
Umum ka sadaya Ikhwan.
Uumum ka sadaya Ikhwan --
Maksadna abdi sadaya -
Ka telah rencangna tea -
Gotong ngadorong du'a na.
Kanu Bade rumah tangga.
Kaanuu Bade rumah tangga --
Ya Allah Mugi ngabulkeun -
Ka du'a NU di suhunkeun -
Pamugi sing di janteunken.
Panganten di maslahat keun.
Paangaanten di maslahat keun --
Di Dunya masing bahagya -
Sumawon na di akherat na -
Sakinah mawadah tea.
Di tambih Jeung warohmah na.
Dii taambih Jeung warohmah na --
Sareng Gusti sing ngidzinan -
Kanu rengse perakadan -
NU ayeuna di dangdanan.
Calik Dina pelaminan.
Caaliik Dina pelaminan --
Yakin bangun rumah tangga -
Jiga raja anu Mulya -
Hoyong tuang di sumangga.
Leueutkeun Sagala Aya.
Leeueeutkeun Sagala Aya --
Mugi Gusti sing ngucuran -
Ti kawitna pertikahan -
Entong sepi kabagjaan.
Ku Rohman Jeung kawelasan.
Kuu roohman Jeung ka welasan --
Sareung Gusti tong masihan -
Cocobi NU beurat pisan -
Ka panganten NU pasangan.
Anu nuju bubungahan.
Aanuu nuju bubungahan --
Upami Gusti masihan -
Cocobi ka yeu panganten -
Sing kiatkeun ka imanan.
Pasihan ka tawakalan.
Paasiihan ka tawakalan --
Gusti NU maha kawasa -
NU ngatur Kana sadaya -
Dina hirup rumah tangga.
Mungi sing tong pasalia.
Muugii sing tong pasalia --
Cara hirup rumah tangga -
Gusti rosul anu Mulya -
Ka Siti Khodijah tea.
Dina pada bahagia.
Diinaa pada bahagia --
Kitu dei masing cara -
Shohabat Ali namina -
Ka putri rosul gerwana.
Fatimah jenengan Nana.
Faatiimah jenengan Nana --
Di cekapkeun pituturna -
Ti rencangan sadayana -
Mugi Aya manfaatna.
Kanu Bade rumah tangga.
Kaanuu Bade rumah tangga --
Pamugi sing ngahampura -
Ka jalmi NU nga du'a na -
Sareung jalmi NU macana.
Dina kirang Jeung langkungna.
Diinaa kurang Jeung langkungna --
Di tutup ieu nadhoman -
Gusti sing ngijabah pisan -
Khusus Kanu pangantenan.
Umumna sadaya Ikhwan.
Uumuumna sadaya Ikhwan --
Barokallohulakuma -
Wabaroka 'alaykuma -
Barokallohulakuma.
Wajma'a baynakuma.
fil Khoir.
Boga anak tawa incu -
Kade rek teu puguh laku -
Kedah didik buru buru ~
Supaya bogaeun elmu
Wajibna milari elmu -
Tapi elmu na NU perlu -
Jang menerkeunn tingkah laku ~
Ibadah moal tumamu
Tanpa didikan agama -
Hirup na sak**a k**a -
Sok mawa kaana doraka ~
Di akhir pasti cilaka
Dulur dulur sadayana -
Putra didik saenyena -
Sena bisa ngarajina ~
Supaya bener hirup na
Niatan karena Allah -
Rek ngahirupkeun, agama Allah -
Rek nanjeurkeun, agama Allah ~
Eta jalan Sabilillah
Taya taktik keur berjuang -
Sangkan agama cemerlang -
Iwak nga didik putra urang ~
Kana hukum Sina teurang
Niat urang Kade lepat -
Tujuan Dunya akherat -
Kade urang rek ka bengbat ~
Ku sistim bijil ti barat
Mun geus niru urang barat -
Jadi lampah na maksiat -
Warani nembongkeun aurat ~
Ku Allah pasti di laknat
Mun putra tanpa didikan -
Sok nyieun ka berengsekan -
Laku lampah na teu sopan ~
Ka sepuh wani ngalawan
Akibat Tina tontonan -
Eta jadi mangaruhan -
Robah na ka budak nyaan ~
Jadi kosong pangajian
Geura di zaman Kiwari -
Loba budak NU teu ngaji -
Kana ngaji api api ~
Teu cara lalajo tivi
Lain nyaram nempo tivi -
Tapi masing ati ati -
Kade rek ninggalkeun ngaji ~
Bisi teu boga pangarti
Pangarti dasar agama -
Ilmu na alim ulama -
Mun tanpa ilmu ulama ~
Eta jalma kawas domba
Sapalih para sepuhna -
Mun budak kecil ngajina -
Teu Aya tanggung jawab na ~
Kitu di zaman ayeuna
Kiwari loba bebenjo -
Barudak resep lalajo -
Komo mah Aya Vidio ~
Kana ngaji jadi poho
Barudak geus pada teungil -
Kana ngaji jadi nihi -
Mimitina lalal lilil ~
Tungtungna ngalagu tilil
Cek muda mudi mah top -
Dimana aya bioskop -
Komo Aya selekta pop ~
Ngaji mah jadi ka setop
Tuntutan jadi tontonan -
Tontonan jadi tuntutan -
Ayeuna geus kanyataan ~
Urang barat di turutan
Dulur di zaman Kiwari -
Masing bisa mawas diri -
Caketan para kiyai ~
Putra didik Sina ngaji
Kanjeung nabi tos ninggalkeun -
Dua rupi ngaramalkeun -
NU dua moal nyasarkeun ~
Anu bakal nyalameutkeun
Al Qur'an NU kahijina -
Ka dua Sunnah nabi na -
Sing pageuh anjeun nyeukeulna ~
Kade anjeun rek lesotna
Sareung nabi tos amanat -
Ceukeul Sunnah masing kuat -
Jeung Sunnah para sohabat ~
Anu tos kengeng Hidayat
Ceukeul aturan agama -
Turut nasehat ulama -
Piwuruk na tararima ~
Ngarah teu keuna ku hama
Turut ulama akherat -
NU mawa Kana maslahat -
Dunya sareung akherat ~
Supaya urang salamet
Ulama akherat cerdik -
Mere papatah nga didik -
Kana hukum leuwih tolik ~
Bari waro'sarta apik
Dulur Kade arek milu -
Turut Kana hawa nafsu -
Milu ka ulamaa su' ~
Mun milu anjeun ka tipu
Cirina ulama~ su' -
Mawa hukum Kana nafsu -
Aturan di liku liku ~
Mementingkeun esi saku
Sepanjang hidup di Dunya ~
Hate jasad sareung jiwa ~
Kade bisi pasalia ~
Sareng ajaran agama ~
Kade bisi pasalia ~
Sareng ajaran agama ~
Dimana ajal geus datang ~
Raya peuting taya beurang ~
Urang henteu bisa mumpang ~
Teu bisa di halang halang~
Urang henteu bisa mumpang ~
Teu bisa di halang halang~
Kade urang bisi poho ~
Margi ajal ngadodoho ~
Nga dadak taya tempo ~
Taya manusa NU nyaho ~
Nga dadak taya tempo ~
Taya manusa NU nyaho ~
Sanajan hirup ker betah ~
Nyawa Jeung badan papisah ~
Nga bujeung ka alam barzah ~
Mungkin bungah mungkin sudah ~
Nga bujeung ka alam barzah ~
Mungkin bungah mungkin sudah ~
Saha jalma NU ngabela ~
Harta Banda raja kaya ~
Putra sareung kulawarga ~
Henteu daya teu upaya ~
Putra sareung kulawarga ~
Henteu daya teu upaya ~
Dimana manusa maot ~
Sagala amalna pegat ~
Ngan elmu anu mangfaat ~
Terus ngocor ka akherat ~
Ngan elmu anu mangfaat ~
Terus ngocor ka akherat ~
Sareung putra anu Sholeh ~
Anu terus mikanyaah ~
Henteu elat na ibadah ~
Kersa nga du'a ka Allah ~
Henteu elat na ibadah ~
Kersa nga du'a ka Allah ~
Nyakitu amal jariyah ~
Tangtu ngocor moal salah ~
Bisa nambahan ka bungah ~
Oge ngurangan ka susah ~
Bisa nambahan ka bungah ~
Oge ngurangan ka susah ~
*syairan alam Dunya*
AUDZUBILLAHIMINAS SYAITOON NIR ROJIIM
INNALLOHA WAMALAA IKATAHU YUU SHOLU NA ALANNABI
YAA AYYUHALAZDINA AMANU SHOLU ALAIHI WA SALIMU TASLIMA
Alam Dunya geus paciweuh
Bencana datang ngereuyeuh
NU maksiat beuki maceuh
NU ibadah beuki euweuh
Alam Dunya beuki keu'eung
Loba jalma NU malaweung
NU doraka beuki anteng
Kana ibadah teu mayeng
Alam Dunya beuki ruksak
NU doraka pabalatak
Pamarentah geus teu mihak
Ka umat Islam geus nincak
Alam Dunya geus pakewuh
Ku bencana angin puyuh
Loba tangkal anu rubuh
Katut Imah ge raruntuh
Alam Dunya beuki ancur
Jalma jalma geus lalacur
Silih hewa'an Jeung dulur
Poho Kana alam kubur
Alam Dunya beuki poek
Geus loba jalma NU pasek
Umat Islam silih ledek
Ka ulama wani ngadek
Alam Dunya beuki angar
Loba jalma anu sasar
Kana takdir geus teu sadar
Maksiat di anggap wajar
Alam Dunya geus teu ca'ang
Loba beja anu mang mang
Ngabohong geus teu ka palang
Berita geus nyararimpang
Alam Dunya moal anggeur
Pasti engke bakal eundeur
Gunung bakal alalunggeur
Manusa bakal lalieur
Alam Dunya geus teu anggeur
Loba jalma anu lieur
Ka pasantren beuki minder
Kana sholat ngabalieur
Dunya teuh geus Nini Nini
Jalma maksiat warani
Anu Matak loba lini
Akhirna jadi tsunami
Ku Dunya loba KA bengbat
Mun roh kaburu sakarat
Moal di tarima tobat
Cilaka Dunya akherat
Masjid mah ngajararepeg
Jama'ah na ukur karpet
Ngisi kotak amal koret
Akhirna hirup samporet
Dunya geus tereh kiamat
Awewe ngaku muslimat
Tapi tara nutup aurat
Kade ka buru sakarat
Dunya geus tereh kiamat
Hayu gancang Geura taubat
Geura jauhan maksiat
Meh Bagja Dunya akhirat
Robbana zholamnaa anfusanaa
Wailam tagfirlana
Watarhamnaa lana Quunannaa
Minal khosiriin
*ka YA'AH INDUNG*
Bismillahirrahmanirrahim
Iyeu teh hiji nadhoman
Tentang indung NU teladan
Anu teras di riweuhan
Sabarna Taya bandingan
Di ibakan di wedakan
Di huapan di inuman
Di simbutan di kekeupan
Mun ateuleun di garoan
Komo Mun anak teu damang
Indung mah nikeun hariwang
Hate indung hari henteu tenang
Mun anak teu acan damang
Tah kitu indung ka YA'AH na
Ka anak Taya Bates na
Dugi anak dewasa na
Indung teu leungit YA'AH na
Indung terus nga do'a na
Nga do'a Keun ka anak na
Sangkan salamet anak na
Di Dunya Jeung akherat na
Tapi Mun indung teu damang
Anak mah Tara hariwang
Indung ceurik nahan nyeuri
Tapi anak teu paduli
Teu inget Kana jasa na
Indung sakitu cape na
Ngurusan ti oorok na
Dugikan Keun geus baleg na
Salapan bulan kandungan
Najan nyeuri ngalahirkeun
Di ogoan di gede Keun
Tos dewasa di tikah Keun
Ka anak cing bararisa
Ka indung mulyakeun jasa
Najan henteu sakumaha
Minimal tong nga nyerikeun na
Manah indung di Bungah keun
Hirup indung di senang Keun
Cukup pas orok yusah Keun
Dewasa sing ngaBagja keun
Cerik indung tiap peuting
Demi ngurus na anaking
Kajeun cape teu di rasa
Asal anak sare tibra
Ti mimiti anak lahir
Ka susah indung haladir
Dahar sare NU berkurang
Demi anak NU di sayang
Henteu ka ukur nyesel na
Lamun indung tos teu Aya
Karna pas indung hirup na
Can pernah ngajien Bagja
Matak ayeuna YA'AH na
Mumpung aya kasempetan
Karasa mah teu ku batur
Lamun indung geus di kubur
Sayiran iye di serat
Khusuna pikeun nasihat
Wahai dulur Jeung kerabat
Pamugi iyeu manfa'at
*dunia tipu tipu*
Bismillahirrahmanirrahim
Lamun teu apal aturan
Dunya teh jadi tipuan
Di pake katakaburan
Poho nyembah ka pangeran
Hey dulur NU iman Islam
Lenyepan Kade sing paham
Ulah Ngan ukur na baham
Tong nurutan akhlak Hayam
Coba Hayam tafakuran
Di mana we NU ngawuran
Sok ngabintih babaturan
Sabab teu boga pikiran
Hey dulur anu Kiwari
Sing nyara'ah Kana diri
Anu ngaku boga ciri
Ulah hirup kawas Meri
Coba Meri tafakuran
Libur cai kokojayan
Teu apal dasar lautan
Ukur di sada Wek Wek an
Jaga iman pada pada
Kade urang sing waspada
Syetan teu ereun ngagoda
Ngarah urang siga kuda
Coba kuda tafakuran
Di gawe Keun di pecutan
Hasil ukur kabagean
Hu'ut jukut NU di hakan
Sabab eta mah hayawan
Anu teu boga pikiran
Asal sebeuh berang dahar
Teu apal nyembah pangeran
Sanajan kitu teu salah
Sabab teu wajib ibadah
Hukum moal ngulah ngulah
Moal di hisab di barzah
Pantes kitu nateh Sato
Kade tong di alap conto
Teu kaop di buka panto
Hayam sok ngacak boboko
Urang kudu ati ati
Ngajaga iman ka Gusti
Kudu yakin Dina ati
Nepikeun ka bawa mati
Ulah Ngan ukur akuan
Ngaku iman ka pangeran
Teu nurut Kana aturan
NU Aya Dina Al Qur'an
Kanu masih awas suci
Qur'an teh kudu di baca
Pek ti mimiti nga hanca
Pake eunteung kawas kaca
Ari Qur'an teh pituduh
Keur NU Anom anu sepuh
Juz na Aya tilu puluh
Pake ku urang nyawu'uh
Hampir tiap tiap ayat
Kudu bener tong maksiat
Kalayan seueur riwayat
Ancaman Tara sholat
Al Qur'an teh bacaan
Eta Wahyu ti pangeran
Anu nampi nabi pisan
Eta pang saena pisan
Anu kacida tawadho
Di hina ku jalma bodo
Tetep anjeuna mah ridho
Nampi rupi rupi qodho
Ngalakonan perihatin
Nya'aahna ka fakir miskin
Di lahir dugi ka Bathin
Shobat na para Sholihin
Anjeuna nabi di hormat
Kacida nya'aah ka umat
Bade maparin syafa'at
Jaga di poe kiamat
Dina perjuangan na
Moal ka etang seueur na
Gening dugi ka ayeuna
Manfa'at sateuteras na
*Nasihat pikeun NU jomblo*
*Pikeun NU telat jodoh na~*
*Ulah ngaraosken hina~*
*Malah mah Kedah bahagia~*
*Sabab jauh Tina dosa~*
*Jodo Pati- ejeung baja~*
*Eta Aya NU ngatur na~*
*Anging Allah NU kawasa~*
*Urang kantun Ikhtiar na~*
*Supados deet- jodo na ~*
*Tong liren Dina nga du'a ~*
*Cing yakin Dina manah na~*
*Eta syarat ijabah na~*
*Penta ka Allah ta'ala~*
*Dina saba'da sholat na~*
*Barengan ku Ikhtiar na~*
*Insyaallah Kengeng jodoh na~*
*Pami ka pendak jodoh na~*
*Penta ka ibu Rama na~*
*Datangan ka aranjeun na~*
*Sok bawa ka KUA na*
*Sabab cinta NU leres na~*
*Lain Ngan ukur lisan na~*
*Di barengan Jeung manah na~*
*Te ka luar na hukum na~*
*Lamun bener urang yaah~*
*Sok atuh gera di tikah~*
*Ulah Ngan janji serapah~*
*Ngadon nambahan masalah*
Allahumma sholli ‘alaa
Sayyidinaa Muhammadin
Wa aalihi Wa Shohbihi
Wa sallim wa barik ‘alaih
Lumpat sakabeh jalma
Di udag-udag naraka
Taya pisan nu ngabela
Anging amal keur di dunya
Lumpat sakabeh jalma
Muruna ka nabi Adam
Menta tulung jeung Syafa’at
Nabi Adam teh ngadawuh
Aduh karunya teuing
Boro-boro nyafa’atan
Kaula ge ekeur susah
Tuh sugan ka nabi Nuh
Lumpat sakabeh jalma
Muruna ka nabi Nuh
Menta tulung jeung Syafa’at
Nabi Nuh teh ngadawuh
Aduh karunya teuing
Boro-boro nyafa’atan
Kaula ge ekeur susah
Tuh sugan ka nabi Ibrahim
Lumpat sakabeh jalma
Muruna ka nabi Ibrahim
Menta tulung jeung Syafa’at
Nabi Ibrohim ngadawuh
Aduh karunya teuing
Boro-boro nyafa’atan
Kaula ge ekeur susah
Tuh sugan ka nabi Musa
Lumpat sakabeh jalma
Muruna ka nabi Musa
Menta tulung jeung Syafa’at
Nabi Musa teh ngadawuh
Aduh karunya teuing
Boro-boro nyafa’atan
Kaula ge ekeur susah
Tuh sugan ka nabi ‘Isa
Lumpat sakabeh jalma
Muruna ka nabi ‘Isa
Menta tulung jeung Syafa’at
Nabi ‘Isa teh ngadawuh
Aduh karunya teuing
Boro-boro nyafa’atan
Kaula ge ekeur susah
Tuh sugan ka kanjeng nabi
Lumpat sakabeh jalma
Muruna ka kanjeng nabi
Menta tulung jeung Syafa’at
Kanjeng nabi teras sujud
Sujud ka yang agung
Nyuhunkeun Syafa’at gusti
Gusti Allah teh nimbalan
Pek ku anjeun Syafa’atan
Cengkat dina sujud
Kanjeng nabi teh ngorejat
Narajang naraka galak
Naraka ampun careurik
Hanjat ka meja hejo
Kanjeng nabi ngahukuman
Dina waktu genep zaman
Jalma rengse sadayan
Click here to claim your Sponsored Listing.
Location
Category
Telephone
Website
Address
Jalan Raya Cikalong Wetan Kabupaten Bandung Barat
Bandung
40556